Basa Hujan di Gunung Padang
Dilebetkeun 23-04-2008 08:27
Kategori: Sempalan
Catetan T. Bachtiar
Pucuk-pucuk entéh saleger haréjo. Jalan meulit nu kakara kaliwatan, kaciri ti mumunggang siga hurup S nu panjang. Sisi jalan, tangkal kai ngabaris, ngawangun komposisi abadi, walungan, pasir nu ting runggunuk, gunung nu ngabedega di kajauhan. Antara caang jeung ceudeum, antara ceudeum jeung besem, terus silih tukeuran sorot panonpoé, nu kadangkala terus nyumput na kandelna halimun nu meulit pasir, ngabaguded gunung.

Jalan ka Gunung Padang (potrét: T. Bachtiar)
Baseuhna hawa geus kaangseu. Kulit soropot, bulu-buluna rajeg niiran tiis, nu beuki lila beuki naranceb ka jero kulit. Tengah poé harita téh, tapi hawa kacida tiisna. Asana, beuki deukeut ka Gunung Padang, kandaraan téh bet beuki lila waé nepina. Meusmeus reg, meusmeus reg teu kaur maju.
“Euleuh itu aya walungan di kajauhan, itu …, itu … aya manuk ngagelik kakalayangan. Palih ditu aya view nu saé, nu éndahna”, ceuk nu saurang ditémbalan ku nu séjén.
“Itu aya gunung dihalesduk pepedut!” ceuk nu lian basa mobil kakara gé ngeyetek deui dina jalan taneuh nu leueur.
Unggal eureun, bet siga nu teu bosen-bosen, terus nyeuseup segerna hawa nu pinuh oksigén nu teu kawatesan ku kemasan, tur moal ditagih bayaran.
Hujan mimiti turun. Lebah masjid di lembur Cimanggu, aya warung. Di dinya pisan rombongan istirahat jeung solat. Nu kagungan warung ngabagéakeun, “Mangga dicobian, ieu mah cau ti kebon, asak na tangkal.”
Bu haji ngasongkeun téko bari memener korsi plastik di buruan, mamaksa sangkan ngobrolna di jero bumi.
Kakara gé nepi di suku Gunung Padang, breg deui hujan, bet siga nu moal raat gancang-gancang.
Tétéan tina batu parasagi nu disusun umpak-umpakan geus kaciri deui. Hujan kari butitina. Di suku pasir aya sumur cinyusu nu tara garing. Sigana mah ieu sumur téh tempat susuci nu rék maruja mangsa jaman mégalitik, 3000 taun katukang. Ieu tempat terus jadi tempat pamujaan mangsa Hindu/Buddha ti Karajaan Pakuan Pajajaran. Malah tepi ka ayeuna pisan, tradisi mégalitik téh masih kénéh aya nu neruskeun. Di palataran batu-batu démprak atawa batu nu rajeg, kaciri aya duwegan, surutu, endog, kembang telon, jeung tapas nu geus géhéng urut ngukus.
Gunung Padang téh lahir ku sabab aya magma nu panasna saréwu darajat, neken, terus norobos lapisan kulit dunya nu pang luhurna nepi kana beungeut taneuh. Tapi, ieu mah tanagana teu nepi ka nyababkeun jadi bitu. Gunung nu kitu disebutna téh gunungapi intrusif. Sedengkeun gunung nu bitu disebut gunungapi ékstrusif.
Sanggeus lila, éta magma téh tiis jadi garing. Ibarat leutak di sawah atawa balong nu kagaringan, geuning sok bareulah ngahgar, di tengahna ngawangun kotak-kotak taneuh parasagi. Magma gé sarua kitu, sanggeus neken ka luhur, sanggeus garing ngawangun tihang-tiang batu parasagi (columnar jointing) nu pohara teuasna. Pasir-pasir nu aya di dieu, lolobana mah kajadianana téh kitu. Jadi, lain ngan Gunung Padang nu diwangun ku tihang-tihang batu. Ti kajauhan kaciri, Pasir Pogor nu diwangun ku tihang-tihang batu andesit keur digalaksak diruksak, dialaan batuna maké béko. Nya kitu deui kuloneun Gunung Padang, di dinya aya tihang-tuhang batu nu kajadianana éstu hasil prosés alam. Tapi, pasti manusa nu maruja jaman mégalitik miboga alesan nu pohara kuatna naon sababna Gunung Padang jadi tempat pamujaan.
Asalna mah kawasan Cianjur téh mangrupa lautan, terus kaangkat jadi daratan antara 25,2 - 5,2 juta taun katukang. Kulit dunya téh, saéstuna mah henteu angger nambleg, tapi terus salilana maju ibarat méga-méga di angkasa. Arah majuna kulit dunya ieu aya nu paadu silih teken, aya nu sili jauhan, nu ngalipet, aya ogé nu ngagésér ka gigir. Di ieu kawasan, mun disidik-sidik mah, loba bagian lahan nu rekah beulah manjang ngagurat. Tangtu, potongna kulit dunya itu henteu sakaligus, tapi dina mangsa nu lila. Panjangna bisa puluhan koliméter, malah bagian kulit dunya nu ngabelesek ka handap bisa mangratus-ratus méter jerona. Bagian-bagian nu kieu mindeng jadi tempat norobosna lava. Antara 5,2 - 3,5 juta taun katukang, magma norobos kulit dunya ngawangun gunungapi intrusif di wewengkon Cianjur kidul, salah sahijina nya Gunung Padang.
