Balap Kuda di Tegallega

taman-tegallega1.jpgTEGALLEGA téh baheulana mah tanah ngablag. Perenahna kiduleun alun-alun Bandung. Malah nepi ka taun 1930-an mah, éta téh tungtung kidulna kota Bandung. Asalna mah tanah kagungan Bupati R.A. Wiranatakusumah IV. Balap kuda jaman Walanda gé tempatna téh di Tegallega. Cék nu légég mah sok disebut Tegallega Raceterrein, atawa lintasan balap Tegallega.

Geura urang imeutan disertasi A. Sobana Hardjasaputra, Perubahan Sosial di Kota Bandung (1810-1906). Perkara balap kuda téh di dinya kasabit-sabit, pangpangna dina “Bab IV: Bandung Menuju Kota Modern (1884-1906)” (2002: 261-263).

Sumber-sumber nu dipaké rujukan éta disertasi kawilang réa. Di antarana tina publikasi Vereeniging Tot Nut van Bandoeng Omstreken (1898), Semerbak Bunga di Bandung Raya (Haryoto Kunto, 1986), atawa tina In het Hart der Preanger (1900) beunangna M. Buys. Buys kungsi nganjrek di Bandung mangsa pamaréntahan Bupati R.A. Kusumadilaga (1874-1893).

Unggal ahir bulan Juli nepi ka awal Agustus balap kuda di Tegallega téh. Tilu poé noron. Nu ngokojoanana Preanger Wedloop Societeit. Éta téh paguyuban nu mikaresep balap kuda di Priangan. Cenah mah dina raraga ngareuah-reuah tepung taunna ratu Walanda Wilhelmina nu lahir 31 Agustus 1880. Tapi boa keur miéling ibuna Wilhelmina deuig, Emma, nu lahir dina 2 Agustus 1858.

Iraha dimimitianana balap kuda di Tegallega téh? Tacan aya laratan nu écés. Tina disertasi Sobana teu aya katerangan iraha-irahana. Tapi aya katerangan tina makalah Muhamad Iskandar, Pemberontakan Kaum Priyayi Bandung 1893: Suatu Penelitian Awal (1985). Dina taun 1893 balap kuda di Tegallega téh geus aya. Malah dipaké salah sahiji sasaran dinamit.

Mimitina mah kieu. Lantaran teu kapilih jadi bupati, patih Bandung R. Soemanagara jeung wadia-balana baruntak. Nganti-nganti bupati anyar, R.A.A. Martanagara, cunduk ka Bandung. Nya dina tanggal 14 Juli 1893, dinamit nu dipasang di papanggungan tempat balap kuda dibeledugkeun. Ti dinya mah urusan jadi manjang. Nu boga pokalna nepi ka unggah baléwatangan. Nepi ka dibuangna.

Sok dimimitian poé Saptu balap kuda téh. Méméh dibuka, tangtuna sasayagaan heula. Umbul-umbul warna-warni dipasang di sabudeuren alun-alun jeung saparat jalan ti puseur kota nepi ka Tegallega. Atuh kuda nu rék sina balap, dipamérkeun heula di alun-alun. Para sudagar tihothat sasadiaan keur ngajamu tatamu. Malah Tuan Homann mah ngahaja nginjeum heula paparabotan jeung karéta kuda ka Bupati R.A.A. Martanagara.

Sanggeus dibuka, breng tatabeuhan korps musik soldadu jeung korps musik ti kabupatén, piligenti. Milu ngareuah-reuah. Cenah mah kuda dalem remen jadi pinunjul dina éta acara balap kuda téh.

Ramé pisan cenah Tegallega téh keur aya balap kuda mah. Ti suklakna ti siklukna pada datang. Nu ti kota séjén gé sarumping. Malah aya nu ti mancanagara sagala rupa. Éta téh yasana Vereeniging Tot Nut van Bandoeng Omstreken.

Éta paguyuban remen ngayakeun promosi pariwisata keur kota Bandung. Kaasup adverténsi balap kuda di Tegallega, tangtuna gé. Tuan-tuan kawasa kontrak (Preangerplanters) mah aleut-aleutan maké béndi ngajugjug Tegallega.

