Perkawis Cupumanik

Minangka Tatapakanana

TAUN 2001 sawatara inohong Sunda ngayakeun Konferénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I di Bandung. Para ahli kasundaan, nu ti Indonésiana nu ti nagara deungeunna, silih tembrakkeun pamendak sareng masarakat Sunda nu ngiring kana konferénsi, anu jumlahna aya tujuh ratusna. Rérés sidang, teras diécéskeun rupi-rupi rékoméndasi, minangka agénda kasundaan anu katimbang kedah dijalankeun ku sakumna nu mikatineung kana budaya Sunda. Lega pisan ambahanana téh: aya pakuat-pakaitna sareng widang sastra katut basana; widang sajarah, arkéologi katut filologina; widang agama, kayakinan katut filsafat hirupna; widang ékonomi, sosial katut politikna; widang kasenianana; pon kitu deui sareng alam pakumbuhan, katuangan katut anggoanana.

Supados rupi-rupi pamendak téa dugi ka balaréa sareng kénging pangrojong atanapi pangbagéa ti balaréa, pon kitu deui supados naon nu kaémut ku balaréa tiasa kawadahan, kantenan kedah aya nu haat nyambungkeun tali silaturahmina, ngawadahan acining batinna. Harita gé, basa ngabéjérbéaskeun rékoméndasina téa, nu ngayakeun éta konferénsi téh ngécéskeun pisan wiréhing, "Dina enggoning ngamumulé bari ngamekarkeun budaya Sunda katut unak-anikna, pancén agén-agén sosialisasi kayaning para inohong katut ulama, kulawarga, sakola, sareng média massa téh kedah teras-terasan dioptimalkeun."

Napak ka dinya, kalawan miang tina kereteg hoyong ilubiung enggoning miara katut ngamekarkeun ajén-inajén kasundaan, nya lahlahan medalkeun majalah basa Sunda aoseun balaréa, utamina urang Sunda.

Leres pisan, salami ieu gé tos aya média citak anu nganggo basa Sunda tur sok diaraos ku urang Sunda mah. Nanging apan nembé gé disebatkeun yén pancén éta "agén sosialisasi" téh peryogi pisan "dioptimalkeun". Tah, minangka salah sahiji pangjurung kanggo optimalisasi pancén sosial média Sunda anu tos aya, sakantenan ngabeungharan ajén-inajénna katut ngajembaran ambahan balaréana, kalintang peryogina urang ngadamel média citak basa Sunda anu anyar.

Nya jleg wé ngadeg majalah Cupumanik. Sakedah polah pidangan ieu majalah téh, boh eusina boh dangdananana, ditarékahan supados luyu sareng tepak kendang parobihan jaman, bari henteu lali kana purwadaksina.

Sok ras kana kasauran jurupantun jaman béh ditu:

Diteundeun di jalan gedé
Dibuka ku nu ngaliwat
Anu weruh di semuna
Anu terang di jaksana
Anu rancagé di haté

Nya dina seuhseuhanana mah majalah Cupumanik téh hoyong ilubiung "neundeun" ajén-inajén kasundaan di "jalan gedé" kahirupan balaréa jaman ayeuna. Muga-muga baé ti antawis balaréa anu lalar-liwat di dinya aya "anu weruh di semuna, terang di jaksana, bari rancagé di haté", tepi ka kajurung kanggo "mukaan" sarupaning nu "diteundeun" palih dinya.

Sajarahna
SATEUACANNA majalah Cupumanik meleték, kantos medal heula Lalayang Girimukti ti ngawitan awal taun 2002 tug dugi ka awal taun 2003. Dupi Lalayang téh upami cék légégna mah newsletter panginten. Nu medalkeunana Panglawungan Girimukti anu kaleresan sahateup sareng PT Kiblat Buku Utama (KBU) anu sok medalkeun buku-buku basa Sunda téa. Teu diical lalayang mah, kitu baé dibagi-bagikeun ka sakumna anggota Kleub Buku Girimukti, minangka pameungkeut tali mimitranna. Dupi medalna téh dua sasih sakali, kalawan eusina museur kana unak-anik pustaka Sunda, boh tina perkawis eusina boh tina perkawis pangarangna, pon kitu deui tina perkawis balaréa nu maracana. Upami cék légégna mah Lalayang Girimukti téh panginten tiasa disebat book guide kanggo sugri nu sok maraos buku-buku basa Sunda.

Saparantos Lalayang Girimukti jalan aya kana sataunna, bet janten seueur rambat kamaléna. Kereteg angen anu kedah diwadahan mingkin nyeueuran, boh anu dikemu ku nu sadidintenna ngokolakeun éta lalayang, boh anu disidem ku sugri ti luareunana. Tina kereteg angen anu pamohalan ditahan-tahan, kalawan pangrojong ti balaréa anu mawa gedé haté, teras wé timbul kapanasaran anu teu weléh ngélékéték haté: kumaha upami lalayang téh urang robih janten majalah anu dikokolakeunana kalawan profésional? Nya, singgetna mah, ti ngawitan sasih Agustus 2003 brol wé medal majalah Cupumanik. Medalna unggal sasih, kalawan eusina henteu mung tumali sareng sastra sareng pustaka baé nanging tumali deuih sareng unak-anik kahirupan sanésna kayaning politikna, kasenianana, agamana katut ékonomina.

