Seratan dina kategori 'Di Lembur Kuring'

Diajar Nyuling

Panineungan Ano Karsana

Diajar NyulingDI lembur, hareupeun imah téh aya pakarangan rada lega. Sok rajeun diparaké ulin barudak. Tapi lain keur ulin baé kétang, sok dipaké naon baé ilaharna di lembur. Cara keur usum panén upamana, éta pakarangan téh sok diparaké moé paré. Di sisina dipaké salayan. Salayan téh paranti nundeun eundanan paré baseuh anyar dibuat sanyatna ti sawah. Apan paré eundanan mah paranjang, ranggeuyan dialana téh, gagangna kurang leuwih sasiku panjangna. Ngalana maké étém.

Terasanana »

Kang Dayan pinter tur parugel ngajeujeut. Ngajeujeut nyieun kecrik,nyieun sair,jeung nyieun koja. Kitu Euceuna,Ceuk Enda. Akang jeung Euceu téh kapilanceuk.putra Ua,lanceukna ema. Duanana téh palinceng saupama dipapandékeun kana gawé ragabadag mah.jaman keur budak di lembur, sok nempo Kang Dayan nyieun koja,kecrik,jeung sair téh bahanna tina bola.lain tina kenur kawas ayeuna.

Terasanana »

Ngala Suluh

Panineungan Féndy Sy. Citrawarga

NGALA suluh, keur urang lembur mah geus jadi pangabutuh. Puguhanan hawu paragi masak téh apan kudu diwewelan suluh keur ngahurungkeun sakadang seuneu, ngarah nu dipasak asak tur bisa kadahar ku nu masakna.

Terasanana »

Ngala Turaés

Ku Féndy Sy. Citrawarga
AWAKNA butekel, panonna bolotot, jangjangna ipis siga palastik, aya gurat-gurat tingareli. Dina beuteungna nu pulas hideung jeung gading aya nu ngageret. Dina tonggongna gé aya geretna téh kelir bodas, aya nu ngagebleg bodasna téh aya nu
gigir kénca jeung katuhu wungkul. Sukuna genep, mun pareng ngaranggeum ramo téh karasa peureus.
Ari sorana teuing ku […]

Terasanana »

Ubar-Ubaran Harita

Panineungan Supriatna
DI lembur kuring harita, taun 50-an, jelema sakota katangkes ku dokter dua. Dokter Sanusi Galib jeung Dokter Junaédi. Doktor nyarebutna gé, lain dokter.
Duanana gé isuk-isuk mah darines di rumah sakit, da papada padamel negri. Soréna prakték di bumi masing-masing, dokter Junaédi peuntaseun Gudang Gumbira, péngkolan jalan Kebonkol, dokter Sanusi kaléreunana, pagigir-gigir jeung pakgadé.
Nu kabandungan […]

Terasanana »

Ngobor Belut

Ku Sutédja Sumadipura
Nu sok diobor téh bangkong, simeut jeung belut. Puguh baé aya bédana ngobor sato nu tilu téh. Ngobor bangkong (héjo) mah biasana mun sawah geus réngsé dipacul, atawa paré geus dirambét sakali. Sabab dina kaayaan kitu bangkong sok laliarna téh.
Demi pakakasna cukup dua rupa, obor jeung wadah. Kadieunakeun sok aya nu ngobor téh […]

Terasanana »

Tumpak Kuda Rénggong

Panineungan Féndi Sy. Citrawarga
PIRAKU bireuk kasenian Kuda Rénggong. Pangpangna keur urang Sumedang jeung sabudeurenana. Ieu kasenian jolna ti Buah Dua, sok ditanggap ku nu nyunatan. Pamirigna tanji atawa kendang penca.
Ilahar di lembur mah, mun budak geus nincak lima taun atawa leuwih, hég can disunatan, sok pada nanya. "Iraha disunatan, Otong?" atawa "Iraha rék tumpak kuda?"
Matak […]

Terasanana »

Tumpak Kuda Rénggong

Panineungan Féndi Sy. Citrawarga
PIRAKU bireuk kasenian Kuda Rénggong. Pangpangna keur urang Sumedang jeung sabudeurenana. Ieu kasenian jolna ti Buah Dua, sok ditanggap ku nu nyunatan. Pamirigna tanji atawa kendang penca.
Ilahar di lembur mah, mun budak geus nincak lima taun atawa leuwih, hég can disunatan, sok pada nanya. "Iraha disunatan, Otong?" atawa "Iraha rék tumpak kuda?"
Matak […]

Terasanana »

Sateuacanna »