Basa Sunda di Pasantrén

Ku Lugiena Dé

NEPI ka sababaraha abad mah pasantrén-pasantrén di Tatar Sunda maké basa Sunda minangka basa panganteurna. Boh éta keur hutbah, boh dina keur ngaji bandungan ku santri-santri. Ngan sabada dimimitian modérenisasi pasantrén–pangpangna sabada gubragna Orde Baru- éksisténsi basa Sunda minangka basa panganteur mimiti kadéséh.

  Jaman Orde Baru, mimiti dug-deg pasantrén modéren. Sistim katut prosés atikanana réa nu niron ka lembaga-lembaga atikan formal. Pasantrén harita mimiti wawuh jeung kurikulum, SPP, ijasah, lengkep katut unak-anik “perangkat pendidikan”. Ngaji téh ayeuna mah jadi sarua jeung diajar di sakola. Santrina diseragam. Diajarna dina bangku, teu bari diuk sila atawa bari ngadapang, turta unggal taun kudu nyanghareupan ujian.

  Teu matak jadi bangbaluh ari lebah modérenisasina mah. Da meureun atikan di pasantrén gé sarua kudu maju, nuturkeun kamekaran jaman. Ulah nepi ka aya stigma santri budug jeung kuuleun deui. Pasantrén kudu satata jeung sakola umum lianna.

  Ngan nu jadi pasualan, basa panganteurna gé bet milu ganti jadi maké basa Indonésia. Padahal robahna ieu kabiasaan téh aya rambat kamaléna kana kamekaran da’wah basa Sunda. Pangpangna di wewengkon perkotaan saperti di Bandung, nu mémang deuih masarakatna gé geus kacida hétérogénna.

  Nepi ka ayeuna can manggihan data panalungtikan ngeunaan da’wah nu maké basa Sunda. Kitu deui ngeunaan lembaga pasantrén anu masih kénéh mertahankeun basa Sunda minangka basa panganteur. Sabaraha perséntaseuna, lebeng can kakoréh.

  Ngan nu remen kawénéhan maké kénéh basa Sunda mah, nyaéta di pasantrén tradisional. Basa Sunda masih kénéh dipaké ampir dina sagalarupa aspék kahirupan pasantrén. Da ngaji bandungan gé kapan sok ku basa Sunda kénéh. Ti mimiti ngalugot (narjamahkeun per-kecap. Biasana ditulis luhureun lapad Arab-na), nerangkeun, tug nepi ka napsirkeunana pisan.

  Sabalikna di pasantrén modéren mah. Basa Sunda téh ukur jadi basa kadua, nu dipakéna keur kaperluan komunikasi sapopoé wungkul. Éta gé kudu pabetot-betot. Da di sawatara pasantrén mah kapan aya kawajiban kudu maké basa Arab jeung Inggris, dina waktu-waktu anu geus ditangtukeun.

  Kituna téh meureun lantaran pasantrén modéren mah geus asup kana kolom lembaga atikan formal. Hartina daék teu daék wajib maké panganteur basa Indonesia, nu réngkol aturanana aya dina salasahiji pasal UU Sisdiknas nu geus 53 taun can dirobah kénéh.

  Lantaran basa Sunda tara dipaké pikeun basa panganteur, kamampuh nyarita basa Sunda santri jeung ustad jadi handay. Da basa Sunda anu kacangkingna ukur samet komunikasi dialog anu teu formal téa. Lebah komunikasi monolog anu formal mah, saperti dina pangajian atawa ngajar, angger gupay-gapay kénéh. Tarégtog, tuluy béakeun rénghap. Da horéng dina komunikasi monolog mah référénsi kecap, runtuyan kalimah, katut nepikeun eusi caritaan téh béda pisan jeung komunikasi dialog anu teu formal tur singsarwa praktis.

  Nya nu remen kajadian, antukna ustad téh pasrah maké basa gado-gado (campur kode). Atawa banting setir pisan kana basa Indonésia, bari tuluy tamada ka mustami.

Mertahankeun Tradisi

  Punjulna da’wah wali songo téh lantaran maké média budaya, kaasup basana. Kamampuh nyarita basa Sunda gé saenyana bakal jadi salasahiji pangirut dina ngamekarkeun da’wah. Da mémang dina kanyataanana masarakat masih kénéh nyarita ku basa Sunda. Sacara émosional masarakat bakal leuwih narima saupama maké média basana sorangan.

