Cupumanik No. 59/Juni 2008
Dilebetkeun 09-06-2008 03:32
Kategori: Cupumanik Édisi Citak | Teu aya Komentar »
Nataan ngaran tempat tangtu bakal loba rambat kamaléna, lantaran teu cumpon ku nyawang ngan tina salah sahiji aspék wungkul. Kudu dijujut tina rupa-rupa béja nu nyampak di satukangeunana. Kumaha pakuat-pakaitna antara ngaran tempat jeung éta informasi?
Cupumanik nomer ieu midangkeun seratan sabudereun sarsilahna patempatan di ditatar Sunda. Kawitna ieu jejer kungsi disawalakeun di Pusat Studi Sunda, dipedar ku Elin Samsyuri sareng Dédé Kosasih.