Babasan Paribasa - Bagian 2
Dilebetkeun 06-01-2008 03:30
Kategori: Babasan Paribasa
ampih, ngampih: asup ka enggon, saré. Kecap “ampih” dina “ngampihan” hartina nyimpen, neundeun. “Kira-kira jam tilu, kakara ngarampih” (Si Bedog Panjang);
anak teges : anak sorangan, lain anak téré atawa anak pulung. “Padahal Winarya téh anak teges bapa téréna, anu sakuduna leuwih dipikanyaaah batan manéhna” (Si Bedog Panjang);
beureum beungut : warna beungeut jadi beureum ku sabab getih naék, biasana ku lantaran kawirangan, ngarasa éra. “Demang Dongkol beureum beungeutna” (Pangéran Konél);
congo angin sabalikna tina puhu angin: palebah tungtung angin. Lamun angin ka wétankeun, congona aya pangwétanna, sabalikna puhu angin aya di pangkulonna. Lamun urang aya di puhu angin, sasatoan anu kaliwatan ku éta angin baris nyahoeun yén aya jelema. Sabalikna lamun urang aya dina congo angin, urang moal kanyahoan. “Untung manéhna aya dina congo angin” (Si Bedog Panjang);
dipikolot: dianggap kolot ku lingkunganana, sanajan umurna sahandapeun.”Éta meureun duméh Junus téh budakna simpatik, di kelasna pinter turug-turug dipikolot jeung dipikaresep ku babaturanana” (Si Bedog Panjang);
haneut moyan: waktu poyan karasa haneut lamun urang cicing di luareun wangunan kira-kira pukul 08.00 — 09.00 isuk. Dina basa Sunda haneut poyan dijadikeun ciri waktu. “Bring arindit muru wanci haneut poyan aya di leuweung.” (Si Bedog Panjang);
hayang ngarebut payung: hayang ngarebut kalungguhan atawa kapangkatan sabab di “jaman normal” mah, gegedén téh sok dipaparin payung luyu jeung pangkatna. “Malah émutan abdi Dalem nu mawi pun Jamu ngulik élmu kawedukan, kabedasan ogé moal lepat deui tangtos pribadosna gaduh niat hayang ngarebut payung,” (Pangéran Kornél);
lébér wawanén: pinuh ku kawani, henteu aya kasieun, ludeungan. “Malah nu ngalantarankeun maranéhanana sosobatan ogé saenyana mah lantaran saadat téa, pada teuneung pada ludeung, pada sarua lébér wawanén” (Si Bedog Panjang); “Manahoréng manéhna téh jelema loba pangalamanana, seukeut uteukna bari jeung lébér wawanén deuih.” (Rajapati); “Nu matak pantes ku urang Indian ogé, nu bisa ngarubuhkeun Grizzly mah dianggap lébér wawanén luar biasa.” (Rajapati);
leungiteun tapak: leungiteun susudan. Nu ngudag leungiteun buronanana. “Duka, rupina mah nyamar sangkan anu ngudag-ngudag leungiteun tapak.” (Si Bedog Panjang);
matak muringkak atawa muriding bulu punduk: matak sieun, matak keueung, sabab lamun ngarasa sieun bulu punduk sok harudang. “Sora-sora nu kadéngé mutuh matak keueung, matak tingpuringkak bulu punduk” (Si Bedog Panjang);
meungpeun carang: pura-pura henteu nyaho, sanajan saenyana mah terang. Cara anu meungpeun tapi ramona dicarangkeun, jadi bisa nangénan nanaon anu saenyana kajadian. Meungpeun téh nutupan beungeut ku dua dampal leungeun anu dibébérkeun nepi ka téténjoan kahalangan. “Guru-guru bangsa urang mah kabéh ogé geus aruningaeun, tapi mareungpeun carang baé (Si Bedog Panjang);
miceun salasah: miceun tapak (salah hartina tapak suku) sangkan anu ngudag salah ngajugjug. Nu maling miceun salasah ku jalan neundeun barang beunang malingna di imah atawa pakarangan batur sangkan nu boga éta imah atawa pakarangan anu disangka malingna. “Moal salah ieu téh siasat bapana, pikeun miceun salasah, atawa bisa jadi aya maksud supaya Sunarya dirogahala ku Si Bedog Panjang” (Si Bedog Panjang);
mubur bodas atawa ngabubur beureum ngabubur bodas: salametan nyieun bubur béas diuyahan saeutik (nu beureum digulakawungan) tandaning ngarasa atoh ku lantaran geus salamet tina pancabaya atawa ku sabab geus ngahontal anu dipikahayang. “Jelema sapangeusi cangkinganana ngan sirik teu mubur bodas bawaning ku aratoh éta Demang dipocot lantaran méh sarérea pada ngarasa teu ngeunah dikapalaan ku manéhna téh (Pangeran Kornél);
ngarah pati: rék maéhan, rék ngala patina. “Teu msutahil mun maranéhanana baris ngararah pati ka urang” (Si Bedog Panjang);
pahatu lalis: biasana budak anu geus henteu indung henteu bapa, nunggelis, hirup nyorangan henteu aya tempat nyalindung. “Duh, Ya, urang téh pahatu lalis ayeuna mah, Akang soténan, da Yaya mah réa kenéh pamili di Lémbang” (Si Bedog Panjang); “Ku margi abdi Dalem ngaraos pahatu lalis, lajeng ngabujeng ka Limbangan, ka pun aki.” (Pangéran Kornél);
sada gelap salésér: sora guludug anu ruruntuyan anu matak kagét jeung sieun, biasana dilarapkeun ka jalma anu ngarasaeun kagét ku lantaran ngadéngé omongan anu henteu disangka pisan tur matak wirang malah ngabahayakeun ka dirina. “Éta lahiran kadéngéna sada gelap salésér baé, tina henteu nyana Kangjeng Dalem bakal kitu dawuhanana” (Pangéran Kornél);
seuri maur: seuri bari semu nyeri jeung éra, seuri kapaksa. “Mang Murnasim seuri maur” (Si Bedog Panjang);
sisit kadal: goréng milik, sakapeung disebut goréng sisit. Jigana keur urang Sunda mah sisit téh nangtukeun kadar. “Mun nyaho pikaresepeun kieu mah meureun maksa baréto téh, moal mikeun digantian ku Adi Sunarya. Ah, dasar sisit kadal!” (Si Bedog Panjang); “Dasar awak aing mah sisit kadal!” si Abdul ngomong sorangan bari ngasur-ngasur suluh.” (Rasiah Geulang Rantay);
teu aya nu dikilungan: teu aya anu disumputkeun, sagala rupana dicaritakeun sajalantrahna. “Ku manéhna henteu aya nu dikilungan” (Si Bedog Panjang);