Seratan dina kategori 'Landong Baeud'

Landong Baeud - Bagian 3

Geus dua bulan Propésor Étom dirawat ku Dokter Rastam. Teu gering teu naon, éstuning jagjag belejag. Pangna dirawat téh éta cenah, pédah kasakit limpeuranana kanceuh deui. Mangkaning keur ngahanca panalungtikan nu penting pisan keur balaréa.

Sajeroning ngubaran, Dokter Rastam ngeprik anak buahna, nepi ka tujuhan. Propésor dijaga beurang-peuting, dalah keur saré gé dikemitan. Pangna kitu, bisi tina kasakit pohoan téh aya kajadian nu matak nyilakakeun Ki Propésor. Tapi ari geus mangsana, nya geletuk wé maot.

Terasanana »

Digadékeun

Ku Jaka Gumbira

Rebun-rebun kénéh, Si Nining, pamajikan kuring, geus gujrud. Datangna bari rawah-riwih. Kuring nu kakara hudang, puguh baé kagét.
“Aya naon ieu téh?” cékéng téh, bari diharudum kénéh sarung.
“Cilaka, Kang. Imah Si Abah kabongkaran!”
“Kabongkaran?”
“Enya, bieu téh Si Abah gujrud!”
“Naon cenah nu leungit?”

Terasanana »

Landong Baeud - Bagian 2

Kasanggakeun 10 seratan “Ladong Baeud” bagian kadua.

Terasanana »

Landong Baeud - Bagian 1

Teu Ngawaler
"Ku naon atuh Nyai téh, mani teu masihan béja?" cék hiji jajaka basa nepungan bébénéna di imahna. "Ieu mah, di-SMS teu ngawaler, ditélépon tara diangkat, naha Nyai téh bendu ka Akang?"
"Puguh wé ambek mah!" walon Nyi Mojang.
"Har, naha ku naon?"
"Kuring mah ti baheula gé teu kungsi boga hapé […]

Terasanana »