Dilebetkeun 14-05-2008 12:53
Kategori: Carita Pondok | Teu aya Komentar »
Carpon Lugiena Dé
BASA hapé ditutup, haté geus mimiti medenghel. Asa ku taya ombér pisan tuda. Keukeuh wé, carékna kudu téh kudu. Teu bisa ditawar deui.
“Rubrik kriminal hiji deui. Wayahna ngundeur heula,” pokna, cikénéh dina télépon.
Terasanana »
Dilebetkeun 19-06-2007 01:58
Kategori: Carita Pondok | 5 Komentar »
Carpon Santi W. Kamil
Can lila wawuh ka Kang Indra téh. Panggih gé kakara sakali. Eta ogé mun teu salah mah sataun kaliwat. Cék kuring mah manéhna téh teu kasebut babaturan. Upama disebut wawuh ogé meureun kaasupna wawuh munding baé. Ngan saliwat.
Matakna kuring ngarasa héran basa dina hiji peuting kuring nampa sms ti Kang Indra. Eusi […]
Terasanana »
Dilebetkeun 18-06-2007 04:44
Kategori: Carita Pondok | 1 Komentar »
Ku Hérmawan Aksan
BOGOH pisan kuring téh ka manéhna. Nu matak, manéhna kudu perlaya poé ieu pisan. Euweuh deui jalan séjén.
Patrem geus kudu lugay, sanggeus welasan taun cirekem minangka pusaka di jero kotak kai kibeusi nu digembok tur disimpen di juru gudang. Bangga kacida mukana gé lantaran gembokna geus tihiangan, turta lantaran inget kénéh geus diwanti-wanti […]
Terasanana »
Dilebetkeun 18-06-2007 04:41
Kategori: Carita Pondok | 2 Komentar »
Ku Darpan
SUTAWIRA leuleuweungan, ngarah lalampahanana teu kasusud ku rupa-rupa sinyal HP anu salila ieu ngagimbung lir laleur ngagembrong bangké. Ongkoh asa geus lila teu ngasruk-ngasruk dungus. Bras ka sisi leuwi. Leuwi tempat biasa manéhna nguseup bari ngahening, baheula. Da ayeuna mah bororaah kana nguseup, teu bisa nyénghap-nyénghap acan. Masalah di kantorna apan sakitu nambruna jeung […]
Terasanana »
Dilebetkeun 18-06-2007 04:38
Kategori: Carita Pondok | Teu aya Komentar »
Ku Syarif Amin
Ki Kerta jelema dadag. Kolom jangkung gedé malah. Teu loba di lembur kuring mah pantar kitu téh. Pipanteseunana téh jelema posokol pisan, segut maculna, rosa naktak-mundakna, ludeung kana gawé badag, sologoto bobolokot, cara kitu prahna lalaki di lembur kuring, ari lain kolot rérémpo mah.
Tapi Ki Kerta sabalikna. Jéjérégéd pisan sakalian kapaksa ogé, nyabak […]
Terasanana »
Dilebetkeun 18-06-2007 04:36
Kategori: Carita Pondok | 3 Komentar »
Ku M. Sasmita
POÉ Minggu ngajak budak ulin ka toko buku. Éta tuda ti kamari ngaéh baé hayang buku catetan leutik pulas kayas. Teuing keur naon, da ditanya téh ukur nyebut keur catetan. Diayunkeun wé kahayangna téh, sakalian rék néangan buku séjénna.
Budak téh jigrah pisan. Di toko buku taralang-tereleng ka ditu ka dieu. Rada kawalahan kudu […]
Terasanana »
Dilebetkeun 18-06-2007 04:34
Kategori: Carita Pondok | 3 Komentar »
Ku Chyé Rétty Isnéndés
Lebaran ayeuna mah béda jeung lebaran-lebaran tujuh taun ka tukang. Béda téh, béda dina haté nu ngarandapanana. Kuring. Tina haté tuluy kana lahiriahna, waruga jeung status. Status kuring.
Tina éta status, kuring moal mungkin bisa nyaruakeun atawa nganggap sarua kalungguhan kuring ayeuna. Tuluy nganyam silaturahmi nu sarua jiga baheula, nguntun tipung duduluran, ngépang […]
Terasanana »
Dilebetkeun 18-06-2007 04:33
Kategori: Carita Pondok | 1 Komentar »
Ku Sénny Suzanna Alwasilah
GEUS lila teu mulang ka lembur. Lain teu sono ka nu jadi kolot, tapi teu boga keur ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, dalah keur dahar sapopoé gé nganjuk heula ka warung Bi Otih, da geus biasa ieuh, engké di mana aya kiriman kakara dibayar. Ongkoh mahasiswa anu indekos di dinya mah […]
Terasanana »