Batuan torobosan nu mangrupa tihang-tihang batu ieu nu ku manusa mangsa mégalitik dijadikeun tempat pamujaan. Batu nu mangrupa tihang-tihang dilelemah dibéréskeun, disusun diumpak-umpak. Di gigirna diwatesanan ku batu nu rarajeg, di bagian séjénna tihang-tihang batu ditumpuk, di tengahna aya tihang batu nu ditangtungkeun diajegkeun, minangka paranti ngawadahan kakuatan di luar dirina nu dipercaya mangsa harita.
Mun ningali wujud wangunan lima umpak tempat pamujaan jaman mégalitik nu sakitu gedéna, pasti ieu tempat téh dipaké pamujaan dina kagiatan réligi di kalangan masarakat mégalitik nu aweuhanana leuwih gedé.
Halimun mulas pasir. Beuki lila koas raksasa téh geus ngawarnaan kabéh pasir di sabudeureun Gunung Padang jeung gunung-gunung nu ngalamuk di kajauhan. Sakabéhna dipulas ku warna bodas haseup nu karasana bet beuki cambéwék. Geus teu kaciri nanaon di sabudereun kuring iwal ti halimun nu meulit. Hujan ngagebrét deui. Angin metik kacapi kacapi hujan ngajentréngkeun wirahma simpé.
Hujan kari girimisna. Panon poé nyaangan deui, tapi teu lila. Halimun nu kandel meulit ngunung-ngunung mayung ka awang-awang. Nangtung di éta palataran, rarasaan téh bet asa ngapung, napak dina méga-méga.
Leuleumpangan di palataran Gunung Padang mangsa hujan geus lekasan, luhureun jukut nu cipruk di antara balok-balok batu nu pasoléngkrah, loba hal nu jadi kaciri, tapak-tapak alam nu jadi tapak budaya, nu kudu dijawab dijelaskeun sacara kaélmuan. Dina balok-balok batu-batu nu ting galolér, aya cai nyalangkrung dina batu legok nu lemes tur buleud, siga liang pangcongklakan. Mun batu lalegok kitu dikumpulkeun deui, disusun deui dipapantes, boa bisa ngajawab tatarucingan, naha bener wangunan umpak-umpakan titinggal ti mangsa mégalitik saperti Gunung Padang ieu jadi pajaratan salian ti jadi tempat pamujaan? Atawa batu nu lagegok tadi téh jadi kalamangsa nu bisa dijadikeun patokan mangsa-mangsa ngahuma?
Bet jadi panasaran, unggal aya cai nu nyangkrung dina batu, buru-buru ditawu ku ramo, dituuskeun. Euleuh geuning nu ieu mah siga tapak suku. Nu éta mah geuning siga tapak maung. Naha ieu téh ngan saukur jieunan alam tur teu dipaké nanaon, atawa jieunan alam tapi dipaké nanaon? Bisa ogé ngahaja dijieun tur keur kapentingan réligi atawa tanda kakawasaan mangsa dijieunna éta tapak suku atawa tapak maung?
Panon poé bijil deui sanggeus girimis raat. Puncank-puncak gunung ngalamuk paul dibeulit halimun kaciri deui wujudna. Di satukangun pasir-pasir nu rentul ngurilingan Gunung Padang, kaciri samar-samar Gunung Gedé lempeng pisan hareupeun wangunan umpak-umpakan ieu. Bisa jadi gunung ieu nu jadi tempat nyanghareupna situs mégalitik Gunung Padang. Bet asana téh moal enya tempat pamujaan nu sakitu gedéna nyanghareup ka pasir nu leuwih leutik, najan ngaranna Pasir Karuhun.
Mun ningali kana badagna situs mégalitik Gunung Padang, tangtu ieu patempatan kudu nyanghareup ka tempat nu dianggap leuwih suci tur kakuatanana leuwih badag. Jeung deuih, moal aya nu wani ngajadikeun tempat pamujaan jadi tempat panganjrekan, najan manéhna dianggap suci tur sok mingpin upacara réligi. Pasti manéhna bakal nganjrek di tempat lain, di Pasir Karuhun, upamana. Jadi, moal enya Pasir Karuhun nu jadi tempat panganjrekan pingpinan réligi dijadikeun arah nyanghareupna ieu tempat pamujaan.
Girimis masih kénéh turun di Gunung Padang. Cihujan nu nyarangsang na daun kaliandra ting paralak katiup angin basa turun na tétéan témbok buatan jaman réformasi. Hanjakal dijieunna asal-asalan.***
T. Bachtiar, anggota Masyarakat Géografi Indonésia jeung Kelompok Riset Cekungan Bandung.