Babasan Paribasa - Bagian 1

taya tangan pangawasa: jiga anu dipupul bayu, henteu boga tanaga;

aya nu dianjing  cai: aya nu diarep-arep atawa dihéroan. Kecap héro murwakanti jeung séro, ari séro nu disebut anjing cai téa.

peureum kadeuleu beunta karasa: ngagambarkeun nu kaédanan sok inget baé ka nu dipikabogoh;

samar polah samar rasa: henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina haté baé, tacan bruk-brak;

seungit angin-anginan: seungit pisan meleber ka mana-mana;

satungtung deuleu: ngagambarkeun anu upluk-aplak lega pisan;

ciri sabumi cara sadésa: masing-masing tempat bogaeun adat séwang-séwangan anu henteu sarua;

kudu bisa pindah cai pindah tampian: kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar dicicingan;

henteu terus jeung haté: henteu saenyana, ngan ukur omong baé;

silih jenggut jeung nu gundul: ménta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa sarua papada henteu boga;

legok tapak genténg kadék: réa pangalaman jeung kanyaho;

désa maca cara nagara mawa tata: ngagambarkeun yén kaayaan jeung adat kabiasaan  di désa jeung kota (nagara) téh béda-béda;

heureut deuleu pondok léngkah: ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu réa babandingan da kurung batok;

ngabéjaan bulu tuur: ngabéjaan jalma nu geus nyahoeun;

puraga tamba kadengda: ngajalankeun paréntah sahayuna, asal ulah disebut henteu nurut kana aturan; digawé asal baé;

leungit tanpa lebih ilang tanpa karana, il. Ilang tanpa karana;

poék mongkléng buta rajin (atawa buta radin): poék pisan, sasatna henteu témbong curuk-curuk acan;

ulah leutik haté: ulah sieun atawa putus pangharepan;

kabur pangacian: sarua jeung kapupul bayu, leungit tanaga jeung sumanget;

muncang labuh ka puhu: jalma nu saumur-umur ngumbara balik ka tempat asalna atawa tempat lahirna. Bandingkeun jeung kebo mulih pakandangan;

garo singsat: samar polah henteu sabar ku sabab nu didagoan henteu jol baé. Nu sok digambarkeun garo singsat mah awéwé;

nuturkeun indung suku: leumpang sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan;

dahar soré henteu isuk: ngagambarkeun jalma miskin anu henteu bisa dahar dua kali sapoé, biasana digunakeun dina carita atawa dongéng;

dug hulu pet nyawa: digawé henteu ngingetkeun kacapé ku sabab hayang nyiar napakah keur anak pamajikan nu cukup;

sisit kadal: sial

tanda wisnu: tanda bawa waktu lahir dina badan, biasana henteu daékeun leungit nepi ka kolot;

nepi ka kaurugan taneuh beureum: nepi ka maot. Biasana digunakeun pikeun némbongkeun  kainget nu moal laas-laas ka jalma anu geus nulungan atawa nyieun kahadéan;

teu uyahan: henteu nyari atawa kurang ajar. Pikeun nyebut jalma anu kalakuanana atawa omonganana henteu merenah;

sakecap kadua gobang: ngagambarkeun sipat jalma anu gampang ambek. Bandingkeun jeung ambekna sakulit bawang;

geus euweuh pangabetah: geus henteu aya nu matak betah;

ngaginding sataker tanaga (atawa sataker kebek) : dangdan sangkan ginding pisan, sagala rap dipaké;

gandrung kapirangrung: kaayaan jalma anu kaédanan;

heurin ku létah: rék nyarita kagok atawa sieun. Jalma leutik biasana ngarasaeun heurin ku létah rék nyarita satarabasna ngeunaan kaayaanana ka nu di luhur;

kawas hayam keur endogan : élékésékéng henteu sabar, cilingcingcat ka ditu ka dieu, samar cabak ku lantaran hayang geura tepung atawa hayang geura ngadéngé béja nu ditunggu-tunggu;

satru kabuyutan: musuh tuturunan, atawa musuh gerot;

tunggal sakocoran: masih sakaruhun, masih aya katalian pancakaki;

sawan geureuh: gagal ku lantaran geus diomongkeun ku balaréa, cara nu lila teuing papacangan tapi henteu jadi, disebut sawan geureuh. Sawan téh panyakit nu biasa terap ka budak.

jadi lalab rumbah: jadi bahan omongan sapopoé. “Teu nyana Engkang téh mung alus saur wungkul, beurat cinta dianggo lalab rumah, horéng ukur semet lambey”;

luncat mulang: gajlig tina jangji, omonganana henteu bisa dicekel, da robah-robah saban waktu;

ngembang kadu: olohok bawaning akgét. Kembang kadu téh disebut olohok.

