Ai Siti Hayati
Dilebetkeun 18-06-2007 04:34
Kategori: Carita Pondok
Lebaran ayeuna mah béda jeung lebaran-lebaran tujuh taun ka tukang. Béda téh, béda dina haté nu ngarandapanana. Kuring. Tina haté tuluy kana lahiriahna, waruga jeung status. Status kuring.
Tina éta status, kuring moal mungkin bisa nyaruakeun atawa nganggap sarua kalungguhan kuring ayeuna. Tuluy nganyam silaturahmi nu sarua jiga baheula, nguntun tipung duduluran, ngépang tatali mimitran dina kaakraban, gogonjakan, jeung kanyaah nu tan wangenan. Moal. Moal mungkin. Anggang. Aya jurang. Antara kuring jeung maranéhanana nu haradé haté. Ti ditu jeung ti dieu.
Ti dieu téh maksudna kulawarga kuring di lembur. Sarua meureun. Da kuring ayeuna keur nyepi. Miceun manéh nu merenah mah. Najan miceun manéhna teu di tempat nu nyamuni, tapi ku teu balikna kuring ka lembur, kuring téh keur miceun sagala karungsing haté, kamarudah diri patali jeung status téa.
Budak dua ngagaleubra. Cenah nu gedé rék ditéang, sina milu lebaran di ditu. Enya, da nu leutik mah nyusu kénéh. Bikeun tong? Sabil, sieun dipangaruhan teu puguh, diteken jiwana, nepi ka ké malik cua ka kuring, indungna. Teu dibikeun? Asa teu wijak. Da éta gé anakna jeung incuna ti ditu.
Hhhhh…. Ukur rénghap jero nu sok dipaké ngubaran pasuliwerna rasa jeung kasumpeg batin. Mun téa mah… Puguh teu adil dunya téh. Teu adil ka awéwé! Ti dieu, ti ditu, jeung ti sabuder kahirupan nu ngalingkupan kuring, kabéhanana nyalahkeun kuring. Kuring salah! Peun!
Ai Siti Hayati nu salah! Lacur! Jinah! Nusyuz!
Awéwé naon cenah kuring téh?
Kudu dirajam cenah kuring téh?
Enya kitu kuring "jinah"?
Ya Alloh. Cimata ngamalir deui. Embung, embung ceurik kuring téh. Geus bosen. Hayang gagah jiga lalaki nu cenah tara ceurik iwal ti keur bagja ceurikna. Hébat nian! Tapi da Gusti maparin kantong cimata dina panon kuring, keur mah eukeur déét cipanon. Ngan lémbéréh baé, teu burung kaluar. Sok inget ka sobat baheula di lembur, nu ayeuna geus miheulaan.
"Tong méwék waé atuh. Ké mingkin begang geura. Iraha rék montokna? Hah?" kitu manéhna nulis dina diari, waktu rék papisah nuluykeun sakola. Heueuh siga nu kasar, tapi manéhna kitu téh nutupan kasedihna rék pisah jeung sobatna, kuring téa.
Dunya nyalahkeun kuring. Awéwé!
"Haram ménta talak téh!"
"Awéwé nusyuz! Pasék manéh, Ai!" Astagfirulloh hal’adim "Hayoh geura sahadat deui! Geura balik deui ka salaki manéh!"
"Diparabunan naon manéh? Mani kagégéloan kitu ku Si Asép téh?"
Haram cenah ménta talak téh? Baca atuh sighat ta’lik? Hhhh…
***
Taya. Taya nu ngartieun. Taya nu maliré kana pangjéntré manéhna yén manéhna teu ngalakukeun nanaon tina farjina. Taya. Taya nu ngartieun kumaha rasa awéwé nu jadi pamajikan ti hiji salaki, nu dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban. Rasa awéwé nu saban nyaring nyileuk hayang dipikaharti, disenangkeun, jeung ditingtrimkeun.
Taya nu ngarti. Paribasa, dasar kembang pakalangan! Naon kahayang téh? Ugal-igel dina panggung? Cocowowongan kakawihan hareupeun balaréa? Duh!
