Nu Katilu (1)
Dilebetkeun 25-01-2008 04:32
Kategori: Carita Nyambung | Teu aya Komentar »
Carita Nyambung Holisoh MÉ
SALAKI ngingkig balik, rék muru pamajikanana nu kahiji. Aya nu nyérését dina sela-sela dada.
Tapi asana téh manusiawi, da kuring téh manusa. Boga rasa nyeri, boga rasa peurih. Kuring yakin, boh pamajikanana nu kahiji boh nu kadua gé haténa bakal sarua jeung kuring mun ditinggalkeun kilir ku salaki téh. Sabab manéhna gé sarua awéwé, sarua manusa, lain malaikat.