Seratan dina kategori 'Obituari'

Yoseph IskandarYoséph Iskandar téh sastrawan Sunda. Nulis carpon, sajak, novél jeung naskah drama. Réa karyana nu geus dibukukeun sarta dilélér hadiah. Lahir di Purwakarta, 11 Januari 1953. Sabada tamat SMA, Yoséph neruskeun sakolana ka Akademi Téknik Pekerjaan Umum (ATPU) Bandung. Ti dieu minatna kana sastra Sunda téh mimiti katémbong. Harita, Yoséph mimiti ilubiung dina kagiatan seni di kampusna, antarana waé mingpin Téater Khas (1977-1981).

Terasanana »

Terang ka jenengan R.A.F. téh ti keur jaman sakola di SD kénéh. Mimitina mah sok maca bukuna, di antarana nu matak tibelat téh Béntang Lapang, novél ngeunaan maénbal dina basa Sunda. Geus kitu, ku lantaran ka lembur mimiti aya télévisi, sok remen lalajo Inohong di Bojongrangkong ti TVRI Bandung, sinétron sérial basa Sunda nu harita mah pada mikaresep. Nya R.A.F. pisan nu nyusun naskah jeung nyutradaraan éta sinétron sérial téh.

Terasanana »

Eutik Muchtar, Sang Pahlawan

EUTIK Muhtar, lian ti juru rebab kawentar téh sok nganggit kawih deuih. Karyana geus sumebar tur dipikalandep ku masarakat, babakuna dina taun 1960-an nepi ka taun 1970-an.
Eutik Muchtar lahir di Désa Cinunuk (baheula mah kaasup Kacamatan Ujungberung, Kabupatén Bandung), 21 Désémber 1928. Lahir di lingkungan seniman. Ramana, Suryadinata, kawentar deuih minangka juru rebab. Ari […]

Terasanana »

Ir. H. Saikin Suriawijaya (1924-2005)

POÉ Senén isuk-isuk, 12 Séptémber 2005, kuring mapagkeun Kang Saikin ka bumina, di kompléks Margahayu Raya, Bandung. Sababaraha poé saméméhna Kang Saikin tos pasini badé sumping kana acara miéling Diés Natalis Universitas Padjadjaran.
"Tadina mah Akang téh rék maksakeun hayang nungkulan acara di Unpad, tapi laleuleus. Kahayangna téh disarékeun," saur Kang Saikin barang kuring jog ka […]

Terasanana »

Prof. Dr. Djawad Dahlan

Djawad Dahlan téh ahli atikan. Sadidintenna lian ti jadi dosén téh, sok da´wah, nyerat, marios karangan, narjamahkeun sarta medalkeun buku.
jawad dibabarkeun di Ciparay, Garut, 27 Maret 1935. Pupus di Bandung, 10 April 2007, tabuh 16.30 WIK, dina yuswa 72 taun..
Djawad ngawitan diajar ngaos ka ramana (H. Abdullah Dahlan) di Garut. Atikan formalna ti kawit sakola […]

Terasanana »

Prof. DR Sarbini Sumawinata

Prof. DR Sarbini Sumawinata, Guru Besar luar biasa Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia, parantos ngantunkeun, Rebo, 13 Maret 2007, tabuh 23.38 WIK di Rumah Sakit Pusat Pertamina, Jakarta. Sataun katompérnakeun katarajang stroke. Dikurebkeunana di Tempat Pemakaman Umum Jeruk Purut, Jakarta Kidul, 14 Maret 2007.
Sarbini téh teureuh Sunda nu lahir di Madiun, 20 Agustus 1918. Ramana, […]

Terasanana »

REBO, 7 Maret 2007, kira-kira wanci carangcang tihang, aya deui musibah nu matak ketir. Kapal udara Garuda B 737-400 nomer penerbangan GA-200, kahuruan méh jadi lebu di Bandara Adi Sucipto, Yogyakarta, alatan gagal landing. Ti antara nu tarumpakna, aya 21 urang nu maot. Ku teu nyangka, horéng Prof. Dr. H. Koesnadi Hardjasoemantri S.H., M.L. salah […]

Terasanana »

Barli Sasmitawinata

Parantos ngantunkeun pelukis kahot nu sumangetna kana seni teu weléh ngagedur téh. Taya deui guru nu béréhan nurunkeun sakabéh élmu ka saha waé nu daék diajar ngalukis, babakuna para nonoman. Barli Sasmitawinata pupus ping 8 Pébruari 2007 tabuh 16.30 WIK di RS Advént Bandung.
Barli dibabarkeun di Bandung 18 Maret 1921, ngawitan ngalukis taun 1935. Guruna […]

Terasanana »

Sateuacanna »