Tina buku Sunda gé aya gambaranana. Samsoedi motrét dina Jatining Sobat (1931, citakan ka-2, 2002: 49). Kasang caritana taun 1906. Kumaha raména di Tegallega, geura urang cutat:

Harita di jalan-jalan anu brasna ka Tegallega teu wudu ngadak-ngadak ramé, sabab jelema-jelema ti suklakna ti siklukna daratang rék lalajo ngadu kuda.

Di tegal leutik, nu pernahna sakuloneun tegal pangaduan, disadiaan sababaraha puluh elos jeung jongko-jongko pikeun pamaénan jeung karasménan, saperti: maén colok, ngalung geulang, lotré, maén botol, maén sintir jeung réa-réa deui.

Tongtonan anu dikurubeng ku bilik atawa ku layar ogé réa pisan, saperti: cémén, maén sulap, kamédi jungkir, kamédi oray, istambul jeung jaba ti éta. Tatabeuhanana ngaguruh patarik-tarik teu puguh déngékeuneunana.

Jelema-jelema anu lalajo pabaliut jeung tingalasrék, aya nu mapay-mapay elos pamaénan, aya nu mapay-mapay kana tongtonan jeung sawaréh mah terus muru kana papanggungan baé, sieuneun kaporotan lalajo ngabalapkeunana kuda.

Ku ayana balap kuda téh réa nu untung. Tapi teu saeutik nu rugi. Cek Sobana mah cenah, nu aruntung mah nu daragang, nu ngawarung, nu noko, jeung nu nyéwa-nyéwakeun kandaraan.

Ngan rugina gé leuwih-leuwih. Salila acara lumangsung, sakola ngahaja sina peré heula. Réa nu ngadu jeung nyopét. Antukna, sakumaha anu kabaca tina Semerbak Bunga di Bandung Raya, réa nu pepegatan sanggeus réngsé balap kuda téh. Pédah éléh ngadu. Atawa lantaran pamajikanana hayang dipangmeulikan perhiasan, tapi kabedag ku eusi pésak salakina. Da kapan di dinya téh sok dipaké tempat pamér perhiasaan. Nyonya-nyonya Walanda jeung istri-istri bangsa pribumi nu beunghar nu sok palamér perhiasan téh.

Tapi béh dieu, kaayaan lapang Tegallega téh teu pati diurus. Kitu nu kabaca tina Bandung Kilas Peristiwa (2006: 357-358) beunangna Sudarsono Katam.

Mimitina jaman dijajah Jepang. Tegallega sok dipaké tempat latihan peperangan. Tuluy antara 1950-1960 remen dipaké ngagelar pasar malem, rapat raksasa, jeung aktivitas balaréa séjénna. Tapi balap kuda gé kali-kali mah aya.

Nincak 1970-1980 najan geus ditamanan, Tegallega beuki katalangsara. Dug-deg tempat hiburan peuting, tempat ngadu, nu daragang pepelakan keur papaés, kolam renang, jeung Tugu Peringatan Bandung Lautan Api. Malah kabéjakeun sok dipaké adu-tawar awéwé bangor.

Taun 1990-an dug-deg wawangunan wawayagon, boh nu daragang kadaharan boh nu dagang bahan wawangunan. Ari taun 2000-an awal, Tegallega téh dipaké nampung nu padagang kaki lima. Pindahan ti Jl. Cibadak jeung Jl. Oto Iskandar di Nata.

Dina 2004 dina rarancang pamaréntah, Tegallega bakal dibalikkeun ka asal. Tanah ngablag keur umum dina wangun taman. Béh dituna rék dijieun samodél leuweung tengah kota jeung tempat olahraga. Keur naratasna, dina bulan April 2005 waktu mungkas acara miéling 50 Tahun Konferensi Asia Afrika, Tegallega dipelakan sawatara tatangkalan ti nagara Asia Afrika.***

1 Koméntar kana “Balap Kuda di Tegallega”

  1. ping 03-04-2008 tabuh 2:25can masagi

    Beu! Meni wararaas yeuh ngaos Bandung jaman baheula. Kantos ka taman Tegallega teh waktos masih TK keneh (1978). Di dinya kantos aya Taman Ria Tegallega. Harita oge kaayaananna sapertos teu kaurus pisan

Ngalebetkeun komentar