Pasanggiri Tarucing Cakra Online

PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Universitas Padjadjaran, baris ngayakeun Pasanggiri Tarucing Cakra (ngeusian TTS), dipatalikeun jeung Poé Basa Indung Internasional 2008. Tujuan ieu pasanggiri téh keur ngasah kamampuh masarakat dina ngagunakeun basa Sunda. Dina prakprakanana, ieu pasanggiri rék maké pakakas komputer (lain ngeusian dina keretas), sarta dibagi jadi 2 katégori …[]

Ngarang keur Saémbara

Aya mangsana katapisan kurang-karang téh sok disaémbarakeun. Dina sastra Sunda, nu kasebut saémbara ngarang réa naker. Méh unggal taun aya, boh nu mayeng, boh nu kalan-kalan. Teu kurang-kurang deuih ladang saémbara téh nu dibukukeun sarta dianggap karya petingan.

Terang ka jenengan R.A.F. téh ti keur jaman sakola di SD kénéh. Mimitina mah sok maca bukuna, di antarana nu matak tibelat téh Béntang Lapang, novél ngeunaan maénbal dina basa Sunda. Geus kitu, ku lantaran ka lembur mimiti aya télévisi, sok remen lalajo Inohong di Bojongrangkong ti TVRI Bandung, sinétron sérial basa Sunda nu harita mah pada mikaresep. Nya R.A.F. pisan nu nyusun naskah jeung nyutradaraan éta sinétron sérial téh.

UN jeung Moralitas Bangsa

UNGGAL taun murid-murid sakola di satungkebing Indonésia nyanghareupan Ujian Nasional (UN). Ti anggalna kénéh sakabéh sakola di Indonésia tatan-tatan. Pemantapan, try out, jeung latihan ujian terus digederkeun. Harepanana iwal hiji: siswa-siswi di unggal sakola bisa lulus kalawan hasil nyugemakeun.

Kang Dayan pinter tur parugel ngajeujeut. Ngajeujeut nyieun kecrik,nyieun sair,jeung nyieun koja. Kitu Euceuna,Ceuk Enda. Akang jeung Euceu téh kapilanceuk.putra Ua,lanceukna ema. Duanana téh palinceng saupama dipapandékeun kana gawé ragabadag mah.jaman keur budak di lembur, sok nempo Kang Dayan nyieun koja,kecrik,jeung sair téh bahanna tina bola.lain tina kenur kawas ayeuna.

Keputusan Hadiah Sastera Rancagé 2008

SEPERTI biasanya, setiap tanggal 31 Januari Yayasan Kebudayaan Rancagé mengumumkan para pemenang Hadiah Sastra Rancagé untuk sastra Sunda, Jawa dan Bali, baik untuk karya maupun untuk jasa. Tahun 2008, hadiah Rancagé juga diberikan kepada pengarang yang menulis dalam bahasa Lampung.

Mitos

MITOS téh tina basa Walanda mythe atawa tina Inggris myth, asalna tina bahasa Latin mythos, hartina dongéng-dongéng anu ku hiji masarakat dianggap kajadian anu enya kungsi karandapan ku karuhunna patali jeung sajarah katut kayakinan anu jadi cecekelan éta masarakat, biasana réa anu fantastis jeung garaib. Éta kecap aya patalina jeung kecap mitologi, nyaéta susunan dongéng-dongéng anu dipercaya ku hiji masarakat téa, di sagigireun harti anu muncul béh dieu nyaéta élmu anu ngaguar mitos-mitos. Nu dianggap kaasup kana mitologi téh legénda jeung saga.

Miara Basa dina Drama

RÉA nu hariwang magar basa Sunda baris carem. Éta kahariwang téh dumasar kana kaayaan yén cenah nu maké basa Sunda beuki dieu teh beuki carang. Komo di dayeuh-dayeuh mah, basa Sunda téh aya kasebutna dipikanéh, babakuna ku para nonoman.

« Saterasna - Sateuacanna »