Pondok Pesantrén Darussalam Garut
Dilebetkeun 09-05-2008 08:38
Kategori: Ngalanglang Pasantrén | 1 Komentar »
PPDG téh ngadeg taun 1915, nu naratasna H. Ahmad. Harita mah pola atikanana tradisional kénéh. Ieu pasantrén terus dikokolakeun ku KH. Ishaq Asy’ari, putrana H. Ahmad. Najan ngadeg dina jaman jajahan, Pasantrén Darussalam réa nu ngadeugdeug, ku nu rék ngalap élmu. Taun 1950-an, basa keur meumeujeuhna harénghéng, kagiatan pasantrén rada kaganggu. K.H. Ishaq Asy’ari kapaksa ngungsi ka Bandung nepi ka pupusna di Bandung taun 1954. Nya taun éta kagiatan pasantrén téh pareum.