Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS 2008

PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda taun ieu ngayakeun saémbara ngarang sajak Sunda. Teu béda ti saémbara méméhna, ieu saémbara téh ngajembaran jeung ngahudang kréativitas pangarang kana karya sastra Sunda.

Tingtung IwungSENI tradisi dihirupkeun deui. Ayeuna mah barudak ngora nu makalanganana téh. Dina “Konsér Karawitan Muda Indonésia”, seni karawitan ti sawatara sélér di Indonésia, dipidangkeun di Jakarta. Nu tatabeuhan jeung nu ngahaleuangna gé réréana mah barudak jeung rumaja. Saha wawakil ti Tatar Sunda?

Diajar Nyuling

Panineungan Ano Karsana

Diajar NyulingDI lembur, hareupeun imah téh aya pakarangan rada lega. Sok rajeun diparaké ulin barudak. Tapi lain keur ulin baé kétang, sok dipaké naon baé ilaharna di lembur. Cara keur usum panén upamana, éta pakarangan téh sok diparaké moé paré. Di sisina dipaké salayan. Salayan téh paranti nundeun eundanan paré baseuh anyar dibuat sanyatna ti sawah. Apan paré eundanan mah paranjang, ranggeuyan dialana téh, gagangna kurang leuwih sasiku panjangna. Ngalana maké étém.

Basa Hujan di Gunung Padang

Catetan T. Bachtiar

gunung-padang.jpgPucuk-pucuk entéh saleger haréjo. Jalan meulit nu kakara kaliwatan, kaciri ti mumunggang siga hurup S nu panjang. Sisi jalan, tangkal kai ngabaris, ngawangun komposisi abadi, walungan, pasir nu ting runggunuk, gunung nu ngabedega di kajauhan. Antara caang jeung ceudeum, antara ceudeum jeung besem, terus silih tukeuran sorot panonpoé, nu kadangkala terus nyumput na kandelna halimun nu meulit pasir, ngabaguded gunung.

Balap Kuda di Tegallega

taman-tegallega1.jpgTEGALLEGA téh baheulana mah tanah ngablag. Perenahna kiduleun alun-alun Bandung. Malah nepi ka taun 1930-an mah, éta téh tungtung kidulna kota Bandung. Asalna mah tanah kagungan Bupati R.A. Wiranatakusumah IV. Balap kuda jaman Walanda gé tempatna téh di Tegallega. Cék nu légég mah sok disebut Tegallega Raceterrein, atawa lintasan balap Tegallega.

Sandékala dina Téater

RIRIBUTAN jaman presidén Soeharto geus rék nincak 10 taun. Harita, Indonésia sasatna geunjleung ku rupa-rupa kajadian. Puseur dayeuh kahuruan. Mahasiswa demontrasi. Toko jeung sawatara wawangunan diranjah terus diduruk. Geus kitu Soeharto ngécagkeun kalungguhanana.

Yoseph IskandarYoséph Iskandar téh sastrawan Sunda. Nulis carpon, sajak, novél jeung naskah drama. Réa karyana nu geus dibukukeun sarta dilélér hadiah. Lahir di Purwakarta, 11 Januari 1953. Sabada tamat SMA, Yoséph neruskeun sakolana ka Akademi Téknik Pekerjaan Umum (ATPU) Bandung. Ti dieu minatna kana sastra Sunda téh mimiti katémbong. Harita, Yoséph mimiti ilubiung dina kagiatan seni di kampusna, antarana waé mingpin Téater Khas (1977-1981).

Mistéri Lembur Cipeuting - 2

Teuing geus sabaraha kali ngeduk sangu tina boboko téh. Eureun sotéh basa beuteung karasa eungap. Si Among mah masih kénéh uyup-ayap kana cukil. Rét ka luar, ketémbong remeng-remeng mobil ngabagug hareupeun warung.

« Saterasna - Sateuacanna »