asa aing uyah kidul: asa aing pangpinterna atawa pangbeungharna, cindekna pangpangna. Uyah kidul cenah kadarna leuwih réa, jadi karasana leuwih asin manan uyah ti laut séjénna;

ditincak hulu: dihina lain lumayan;

mangduakeun : nyolowédor, salaki atawa pamajikan neundeun haté atawa ngayakeun hubungan cinta jeung nu séjén;

kumaha geletuk batuna, kecebur caina: kumaha béhna, kumaha kajadianana baé;

pondok jodo panjang baraya: sanajan geus papisah tapi ari duduluran mah ulah pegat kudu terus nganteng saendengna;

sapu nyéré pegat simpay: pileuleuyan, kalimah anu sok diucapkeun waktu rék papisah ku sabab aya nu rék lunta jauh atawa pindah ka tempat séjén. Sok ditambahan: paturay patepung deui. Sapu nyéré téh apan disimpay ku pameungkeut, lamun simpayna pegat, pasti nyeréna mancawura;

ambek nyedek tanaga midek: rék ngalawan tapi henteu walakaya;

julig ati: goréng haté, hianat;

teu kénging disupa dulang, teu kénging dibébénjokeun: wawangsalan nu ngagambarkeun kasono nu henteu bisa disisilihan ku naon baé. Supa dulang = kéjo, sangu. Kecap kéjo murwakanti jeung bébénjo;

kajeun kendor dapon ngagémbol: papatah nu nitah sabar, ulah gurung gusuh, dapon hasilna mucekil;

dedeg sampé rupa hadé: ngagambarkeun dedeg pangadeg budak ngora (lalaki) anu pikaresepeun nu nénjo, pangpangna awéwe;

ngalambang sari: awéwe atawa lalaki nu geus boga salaki atawa pamajikan nu ngalakukeun hubungan séks jeung nu lain muhrim; jinah;

dikojayan: ditulungan tina karurubed

jelema andar-andar: jalma anu henteu puguh asal-usul jeung padumukanana, galandangan;

nyiduh ka langit: méré naséhat ka saluhureun nu leuwih terang jeung leuwih réa pangalamanana;

ngahudang timburu: nimbulkeun kacuriga. Timburu di dieu lain dina hubungan antara lalaki jeung awéwé anu katalian ku katresna.

ka bau-bau sungut: omongan anu moal didéngé, moal dipaliré, jadi taya gunana;

garo-garo teu ateul: gagaro lain ku lantaran ateul, tapi ku sabab bingung pilakueun, biasana anu digarona téh tukangeun ceuli;

kurang saeundan: rada gélo, kurang jejeg, otak miring. Saeundan téh sapocong, nyaéta satengah geugeus. Baheula paré dibeungkeut jadi pocongan tuluy dua pocong dihijikeun jadi geugeus atawa gédéng.

kawas kapuk kaibunan: ngagambarkeun nu kalenger atawa kapupul bayu ilang tanaga, leuleus lungsé henteu tangan aya pangawasa;

asa runtag bumi alam: asa lebur kiamat;

taya dunya kinasihan: henteu ngorétkeun naon baé. “Geus asa ka anak sorangan bae, taya dunya kinasihan, naon baé gé moal dikorétkeun.”

randa béngsrat: randa anu waktu pipisahan jeung salakina masih kénéh parawan da henteu kungsi ngayakeun hubungan badan ku sabab pista atawa élik;

pohara dagdag-dédégna: ngagambarkeun jalma anu enyaan hayang ngaladénan sangkan nyugemakeun nu diladénanana;

lébér wawanén: gedé kawani, henteu boga kasieun;

teu rék gedag bulu salambar: henteu ngarasa sieun saeutik-eutik acan sarta moal mundur, rék terus ngalawan.

kawas sisaru jadi: jalma anu ngadadak kalaluar ti imahna  riab ka mana-mana;

murang-maring: ambek-ambekan ka saha baé nu aya di deukeut manéhna;

teu boga pikir rangkepan: bolostrong, sahinasna, nyarita atawa ngalakukeun hiji hal henteu nimbang-nimbang piakibateunana;

ngadék sacékna, nilas saplasna: jalma jujur nu tara pura-pura boh nyarita boh ngalakukeun naon baé, duméh aya nu dipindingan atawa dirasiahkeun;

ditéték nepi ka bubuk leutikna: diterangkeun kalawan écés sagala rupana, henteu aya anu disumput salindungkeun;

neukteuk méré (mari)  anggeus atawa neukteuk mawa anggeus: ngajak mutuskeun hubungan, embung papanjangan;

murah congcot hambur bacot: béréhan dina barangbéré tapi gampang nyarékan jeung sok tara eureun ku sakeudeung ari nyarékan téh;

nganyar-nganyari: robah adat, nyieun kalakuan anu tara-tara ti sasari, biasana jadi goréng da nimbulkeun masalah;

tambuh laku: laku nu taya gunana, upamana indit rék nagih ka tempat anu jauh, ari hég jalmana keur euweuh di tempat, jadi nyamos.

6 Koméntar kana “Babasan Paribasa - Bagian 1”

  1. ping 05-12-2007 tabuh 2:29rojak

    alhamdullilah simkurung tiasa diajar dei paribasa bahasa sunda

  2. ping 17-01-2008 tabuh 6:14Soni Setiawan

    Hatur nuhun pisan wargi…

  3. ping 28-04-2008 tabuh 11:05arif ramdan

    alhamdulillah, nambihan elmu

    salam

  4. ping 05-05-2008 tabuh 1:37Yanyan

    Sumuhun leres, nambihan elmu. Da isin ari diruntuy ka luhur mah urang Sunda, tapi elmu jeung paripolahna jauh tina budaya Sunda. Hatur nuhun.

  5. ping 13-05-2008 tabuh 7:45Inding

    Manawi kedah atos-atos dina ngetikna, aya sababaraha anu lepat ngetik (spellingna lepat). Sok ah sina daria dialajarna nya…

  6. ping 22-10-2008 tabuh 4:31Agus Pranamulia

    Janten sarana silaturahmi diantara urang sadayana

Ngalebetkeun komentar