Abu Hj. Iloh Siti Armilah

Abu Siti Armillah téh istri Sunda nu binangkit. Kanyaahna kana seni Sunda sawadina jadi tuladeun urang. Dibabarkan di Cililin, 16 April 1921, Abu dipikawanoh minangka seniman kawih Sunda, babakuna dina ngarang rumpaka atawa ngadangding.
Ti taun 1950-an kénéh bumina Abu, di gang Kaum Bandung, tukangeun Masjid Agung, biasa kaimpungan ku para nonoman, boh nu latihan nembang, kawih, ibing, jsté. Sastrawan kayaning Ajip Rosidi, RAF, Wahyu Wibisana, Dédi Windyagiri gé béjana sering kumpul di dinya.
Salah sahiji nu ngaping Abu téh MA. Salmun. Lian ti éta, Abu gé dalit pisan jeung mang Koko, Tuténg Juhari, Ibu Saodah, Upit Sarimanah, jsté.Dangdingna aya 120 judul (dikumpulkeun ku Dédi Windyagiri).
Karya Abu réa nu disanggi ku Mang Koko, upamana lagu "Talatah" nu tuluy dirobah ku Mang Koko jadi "Angin Talatah." Rumpaka Abu laun-laun ngusikeun parobahan kana gaya lagu Mang Koko nu tadina seueur ngahudang téma lagu rancag dibarung ku gonjak jeung sindir sampir, jadi lagu nu daria jeung anca.
Lampah Abu téh lain dina widang seni baé. Abu gé ngiring bajoang nanjeurkeun kamerdékaan. Teu anéh mun Abu caket sareng Inggit Garnasih tur Soekarno. Malah Bung Karno sok nyebat "Ibu yang lucu" ka Abu téh. Abu resep débat. Wani ka Bung Karno gé, malah ka Westerling mah kungsi nangtang; "Teu, teu sieun abu mah! Urang Sunda, awéwé Sunda, lain barang nu bisa dicacampah kitu baé! Mun batur teu wani, Abu mah wani!".
Abu Mulang ka kalanggengan di RS. Hasan Sadikin, Saptu, 27 Jan 2007, tabuh 21.00 WIK. Ngawariskeun sumanget nu tetep ngagedur pikeun miara, ngamumulé, tur ngamekarkeun budaya Sunda.

1 Koméntar kana “Abu Hj. Iloh Siti Armilah”

  1. ping 31-01-2008 tabuh 21:50rani julianti

    Aslm wr.wb.Sim kuring ngiring bela sungkawa ku pupusna abu Siti Armilah. mugia sadaya amal iman sareng islam ditampi ku Allah SWT.Karaos pisan milari sastrawan, budayawan rada sesah. Sumawona upami ngeunaan kawih mah, sim kuring bae ti kawit SMP dugi ka ayeuna nincak paguron luhur, nu namina hoyong janten istri binangkit tur hoyong rancage teh kalintang sesahna. misalna bae upami hoyong tiasa ngawih, da saur anu tiasa nalika ditaros kumaha bagbagan ngawihkeuna hiji lagu, walerana nya kitu wae. Mugi sing aya nu neraskeun boh wanterna, binangkit tur rancagena. hatur nuhun parantos diwidian kanggo mairan.Wss wr.wb.

Ngalebetkeun komentar