Seratan dina kategori 'Éséy'

Kakawasaan

Kakawasaan (power) téh sipatna abstrak, tapi gedé pangaruhna kana kahirupan dina hirupkum­buh. Aya kakawasaan formal, anu dicekel ku jalma-jalma nu dibarendo, calik jadi ménak (pejabat) pama­réntah atawa nagara. Aya kakawasaan infor­mal, anu kapanggih di diri para tokoh masarakat, anu sanajan henteu nyangking kalunggguhan formal pama­réntahan, tapi sagala omongan sarta paréntahna diéstokeun ku balaréa. Biasana jalma nu kitu disebut kagungan karisma, atawa tokoh karis­matis.

Terasanana »

Nguyang Dahareun Sadunya

TAUN 2009 nu ukur bubulanan deui, pangeusi alam dunya bakal ngalaman nguyang. Kaku­rang­an dahareun. FAO, lembaga nu ngurus kaayaan pangan di PBB, geus nuduhkeun sabab-sabab pangna kajadian kitu. Nya­éta gagal panén, gangguan ben­cana alam, jeung sasayagian bi­nih nu beuki samporét. Réa akibat nu baris karandapan, nya­éta ngagejrétna produksi pangan jeung mumbulna harga kaperluan sapo­poé. Lian ti paré, gandum jeung jagong, dahareun séjén gé baris kabawakeun sisip. Kaasup bangsaning dadagingan. Akibat nu leuwih parna, manusa bakal nyanghareupan kakurang­an pro­té­in héwani jeung nabati, tur nandangan kasakit nu tacan aya piubareunana.

Terasanana »

Beusi Ayat Gusti

lg-irfan-beusi-01.jpgTuluy, lamun urang ngitung kecap “Allah” ti ayat munggaran Surah Al-Hadid tepi ka ayat 25 (nu aya kecap “hadid”), horéng kecap “Allah” téh muncul 26 kali, luyu pisan jeung nomer atom beusi (jumlah proton dina inti atom beusi). Subhanallah! Paingan Allah ngadawuh: “Saéstuna nu sieun ka Allah ti antara abdi-abdiNa ngan jalma-jalma nu baroga élmu.” (Surah Fathir 28).

Terasanana »

Mancakaki

Sapamanggih, urang Sunda mah umumna boga sikep positif kana kabiasaan mancakaki. Cindekna, dianggap merenah. Ieu téh bisa katengetan upamana dina sawangan Ajip Rosidi (Pancakaki, 1996). Tapi naha bener mancakaki téh mibanda konsép nu mulus? Ti antara pamanggih nu pernah katiténan, mancakaki dianggap perlu pikeun ngaraketkeun duduluran, manjangkeun silaturahmi. Saha nu kaabotan atuh kana perkawis ieu mah. Tapi urang tetep kudu waspada kana akibat négatif nu bisa jadi aya mamalana. Jeung kudu ditarékahan panyinglarna.

Terasanana »

Nu Kokoro

KOKORO téh miskin téa. Malah sakapeung mah sok diémbohan jadi kokoro nyoso malarat rosa, hartina miskin kabina-bina. Jalma kokoro sok dipapandékeun ka nu dahar soré henteu isuk, hésé néangan sandang pangan. Sababna mah bisa rupa-rupa, lantaran teu boga pagawéan, atawa (mun di lembur) keur kaserang paceklik panjang.

Terasanana »

Kudu Walatra

Ari kabeneran nyaba ka kota Kuningan, atawa kukurilingan di kabupatén Kuningan cara di Luragung, Linggarjati jeung sajabana, haté sok henteu weléh muji ku sabab jalan-jalan anu diliwatan, sanajan sakapeung aya nu rada ruksak, tapi umumna laleucir, jiga anu henteu weléh ditalingakeun, gancang dibenerkeun lamun aya nu korowak sautak-saeutik, komo anu di jero kota mah.

Terasanana »

Balap Kuda di Tegallega

taman-tegallega1.jpgTEGALLEGA téh baheulana mah tanah ngablag. Perenahna kiduleun alun-alun Bandung. Malah nepi ka taun 1930-an mah, éta téh tungtung kidulna kota Bandung. Asalna mah tanah kagungan Bupati R.A. Wiranatakusumah IV. Balap kuda jaman Walanda gé tempatna téh di Tegallega. Cék nu légég mah sok disebut Tegallega Raceterrein, atawa lintasan balap Tegallega.

Terasanana »

UN jeung Moralitas Bangsa

UNGGAL taun murid-murid sakola di satungkebing Indonésia nyanghareupan Ujian Nasional (UN). Ti anggalna kénéh sakabéh sakola di Indonésia tatan-tatan. Pemantapan, try out, jeung latihan ujian terus digederkeun. Harepanana iwal hiji: siswa-siswi di unggal sakola bisa lulus kalawan hasil nyugemakeun.

Terasanana »

Sateuacanna »