Seratan dina kategori 'Éséy'

Gambar Maung keur nu Padungdung

CAN lila, 20 Méi nu kaliwat, Komando Daérah Militér III/Siliwangi ngayakeun milangkala. Teu réa nu terang, pasukanana nu meunang ngeprik ti kalangan rayat Jawa Barat téh mimitina mah kaayaanana téh sing sarwa walurat. Geura wé tengetan kumaha lalakonna tepi ka aya lambang Siliwangi basa ieu pasukan ngayakeun milangkala nu munggaran.
Kodam III/Siliwangi maké lambang maung […]

Terasanana »

Ngaréhab Bank

Ku Asép Ruhimat

Geus jadi kacapangan guru, umumna pagawé negeri. Basana téh, rék ngaréhab bank. Maksudna, lain guru atawa pagawé negri rék ngoméan kantor bank, duméh éta bank milik pamaréntah, lain. Tapi, rék manjangkeun jeung ngagedéan hutang, bari hutang nu ti heula gé can lunas.
Upamana waé, injeuman nu ti heula téh Rp 27 juta, can lunas. […]

Ngabasakeun Akang Tétéh

Ku Éris Risnandar

"Wawuh" ka akang tétéh téh nalika asup ka jurusan sastra Sunda Unpad. Maksud téh mimiti wawanohan sarta ngalarapkeun éta kecap dina hirup kumbuh sapopoé di kampus. Pangpangna keur ngabasakeun lanceuk-lanceuk entaragan.
Salila di lembur tara ieuh pirajeunan ukang-akang tutah-tétéh ana campur gaul téh. Cukup ku nyebut ngaran wé. Kuring onaman teu boga lanceuk, dalah […]

Khutbah ku Basa Sunda

Ku Ajip Rosidi
Baheula mah khutbah téh kudu dina basa Arab baé, padahal jama´ahna henteu ngalartieun basa Arab. Béh dieu khutbah ku basa Arab geus beuki langka, sabab mémang henteu aya larangan khutbah ku basa nu lain basa Arab. Di Tatar Sunda (kaasup Banten) mimiti khotib khutbah dina basa Sunda atawa Indonésia. Tapi ka dieunakeun, khutbah […]

Terasanana »

Ngahormat Basa nu Lian

Ku Ajip Rosidi
Réa anu ngabéla digunakeunana undak-usuk basa dina basa Sunda kalawan ngagunakeun alesan ku ayana undak-usuk basa, urang bisa ngahormat anu lian, sabab undak-usuk téh nandakeun kalemesan budi urang Sunda. Anggapan éta téh henteu bener, sabab réa basa di dunya anu henteu bogaeun sistim undak-usuk kabuktian bisa dipaké ngahormat nu lian jeung nu mibanda […]

Terasanana »

"Wajib" Nyarita Basa Sunda

Ku Ajip Rosidi
DI sawatara kabupatén di Jawa Tengah aya kawijakan anu ngudukeun para karyawan di kantor-kantor lingkungan pemda nyarita basa daérah (Jawa) sapoé dina saminggu. Lamun aya anu (poho) ngagunakeun basa Indonésia, didengda. Kawijakan kitu téh ayeuna geus ditarurutan di Jawa Barat. Aya kantor-kantor anu kiwari ngudukeun para karyawanna nyarita ku basa Sunda sapoé dina […]

Terasanana »

« Saterasna - Sateuacanna »