Cupumanik Édisi Citak - No. 48 Juli 2007

Cupumanik édisi citak No. 48/Juli 2007 midangkeun seratan-seratan di antawisna:

Galuring Viking (Sempalan)

"CupumanikBobotoh téh milu ngawarnaan dunya méngbal, teu di mana teu di mendi. Pérsib Bandung, salah sahiji kleub méngbal nu geus kahot, ti biharina teu weléh dirojong ku bobotoh. Fanatismeu bobotoh tétéla milu mangaruhan nanjungna kleub méngbal.

Cupumanik nomer ieu ngaguar lalakon bobotoh Pérsib nu ngaliwatan nyieun beungkeutan Viking Pérsib Club. Lian ti medar kasangtukang ngadegna Viking, diémbohan deuih ku wawancara jeung pamaén Pérsib katut panitén antropologi ti Unpad.

Méngbal (Eséy Dadan Sutisna)

Tina méngbal téh réa rambat kamaléna. Ngoprotna késang nu keur maraén ngahéab ka luareun lapang. Di stadion tara kacaturkeun jempling, komo mun nu adu-hareupan téh lain kelas joré-joré. Mun éta pertandingan disiarkeun ku télévisi, nu surak tangtu leuwih réa. Nu hog-hag ngadu analisia di mana-mana, ti lembur nepi ka kota…

Ki Dalang jeung Wayangna (Dua Carpon Mini Hérmawan Aksan)

POHARA bingungna Ki Dalang basa manéhna teu manggihan Semar katut palaputrana di jero kotak wayang. Padahal, geus cunduk kana waktu pikeun para panakawan naék kana panggung, ngahibur nu lalajo nu sawaréh katingali geus narundutan…

Sunan Ambu (Kolom Ajip Rosidi)

Keur urang Sunda baheula mah, anu pangmulyana téh indung. Bet asa kurup jeung hadis Rasulullah anu dina hiji waktu nalika aya sahabat anu naros, "Rasulullah, dupi jalma anu pangkuduna dihormat téh saha?", ngawaler, "Indung manéh". Nu nanya malikan deui pananyana téh, tapi jawabna angger, "Indung manéh" nepi ka tilu kali. Kakara nu kaopatna Rasulullah nyebat, "Bapa manéh." Hal éta ngagambarkeun yén indung perenahna jauh leuwih luhur, leuwih penting manan bapa…

Usum Pilkada (Éséy Cécép Burdansyah)

Minangka cecekelan mah, keur kondisi bangsa Indonésia, rék di kota rék di tepiswiring, pamingpin nu hadé tur pantes mingpin rayat, pamingpin nu bisa ngahirupkan ékonomi rayatna. Ukuranana lain ukur sungut yén déwék nyaah ka rahayat, tapi nepi ka mana ékonomi rayat leutik jeung rayat nengah bisa menyat kalayan mekar. Lebah dieu saliksik waé data jeung angka. Jadi ulah ngandel sungutna, ka bau-bau…

Gambar Maung keur nu Padungdung (Éséy Hér Suganda)

Kodam III/Siliwangi maké lambang maung keur ngagaur. Éta lambang téh mimiti dipaké basa pasukan Divisi Siliwangi milu défile dina milangkalana anu munggaran, tanggal 20 Méi 1947. Ngan baé wujudna, kasangna katut kecap "Siliwangi" nu handapeun gambar maung lodaya kungsi sababaraha kali dirobah.

Naha Wayang teu Siga Jelema (Éséy Tatang Sumarsono)

Dina jaman para wali nyebarkeun Islam, di urang, anu geus leuwih ti heula wanoh kana ajaran Hindu atawa Budha apan geus aya patung reujeung arca, anu rupa reujeung bentukna ilahar nyonto ka jelema. Mémang aya éta gé arca anu rada méngpar, upamana Ganésha anu sirahna gajah. Tapi da ari dina karéréanana mah, sakumaha anu kapanggih di musieum nasional, angger wé néplak postur jelema…

Tina Runtah jadi Barang Méwah (Laporan Ibnu Hijar Apandi)

DI tempat asalna mah dipaké ngawadahan mesin-mesin pabrik. Jol ka Indonésia, tuluy jadi limbah. Tapi sok réa nu ngamangpaatkeun mah. Di antarana dijieun bahan mébel jeung paparabotan méwah…

Télépon jeung (Budaya) Sunda (Éséy Mamat Sasmita)

MUN nélépon ka redaksi Cupumanik, geus tangtu ngobrol téh maké basa Sunda, boh tina hapé, boh tina télépon kabel (PSTN, Public Service Telephone Network). Éta basa Sunda téh eusi (content) tina sarana télékomunikasi nu disebut télépon…

Naskah nu Luhung Ajénna (Éséy Ruhaliah)

DI antara puluhan rébu buku hibah ti kulawarga Pa Édi (Prof. Dr. Edi S. Ekadjati), Pa Ayat (Prof. Dr. Ayatrohaedi), jeung Pa Ajip (Ajip Rosidi) nu ayeuna jadi koléksi Pusat Studi Sunda (PSS), aya sawatara naskah nu kondisina rupa-rupa, ti mimiti nu panglengkepna tepi ka nu kari sesewiran. Lian ti naskah nu geus jadi buku téh aya mikrofilm naskah-naskah Haji Hasan Mustapa deuih-naskah aslina aya di Léiden (Walanda)…

Hutang (Éséy Agama Hafifah Rahmi P)

Cenah ayeuna urang Indonésia téh keur meujeuhna réa hutang, malah leuwih gedé batan baheula. Boh hutang nagara, boh hutang pribadi. Kaharti kituna mah, da jaman ayeuna mah geuning pihutangeun téh teu sirikna diasong-asong, diiklankeun, malah nepi ka dijugjug ditatawarkeun ka unggal imah (door to door). Jalma nu teu niat nganjuk gé dibibita sangkan boga hutang. Malah nepi ka aya supermarkét nu méré harga kontan leuwih mahal ti batan harga kiridit…

Sareng seratan-seratan sanésna.

3 Koméntar kana “Cupumanik Édisi Citak - No. 48 Juli 2007”

  1. ping 26-11-2007 tabuh 10:11ning

    lamun tiasa mah diayakeun dongeng sundana!!

  2. ping 23-01-2008 tabuh 6:28Deni Hadiansah

    Sampurasun lur,
    Kumaha daramang di kantor redaksi. Puguh milari seratan ngeunaan sertifikasi guru di Cupumanik, tapi can aya wae. Tiasa kitu sim kuring ngintunkeun seratan perkara eta?
    Upami tiasa kedah sabaraha kaca, eung?
    Nuhun, ah!

  3. ping 10-02-2008 tabuh 10:30candriyani ( coede )

    ka sadaya di cupumanik, sim kuring anggota Turus Jurusan basa sunda UPI, kahoyong mah ageung, hoyong ngintun-ngintunkeun seratan mahasiswa anu aya di TURUS, sugan-sugan tiasa aya kamajuan Turus teh atuh meh sapertos Cupumanik. ayeuna Turus ge ngadamel email. pamugi atuh tiasa aya anu dimuat di Cupumanik. pokona mah Turus nuju usaha pikeun ngamajukeun minat mahasiswa basa Sunda UPI kana kagiatan maca jeung nulis, anu katinggal geus mimiti asor ayeuna mah. haturnuhun kasadayana akang sareng teteh di Cupumanik, PSS, anu tos masihan katineungna ka TURUS.

Ngalebetkeun komentar