Leutik-leutik gé kuring téh asa boga "cita rasa" seni. Kuring téh bisa nari, bisa ngawih. Gulidagna éta rasa hayang dikamalirkeun. Leuh, da mun boga sanggar, teu hayang teuing kuring mimilu jeung grup ngamén, ngajual tarian jeung sora. Meureun kuring téh rék ngalatih barudak, nyieun tari-tarian anyar nu ceuk kuring mah éndah jeung sopan, meuli sapakét kitimplingan keur latihan kosidahan, sugan baé siga grup Al Mannaar ti Tasik nu sakitu kawentarna. Meureun di sanggar téh kuring bisa népakeun pamadegan—idéalismeu ceuk Kang Asép téa mah—ka barudak. Ngalatih generasi nu nyeni, teu kuuleun, jeung ajeg dina idéalismeuna.
Tina kateungartian manéhna, kuring sok hayang abur-aburan, ngahajakeun. Ngawasa panggung jadi hiji udagan pikeun kasugemaan nu teu kahontal téa… Kuring téh butuh pangrojong! Lain wungkul nganteur bari camberut, mapagkeun bari samutut, di jalan baketut dibarung ku patarik-tarik sungut, paséa. Boro-boro nepi kana, naon téh ceuk Kang Asép téh? Aprésiasi? Enya aprésiasi, ngahargaan? Waduk!
Enya, kuring moal munapék. Hayang disenangkeun kuring téh! Wajar atuh da awéwé mah ti mana boga duit ari teu ti salakina mah, lain? Kapan cenah awéwé mah lain cari-cari ka Batawi tapi cari-cari ka lalaki. Lalaki teu bogaeun duit nya awéwéna cari ka Batawi, gawé. Kitu deui kuring. Salaki teu bogaeun duit, nya kuring ngala sorangan!
Sagala pangabutuh gegedéna mah kapan ladang kuring manggung? Enya éta gé sok ngajejegan atawa méré saayana. Moal, moal dileuleungit. Kuring rido da sakitu rejekina. Kumaha deui? Ngan nu teu kaharti téh siga nu embung usaha. Aya usaha sangeunahna. Modal juta-juta ti kuring mana untungna? Nangkub!
Kapan cenah naon nu dihontal téh éta nu diusahakeunana. Geus nepi ka mana usaha manéhna? Tungtungna sok ruy karunya. Karunya! Karunya kana warugana nu usaha ngabébér-bébér totopong bet kalah soék, deudeuh. Lain usaha deui ninun, sangkan éta totopong téh jadi taplak méja, komo nepi ka jadi samping jadi sepré mah, resep meureun. Lila-lila tina karunya bet rey jadi sebel. Na teu bisa hojah pisan? Sebel ka diri kuring pribadi bet hayoh baé mikarunya da geuning manéhna mah teu karunyaeun. Bangun betah baé dina kaayaan sakitu ayana.
Enya, kuring usaha. Kapan geuning lumayan tina mimilu ngamén di nu hajatan, aya baé keur meuli béas mah. Nu rada gedé jadi SPP budak nu panggedéna, jadi parabot rumah langga, atawa parabot manggung deui. Kapan éta téh modal keur kuring ngala duit.
Hayang kongkorong, ali, suweng, geulang, naon. Saha nu rék nyumponan lian ti kuring sorangan. Hayang meuli lomari keur baju-baju nari ogé, hih pimanaeun teuing. Ngalumbruk baé dina dipan, sawaréh dibuntel ku samping kebat.
Geus capé ngigelan manéhna. Hayoh baé ngigelan, ari manéhna hayang diigelan baé. Nu ngigelan di panggung ogé nyawér. Na…
Tuluy ieu nu pangutamana mah. Hayang katingtriman kuring téh. Tujuh taun dor-dar baé. Awét rajét. Capé haté téh, raca. Batin geus sudaeun ngojayan harepan-harepan kuring. Harepan kuring… digetrik, dipapatahan, disintreuk atawa. Digetrik ku nu kuring ajrih ka manéhna, hormat jeung ihlas migawéna.
Imam nu ku kuring dianti-anti téh. Panutan. Nu kuring manut bari taya perlawanan sama sakali. Éstuning sadrah, sadrah. Imam nu mingpin solat kuring, imam nu nuduhkeun bebeneran bari puguh dasar-dasarna. Teu jumud bari sarawél-rawélna. Imam nu démokratis, ngarti kudu kumaha méré arahan kana hirup kuring salila ieu. Nu mangprung dina kateuwalayaan.
