Sérseu

Carpon Lugiena Dé

gambar-serseu.jpgBASA hapé ditutup, haté geus mimiti medenghel. Asa ku taya ombér pisan tuda. Keukeuh wé, carékna kudu téh kudu. Teu bisa ditawar deui.

“Rubrik kriminal hiji deui. Wayahna ngundeur heula,” pokna, cikénéh dina télépon.

Beusi Ayat Gusti

lg-irfan-beusi-01.jpgTuluy, lamun urang ngitung kecap “Allah” ti ayat munggaran Surah Al-Hadid tepi ka ayat 25 (nu aya kecap “hadid”), horéng kecap “Allah” téh muncul 26 kali, luyu pisan jeung nomer atom beusi (jumlah proton dina inti atom beusi). Subhanallah! Paingan Allah ngadawuh: “Saéstuna nu sieun ka Allah ti antara abdi-abdiNa ngan jalma-jalma nu baroga élmu.” (Surah Fathir 28).

Mancakaki

Sapamanggih, urang Sunda mah umumna boga sikep positif kana kabiasaan mancakaki. Cindekna, dianggap merenah. Ieu téh bisa katengetan upamana dina sawangan Ajip Rosidi (Pancakaki, 1996). Tapi naha bener mancakaki téh mibanda konsép nu mulus? Ti antara pamanggih nu pernah katiténan, mancakaki dianggap perlu pikeun ngaraketkeun duduluran, manjangkeun silaturahmi. Saha nu kaabotan atuh kana perkawis ieu mah. Tapi urang tetep kudu waspada kana akibat négatif nu bisa jadi aya mamalana. Jeung kudu ditarékahan panyinglarna.

PPDG téh ngadeg taun 1915, nu naratasna H. Ahmad. Harita mah pola atikanana tradisional kénéh. Ieu pasantrén terus dikokolakeun ku KH. Ishaq Asy’ari, putrana H. Ahmad. Najan ngadeg dina jaman jajahan, Pasantrén Darussalam réa nu ngadeugdeug, ku nu rék ngalap élmu. Taun 1950-an, basa keur meumeujeuhna harénghéng, kagiatan pasantrén rada kaganggu. K.H. Ishaq Asy’ari kapaksa ngungsi ka Bandung nepi ka pupusna di Bandung taun 1954. Nya taun éta kagiatan pasantrén téh pareum.

Nu Kokoro

KOKORO téh miskin téa. Malah sakapeung mah sok diémbohan jadi kokoro nyoso malarat rosa, hartina miskin kabina-bina. Jalma kokoro sok dipapandékeun ka nu dahar soré henteu isuk, hésé néangan sandang pangan. Sababna mah bisa rupa-rupa, lantaran teu boga pagawéan, atawa (mun di lembur) keur kaserang paceklik panjang.

Kudu Walatra

Ari kabeneran nyaba ka kota Kuningan, atawa kukurilingan di kabupatén Kuningan cara di Luragung, Linggarjati jeung sajabana, haté sok henteu weléh muji ku sabab jalan-jalan anu diliwatan, sanajan sakapeung aya nu rada ruksak, tapi umumna laleucir, jiga anu henteu weléh ditalingakeun, gancang dibenerkeun lamun aya nu korowak sautak-saeutik, komo anu di jero kota mah.

Asep Rumimat, Duddy R.S., Hawé Setiawan, Mamat B. Sasmita, jeung T. BachtiarSakumaha nu kungsi diémbarakeun, Yayasan Pusat Kebudayaan (YPK) gawé bareng jeung Pamaréntah Propinsi Jawa Barat baris ngalélér anugerah ka lima pangarang Sunda. Saha-sahana nu meunang anugerah, méméhna mah éstuning dibuni. Kakara diumumkeun téh peuting tadi, Juma’ah 9 Méi 2008, di gedong YPK Jl. Naripan No. 7 Bandung.

“Kiwari” Dilélér Muri

R. Dadi P. DanusubrataDina Féstival Drama Basa Sunda X 2008, kungsi aya nyarita, sigana pantes mun Téater Sunda Kiwari (TSK) dilélér pangajén ku Museum Rékor Indonésia (MURI). Nepi danget ieu tacan nu ngayakeun féstival drama, komo dina basa daérah mah, nu lilana nepi ka 20 poé.

« Saterasna - Sateuacanna »