Lebet sataun mah, nya éta ti ngawitan nomer anu munggaran dugi ka nomer ka-12, nu medalkeun Cupumanik téh PT Kiblat Buku Utama (KBU). Nincak kana taun kadua, nya éta ti ngawitan nomer 13, nu medalkeun Cupumanik téh sanés PT KBU deui nanging Yayasan Kabudayaan Rancagé. Dupi Yayasan Kabudayaan Rancagé ditaratas ku Ajip Rosidi ti ngawitan taun 1989. Salah sahiji kagiatanana anu utama nya éta metakeun pirang-pirang tarékah enggoning miara tur ngamekarkeun deui basa, sastra katut budaya Sunda hususna, sastra katut budayadaérah di Indonésia umumna.

Harti Cupumanik
NUMUTKEUN kamusna mah, sapertos anu kaunggel dina Énsiklopédia Sunda (Pustaka Jaya, 2000) deuih, cupumanik atanapi cupu téh wadah paranti nyimpen barang-barang berharga kayaning emas, inten sareng sajabina ti éta. Ukuranana alit, gampil dicacandak ka mana baé ogé, moal matak riba. Aya nu disebat cupumanik astagina, nyaéta cupu juru dalapan. Atuh aya paripaos "nurub cupu" anu hartosna cocog, payus, atanapi luyu. Upamina baé nu kasép nurub cupu sareng nu geulis.

Tangtos baé aya maksadna ieu majalah dingaranan Cupumanik téh. Sok sanaos alit ari raga badagna mah, sapertos ilaharna majalah saku, nanging eusina mah mibanda ajén-inajén anu kalintang ageungna tur penting dipibanda ku balaréa. Atuh muga-muga eusina katut dangdananana tiasa nurub cupu sareng manah balaréa, utamina urang Sunda.

Udaganana
Ilubiung enggoning miara tur ngamekarkeun deui fungsi sosial basa Sunda;
Ilubiung enggoning miara tur ngamekarkeun deui ajén-inajén kasundaan;
Mageuhan tur ngajembaran tali mimitran ti antawis balaréa, utamina urang Sunda;
Ngadugikeun sarupaning pamendak ka balaréa bari ngawadahan sanéskanten acining batin balaréa, bari masihan panglipur ka balaréa;
Janten salah sawios cicirén kasundaan.

Spésifikasina

  • Wastana : Cupumanik
  • Medalna : unggal sasih
  • Basana : basa Sunda
  • Sipatna : kritis, sopan, basajan
  • Kandelna : 76 kaca (kalebet 8 kaca kanggo iklan)
  • Sirkulasina: utamina di Tatar Sunda (Jawa Barat) sareng di sabudereunana

Rubrikna

  • Ucang-Ucang Anggé: ngawadahan serat ti nu maos, kalebet serat éléktronik sareng SMS (short message service) katut waleran ti redaksi;
  • Dur Panjak: midangkeun éditorial atanapi catetan ti redaksi émutaneun balaréa;
  • Bébér Layar: midangkeun carita pondok (carpon) kénging para sastrawan Sunda atanapi para pangarang anu nyerat nganggo basa Sunda, tiasa deuih dianggo midangkeun karya sastrawan ti mancanagara anu tos ditarjamahkeun kana basa Sunda;
  • Bujangga Manik: midangkeun kolom atanapi seratan kolomnis ngeunaan rupi-rupi masalah anu nuju aktual;
  • Sempalan: rohangan husus, minangka supplement-na anu tiasa dianggo midangkeun wawancara, bahasan ti para ahli ngeunaan naon baé atanapi laporan kénging tim redaksi;
  • Jagat Alit: midangkeun puisi kénging panyajak Sunda, atanapi puisi kénging panyajak mancanagara anu tos disundakeun;
  • Kandaga Basa: midangkeun éséy anu ngaguar unak-anik basa Sunda kalawan narik, dipidangkeunana saheulaaneun mah henteu unggal nomer;
  • Lalayang Girimukti: midangkeun éséy atanapi bahasan ngeunaan rupi-rupi masalah, utamina mah ngeunaan pustaka Sunda;
  • Taman Pamekar: midangkeun karangan kénging para rumaja atanapi murangkalih anu mitembeyan ngarang; atanapi midangkeun karangan aoseun rumaja atanapi murangkalih.
  • Purnama Alam: midangkeun karangan anu eusina museur kana masalah agama, utamina bahan lenyepaneun balaréa enggoning ngajalankeun agama;
  • Geulang Rantay: midangkeun carita nyambung, kalebet carita kénging nyerat sastrawan dunya anu tos disundakeun;
  • Urang Sunda: midangkeun profil urang Sunda anu ngagaduhan préstasi dina rupa-rupa widang.
  • Landong Baeud: midangkeun seratan anu winangun anékdot atanapi anu eusina mibanda sipat panglipur.

Nu Maraosna

DI sakuliah Indonésia, urang Sunda téh upami ditilik tina jumlahna mah golongan pangbadagna nomer dua saparantosna urang Jawa. Seuseueurna mah tos kantenan urang Sunda téh dumuk di Tatar Sunda nyaéta di Provinsi Jawa Barat sareng Banten. Teu sakedik anu ngumbara di luareun Tatar Sunda, boh di wewengkon Indonésia kénéh boh di macanagara pisan. Atuh basa Sunda kapan kasebat basa indung kanggo seuseurna urang Sunda, anu dugi ka danget ieu janten salah sawios medium anu utami dina pergaulan sosialna. Alhamdulillah deuih dugi ka danget ieu téh katingal seueur kénéh anu ageung katineungna ka budaya Sunda katut unak-anikna. Nya urang Sunda pisan golongan anu pangdipiharepna resep maos majalah Cupumanik téh.