Hayang boga panutan ati. Manéhna nu jadi séséndéran tohaga, kudu leuwih tohaga batan kuring. Atuh kuring jadi jungjunan nu dimulyakeun ku manéhna. Silih mulyakeun dina rumah tangga téh…emmm tingtrim meureun ieu ati. Moal ngaberung jeung kapahung baé.
Boga panutan téh dina kawih baé kuring mah. Ngimpleng angen-angen panutan nu diimpén-impén ku kuring. Aya henteu nya? Wah, béh manaeun teuing. Sarebu hiji. Tapi éta nu hiji, tangtu aya. Tangtu aya.
Nepi ka kuring panggih jeung manéhna. Asép Tresna Komara. Tuh, ngaranna gé. Ya Alloh. Pinuh ku citresna. Enya siga jalmana, sanggeus kuring nyaho tina perhatian-perhatianana. Pinuh ku komara, nyaangan pikir jeung haté kuring nu ngaberung. Nuduhkeun jalan nu mudah-mudahan ngabulungbung.
Tapi manéhna lain alesan dina burantakna rumah tangga kuring. Alesan nu tilu tadi geus weweg meureun pikeun kuring nyeuseup kabébasan nangtukeun ajén diri. Tapi… buktina!
Jelegur téh. Bet manéhna néangan séséndéran tina masalah nu disanghareupanana. Keur mah eukeur salila ieu nyuméndérkeun manéh ka kuring. Ayeuna mangaruhan kulawarga embung disalahkeun. Ahirna kabéh nyalahkeun kuring. Nuduh kuring, malah aya nu nyupata sagala. Karunya teuing, lalaki nu teu walakaya.
Tapi kuring geus tagen. Geus kuat nangtukeun pilihan hirup batan tuluy baé dirobéda ku manéhna. Keun baé kuring kudu ngaliwatan lulurung-lulurung kasedih ogé, da mémang éta mah manusiawi. Tapi kuring moal megatkeun tatali kahéman ka ditu ka dieu. Keur kuring, mending pondok jodo panjang baraya. Da masalah mah, masalah kuring duaan. Nya nu méréskeunana gé kudu kuring jeung manéhna.
Kuring, Ai Siti Hayati, nu boga kakuatan hirup, kudu tagen nyanghareupan ieu masalah. Sanajan asalna mah rasa kuring teu bisa diperuhkeun, enya kasedih téa, da geus dibiasakeun sangkan kuring lemah jeung muntang ka manéhna meureun. Tapi ayeuna kuring rék laju hirup jeung ambekan, jeung cita-cita kuring, tiluan, jeung anak kuring nu dua. Mapag gumiwang harepan. Enya, geuning bagja mah lamun urang panceg dina cita-cita.
Jeung deuih, kuring téh hayang ngarobah nasib. Lain batur kapan nu ngarobah nasib sorangan téh? Iwal kudu dirina pribadi. Kitu lin cék dina Qur’an gé? Dina unggal kasulitan tangtu aya kamudahan, dina unggal kasedih tangtu aya kabagja nu marengan. Mugia baé.
Budak nu ngagaleubra disun lalaunan sakali séwang. Lebaran dua poé deui. Takbir geus mimiti minuhan langit. Dulag geus nurugtug tuluy ngawun. Lebaran ieu lebaran munggaran nu antara harepan jeung kasedih silih ijir kakuatan, pikeun kuring.
Gusti, hapunten abdi. Ridoan jalan nu dipilih ku abdi. Haté norowéco. Randa meureun kuring téh engké mah. Ayeuna gé kétang, kari nungguan administrasina baé. ***
Sukawangi, 9 Séptémber 2006
JeRo pisan….., ieu carpon teh kaalaman langsung ku penulisna sorangan,kuring satuju pisan yen wanoja teh hayang disenangkeun,,,,,,,,,HiRuP WaNoJa!
Da muhun saleresna hirup siga nu dicarioskeun diluhur teh matak cape, sadinten dua dinten, sasasih dua sasih, tagen, tapi kawilang aya tauna, akhirnya pribados ge eleh, mundur teratur ceuk paribasa mah, manjang ge ari matak dosa mah pan teu sae. Sim kuring maos ieu carita asa ngaca dina eunteung be….gening sanes kuring sorangan ngalaman siga kieu ge, duka mangpuluh, mangratus boa mangrebu malah ngajuta wanoja nu ngalaman teh…tos takdir panginten nya.
nyeredet lah kana hate pokona mah!! jayalah sundaku jiga JAYALAH PERSIBKU!!!!