Mistéri Lembur Cipeuting (4)

“Kacindekanana, najan nu boga warung nitah mondok, urang mah kudu balik. Ngan saratna kudu meunang heula béngsin. Déwék geus nanyakeun, cenah nu aya béngsin téh di lembur Cipeuting. Ti dieu mah kira-kira sapuluh menitan. Tah, wadahna geus nginjeum ka nu boga warung. Pangna déwék ngageuingkeun téh, bisi silaing reuwas pédah dina mobil euweuh sasaha. Enya, dagoan wé di dieu, mun rék bari ngopi di warung, dipangmesenkeun. Déwék rék néangan heula béngsin…”

Mistéri Lembur Cipeuting (3)

Ku A. Sundira

ENYA wé, sanggeus leumpang aya kana saratus méterna, reyem-reyem kaciri tangkal caringin, najan ukur ketémbong belegbegna. Teu kabeneranana téh, di langit euweuh béntang-béntang acan. Éstuning meredong téh lain bobohongan. Mawa sentér téh kalah ka nambahan keueung deuih. Sok sieun nyorot nu teu pararuguh.

ua-sas-dede-kosasih-medar-t.thumbnail.jpgMang Ayat (Prof. Dr. Ayatrohaédi) suwargi kungsi ngindonésiakeun istilah toponimi jadi widyaloka. Hartina mah éta-éta kénéh, nyaéta élmu ngeunaan asal-usul ngaran patempatan. Toponimi téh bagian tina onomatologi—aya deui nu nyebut anomastika (onomastics)—, nyaéta élmu ngeunaan sajarah ngaran.

Pikeun ngaguar ieu perkara, tangtu baé kudu weweg élmuna, teu kaci ari ningalina ngan tina hiji aspék mah. Malah mah kudu terang kana kasang tukang folklore nu aya di sabudereunana.

Kakawasaan

Kakawasaan (power) téh sipatna abstrak, tapi gedé pangaruhna kana kahirupan dina hirupkum­buh. Aya kakawasaan formal, anu dicekel ku jalma-jalma nu dibarendo, calik jadi ménak (pejabat) pama­réntah atawa nagara. Aya kakawasaan infor­mal, anu kapanggih di diri para tokoh masarakat, anu sanajan henteu nyangking kalunggguhan formal pama­réntahan, tapi sagala omongan sarta paréntahna diéstokeun ku balaréa. Biasana jalma nu kitu disebut kagungan karisma, atawa tokoh karis­matis.

Nguyang Dahareun Sadunya

TAUN 2009 nu ukur bubulanan deui, pangeusi alam dunya bakal ngalaman nguyang. Kaku­rang­an dahareun. FAO, lembaga nu ngurus kaayaan pangan di PBB, geus nuduhkeun sabab-sabab pangna kajadian kitu. Nya­éta gagal panén, gangguan ben­cana alam, jeung sasayagian bi­nih nu beuki samporét. Réa akibat nu baris karandapan, nya­éta ngagejrétna produksi pangan jeung mumbulna harga kaperluan sapo­poé. Lian ti paré, gandum jeung jagong, dahareun séjén gé baris kabawakeun sisip. Kaasup bangsaning dadagingan. Akibat nu leuwih parna, manusa bakal nyanghareupan kakurang­an pro­té­in héwani jeung nabati, tur nandangan kasakit nu tacan aya piubareunana.

Cupumanik No. 59/Juni 2008

Cupumanik No. 59Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna, lantaran teu cumpon ku nyawang ngan tina salah sahiji aspék wungkul. Kudu dijujut tina rupa-rupa béja nu nyampak di satukangeunana. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi?

Cupumanik nomer ieu midangkeun seratan sabudereun sarsilahna patempatan di ditatar Sunda. Kawitna ieu jejer kungsi disawalakeun di Pusat Studi Sunda, dipedar ku Elin Samsyuri sareng Dédé Kosasih.

Landong Baeud - Bagian 3

Geus dua bulan Propésor Étom dirawat ku Dokter Rastam. Teu gering teu naon, éstuning jagjag belejag. Pangna dirawat téh éta cenah, pédah kasakit limpeuranana kanceuh deui. Mangkaning keur ngahanca panalungtikan nu penting pisan keur balaréa.

Sajeroning ngubaran, Dokter Rastam ngeprik anak buahna, nepi ka tujuhan. Propésor dijaga beurang-peuting, dalah keur saré gé dikemitan. Pangna kitu, bisi tina kasakit pohoan téh aya kajadian nu matak nyilakakeun Ki Propésor. Tapi ari geus mangsana, nya geletuk wé maot.

Nu Aruntung

Kolom Agama Shafa Syahidah

RÉRÉANA urang sukuran téh mun pareng parek rejeki, dipaparin kahampangan tina masalah, atawa sukur lantaran dipaparin keséhatan jeung kasalametan. Suksés dina gawé, laksana naon nu diseja, narima honor, peunteun alus, pamajikan ngajuru sarta boga budak, pangkat naék, ujian lulus, dibéré karinganan mayar hutang, jst. Tapi kumaha mun teu suksés, peunteun goréng, pangkat teu naék, ujian gagal, hutang nambahan, atawa awak gering waé najan geus pulang anting tatamba ka dokter? Naha urang teu perelu sukur? Mun perelu, naha naon atuh nu kudu disukuranana?

Sateuacanna »