Seratan dina kategori 'Éséy'

Mitos

MITOS téh tina basa Walanda mythe atawa tina Inggris myth, asalna tina bahasa Latin mythos, hartina dongéng-dongéng anu ku hiji masarakat dianggap kajadian anu enya kungsi karandapan ku karuhunna patali jeung sajarah katut kayakinan anu jadi cecekelan éta masarakat, biasana réa anu fantastis jeung garaib. Éta kecap aya patalina jeung kecap mitologi, nyaéta susunan dongéng-dongéng anu dipercaya ku hiji masarakat téa, di sagigireun harti anu muncul béh dieu nyaéta élmu anu ngaguar mitos-mitos. Nu dianggap kaasup kana mitologi téh legénda jeung saga.

Terasanana »

Pangalaman Diajar Basa Sunda

julian_millie.jpgAri urang Sunda pohara bédana. Cék pangrasa, urang Sunda mah kawasna nganggap basana téh basa nu leuwih matak senang. Komo deui di pilemburan. Kuring boga katineung nu kawilang réa tumali jeung pangalaman diajar basa Sunda di pilemburan! Biasana mah kawas kieu: aya kolot nu mimiti nataan kecap-kecap katut istilah-istilah basa Sunda, contona rupaning kecap nu dipaké pikeun nuduhkeun paripolah lalangkarakan, bari jeung dipetakeun. Atuh ger wé nu ngariung saleuseurian. Beuki lila beuki tarik. Enya gé kuring teu ngarti naon piseurieunana, tapi teu wudu milu seuri lir nu katépaan.

Terasanana »

Serat Saliwat

Haturan Kang Gugum

Ku Godi Suwarna

Kumaha wartos di Bandung, Kang? Hujan waé, sanés? Sami di Ciamis ogé. Padahal tos sasih Méi ieu téh. Biasana mah apan tos nincak halodo. Tétéla, usum téh tambih teu puguh. Kalah ngecrek geura ieuh. Tiris baé. Asa hoyong kukap-keukeup baé ieu téh. Di Bandung onaman seueur, sanés? Ninggang di Ciamis, mung kantun Si Pelem, Indung si Kucrit, nu haat kénéh dikeukeupan ku manula modél sim uing. Najan tos asa ka soang, Kang! Pira ge soang, nanging angger sieun ari dilodok mah.

Terasanana »

Basa Daérah

Éséy Ajip Rosidi 
Istilah “basa daérah” ilahar digunakeun. Boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia, lamun aya nu ngagunakeun istilah “basa daérah” tangtu maksudna basa Suda, basa Jawa, basa Bali, basa Batak, basa Bugis jeung basa lianna anu di Indonésia jumlahna leuwih ti 700 rupa. Istilah “basa daérah” biasana dibédakeun tina “basa Indonésia” jeung “basa […]

Terasanana »

Manakiban jeung Pangaosan Layang Séh

Tapak lacak pangaruh Abdul Qadir dina tradisi Sunda pohara euyeubna, babakuna dina widang sastra. Ti antara koléksi naskah Sunda, téks nu pangréana kapanggih téh nyaéta naskah-naskah kayaning Wawacan Layang Séh atawa Hikayat Abdul Qadir, nu eusina karomat-karomat Abdul Qadir.

Terasanana »

Basa Sunda di Pasantrén

Ku Lugiena Dé
NEPI ka sababaraha abad mah pasantrén-pasantrén di Tatar Sunda maké basa Sunda minangka basa panganteurna. Boh éta keur hutbah, boh dina keur ngaji bandungan ku santri-santri. Ngan sabada dimimitian modérenisasi pasantrén–pangpangna sabada gubragna Orde Baru- éksisténsi basa Sunda minangka basa panganteur mimiti kadéséh.
  Jaman Orde Baru, mimiti dug-deg pasantrén modéren. Sistim katut […]

Terasanana »

MUN aya nu maké kopéah, geus ilaharna sok dipakaitkeun jeung umat Islam. Pan geus biasa, éta tutup sirah nu luar-jerona dijieun tina buludru lemes téh sok dipaké solat atawa kagiatan séjénna. Henteu ari wajib mah, ngan sabagian umat Islam sok maké kénéh kopéah minangka tradisi. Malah, Bung Karno mah unggal nepungan balaréa téh sok maké […]

Terasanana »

Naha Rupa Wayang Teu Siga Jelema?

Ku Tatang Sumarsono
WAYANG ngalalakonkeun kahirupan manusa. Enya, kahirupan sapopoé. Hanas aya bagian carita nu teu manjing di akal, éta mah ukur pangjangkep reujeung papaés—kawas kasuktan-kasaktén, alam kahiyangan, atawa sasatoan bisaeun nyarita. Da ari dina jejerna mah, kitu deui ajén-inajén anu dikandungna, éta téh sagemblengna meunang ngaludang tina kahirupan urang.
Ngan anéhna, naon sababna bentuk wayang teu […]

Terasanana »

« Saterasna - Sateuacanna »