Barli Sasmitawinata
Dilebetkeun 19-06-2007 01:44
Kategori: Obituari
Parantos ngantunkeun pelukis kahot nu sumangetna kana seni teu weléh ngagedur téh. Taya deui guru nu béréhan nurunkeun sakabéh élmu ka saha waé nu daék diajar ngalukis, babakuna para nonoman. Barli Sasmitawinata pupus ping 8 Pébruari 2007 tabuh 16.30 WIK di RS Advént Bandung.
Barli dibabarkeun di Bandung 18 Maret 1921, ngawitan ngalukis taun 1935. Guruna nu munggaran Jos Pluimentz (urang Bélgia) tuluy Barli guguru ka pelukis Itali, Luigi Nobili nu harita nganjrek di Bandung. Nya harita Barli panggih jeung Affandi. Satuluyna jeung Affandi pisan sarta jeung Wahdi Sumanta, Héndra Gunawan, jeung Sudarso ngadegkeun Kelompok Lima Bandung.
Taun 1948, Barli ngadegkeun Sanggar Seni Rupa Jiwa Mukti. Sabada mulang ti Éropah taun 1958, Barli tuluy ngadegkeun Studio Rangga Gempol. Taun 1961 ngiring marajian Jurusan Seni Rupa IKIP Bandung. Barli gé ngadegkeun Balé Seni Barli di Padalarang.
Taun 1992 Barli ngadegkeun Museum Barli. Éta museum kiwari jadi salah sahiji puseur kagiatan kasenian di Bandung, lian ti jadi dokuméntasi lampah Barli salila puluhan taun minangka praktisi kasenian.
Ngawitanana mah dina taun 1930-an Barli téh ilustrator sohor di Balé Pustaka, Jakarta. Dipercaya deuih jadi ilustrator sawatara koran wedalan Bandung. Kaparigelna beuki nyongcolang dina taun 1950-an satutas ngalanglang buana ka mancanagara. Harita Barli kungsi diangkat jadi ilustrator dina majalah De Moderne Boekhandel di Amsterdam, jeung majalah Der Lichtenbogen di Recklinghausen, Jérman.
Barli ngulik seni lukis ti mimiti rumaja nepi ka meunang kasempetan diajar ka Perancis jeung Walanda. Kritikus seni Jim Supangkat dina bukuna "Titik Sambung," merenahkeun Barli Sasmitawinata minangka "geulang rantay" dua gugus kamekaran seni lukis Indonésia: seni lukis jaman kolonial jeung seni lukis modéren Indonésia.
Najan pelukis réalistik, Barli pohara pahamna kana lukisan abstrak. Saur Barli, seni mémang abstrak, seni téh nilai. Tapi méméh nincak kana gaya ungkap abstrak, atawa gaya séjénna, saperti réalis jeung éksprésionis, sawadina nu jadi pamiangan saban pelukis téh nyaéta teknik dasar ngagambar (drawing). Di antara cita-cita Barli téh hayang murid-muridna lain waé ahli ngalukis tapi deuih bisa hirup kumbuh babarengan jeung nu lian di lingkungan masarakat.***