  Kadéséhna basa Sunda di pasantrén mémang karasa pisan ku nu nulis, basa nyuprih élmu di pasantrén. Mungkin waé salian ti kasengker ku katangtuan dina UU Sisdiknas, ogé lantaran sawatara tradisi anu geus aya ti béh ditu mula teu dipertahankeun. Contona waé dina tradisi ngalugot, nu di pasantrén modéren mah réréana maké basa Indonesia. Meureun kituna téh lantaran kitab anu dipaké réréana asli produk Timur Tengah, anu mémang can aya tarjamahanana. Béda deui jeung kitab konéng anu dipaké di pasantrén tradisional. Salian ti ditulis ku ajengan-ajengan lokal, kitab konéng mah biasana sok geus meunang narjamahkeun.

  Ayeuna réa pasantrén anu geus jadi lembaga atikan formal. Pasal ngeunaan kawajiban maké panganteur basa Indonésia dina UU Sisdiknas gé can dirobah kénéh. Alusna mah ku nu baroga pasantrén ulah dikeukeuhan teuing. Pangajaran-pangajaran anu sakirana bisa ditepikeun maké basa Sunda mah—pangpangna pangajaran agama—mending tepikeunana maké basa Sunda. Peun waé basa Indonésia mah dipakéna dina pangajaran-pangajaran umum, nu mémang can ilahar diterangkeun maké basa Sunda (saupama maké ukuranana kailaharan). Da sidik ieu mah kapentinganana agama, teu sakadar budaya jeung basa wungkul.

  Saupama aya santri anu béda basa daérahna, teu kudu dijieun halangan. Da dibandingkeun jeung jumlah urang Sunda muslim anu kudu dihutbahan, pastina gé perséntaseuna jauh mela-melu. Nya balik deui kana pertanyaan; mana nu leuwih penting?

  Ongkoh deuih da moal katulungan najan geus aya pangajaran basa Sunda gé. Heueuh, da paling loba gé ukur dua jam pelajaran dina samingguna téh, sarua jeung di sakola formal séjénna. Bari kudu pebetot-betot deuih. Da di pasantrén mah pangajaranana leuwih réa batan sakola formal biasa.

  Ulah sieun dituduh sukuisme deuih. Da senyana mah geus aya payung hukumna dina rékoméndasi UNESCO taun 1952, ngeunaan perluna basa indung dipaké basa panganteur dina atikan. Komo deui Jawa Barat mah geus boga Perda No. 5 taun 2003. Batan karahaan lantaran teu dilaksanakaeun ku Pemprop Jabar, mending dilaksanakeunana ku lembaga pasantrén. Da geuning masing geus aya UU No 22 Taun 1999 nu ngatur masalah wewenang ngurus rumah tangga sorangan (Otda), nepi ka ayeuna urusan basa jeung budaya mah can diurus.

  Cénah ayeuna téh ulama-ulama di Jawa Barat ngangluh, lantaran réa misionaris anu ngasruk ka pilemburan, bari maranéhna paséhat nyarita basa Sunda. Tah, naha urang Islam rék tinggaleun, bari ngangluh tuluy-tuluyan?

*Pangarang, mahasiswa Jurusan Basa Sunda UPI. Kungsi nyantri di Pasantrén Persis 92 Majaléngka.

2 Koméntar kana “Basa Sunda di Pasantrén”

  1. ping 08-04-2008 tabuh 6:03Deni Nugraha

    Seratan saderek sae pisan. Simkuring ngaraos reueus sabab nulis ngeunaan kaayaaan basa sunda di pasantren.Simkuring mangahanjakalkeun basa Sunda arang langka dipake di pasantren kitu oge oge susulumputan makena teh di pasantren alumni Gontor. Sami pisan saperti nu kaalaman ku simkuring nu kungsi masantren di salah sahiji pasantren alumni Gontor. Basa Sunda jadi basa nomer panungtung pikeun komunikasi antara santri jeung santri atawa santri jeung ustad. Ku ayana seratan saderek mugia para mubaleg sareng para kiyai kabuka hatena keur ngagunakeuin basa Sunda kalayan ihlas.

  2. ping 26-05-2008 tabuh 8:23setiawan setia

    Saluyu… panuju… sobat,
    Tah tinggal urang nu ngalakonan, yu urang mumule basa indung urang teh, da ningan undak usuk basana teh ngenah kana hate. Tata krama jeung nu lian asa payus mun di pakena teh…, maka basa anteran anu minangka leuwihna ti bahasa batur.. nu ngajadikan urang leuwih ngarti tur jentre.. kahartina. Mun bisamah tulisan dina basa sunda urang (hanacaraka ….) dipelajari deui.. urang bikeun ka anak incu urang supaya kenaleun kana tulisan tur basa indung anu sakitu mundelna, sabab ayeuna geus waktuna balik deui kana sajarah nu baeula…, mimiti katingali agungna ki sunda teh.. titenan dina sajarah ayana ieu alam indonesia (nusantara nu saha ?). Sobat yuu urang punjulkeun ki Sunda babarengan. Mugia laksana. amin

Ngalebetkeun komentar