Di “M. Iming- Bandoeng” Aya Kénéh Pola Kopéah Bung Karno

MUN aya nu maké kopéah, geus ilaharna sok dipakaitkeun jeung umat Islam. Pan geus biasa, éta tutup sirah nu luar-jerona dijieun tina buludru lemes téh sok dipaké solat atawa kagiatan séjénna. Henteu ari wajib mah, ngan sabagian umat Islam sok maké kénéh kopéah minangka tradisi. Malah, Bung Karno mah unggal nepungan balaréa téh sok maké waé kopéah. Ti dinya kopéah téh jadi salah sahiji idéntitas bangsa Indonésia.

“Mun inget kana kopéah, pasti ras ka bangsa Indonésia,” cék Haji Mustofa, urang Cigéréléng Bandung. Da éta cenah anjeunna mah, iwal ti keur saré jeung mandi, tara nepi ka lésot tina kopéah. Pokna gé, di luar negeri, mun aya nu maké kopéah, pasti urang Indonésia. “Sakaterang mah, bangsa séjén mah teu aya nu boga tradisi maké kopéah,” pokna.

Kopéah téh lir geus jadi tradisi di lingkungan istana, geura wé bandungan mun para menteri dilantik. Da tara ngabéda-bédakeun daérah asalna, agama, atawa kapercaayaanana, kangaranan menteri nu rék dilantik lalaki, pasti maraké kopéah. Tapi ku sabab sarwa ngadadak, sakapeung sok aya kajadian pikaseurieun. Ku sabab sereg teuing, kopéah nu nyéngclé dina mastaka menteri téh gampil katiup angin.

Kopéah Pangkahotna

Kopéah kungsi jadi idéntitas bangsa Indonésia, tapi tepi ka kiwari tacan kanyahoan ti iraha urang sok maké kopéah. Geuning dina potrét-potrét heubeul, kopéah téh geus dipaké ti jaman penjajahan Walanda kénéh. Boa ti méméhna.

Kiwari nu sok nyarieunan kopéah téh urang Tasikmalaya. Di Bandung mah geus ti awal abad 20. Nganjang wé nganjang ka tempat nyieun jeung toko kopéah “M. Iming-Bandoeng” di Jalan Jendral A. Yani 14, Bandung. Éta jalan téh méméhna mah dingaranan Groote Postweg, tuluy robah jadi Jalan Raya Timur.

Tapi M. Iming gé, nu ngadegkeun “M. Iming-Bandoeng”, lain nu munggaran ngalalanyah usaha kopéah di kota Bandung “témpo doeloe” téh. Sabada kawin ka Ningsih taun 1905, ieu nonoman nu lahir di Pekalongan taun 1887 téh diajar nyieun kopéah ka dahuanana, Oebi Tajoebi, nu harita muka usaha di Pasar Baru.

Sanggeus tapis barangjieun kopéah, hasilna mimitina mah sok dipihapékeun di tempat usaha dahuanana. Lantaran getén tur leukeun, tuluy diajar muka usaha sorangan di imah kolotna, di Jl. A. Yani, teu jauh ti simpang lima nu nepungkeun Jl. Asia Afrika, Jl. Jendral Gatot Subroto, Jl. Sunda, jeung Jl. Jendral Ahmad Yani. Tapi urang Bandung réréana resep nyebut parapatan lima. “Geus mah parapatan, ditambah lima deuih,” cék M. Nasir, urang Tangerang nu kungsi tugas di Bandung.

“Ngawitanana mah Éyang muka usaha di trotoar payuneun rorompok,” cék Élla, kapiuyut ka M. Iming mah, ngaguar panineungan basa uyutna mimiti muka usaha.

Modalna mesin kaput, atuh jijieuanana gé teu pati réa. “Sadinten téh paling hiji dua,” cék Chayat, buyutna kénéh. Mun poé éta kopéah jieunananana teu payu, isukna M. Iming tara nyieun nu anyar.

Suksésna téh teu datang sorangan. Ngan ari jejem tur rapékan mah, kopéah jieunanana téh mimiti dipikawanoh ku balaréa. Produksina tuluy nérékél. Keur ngabédakeun produksi kopéahna, ti mimiti taun 1912 M. Iming masang labél. Nya harita cicirén ngadegna usaha kopéah “M. Iming-Bandoeng” téh.

M. Iming ngantunkeun taun 1960. Usahana diteruskeun ku budak awéwéna, nu ngan hiji-hijina, Oedji Soedjiah. Dibarengan ku salakina, Adang Soedja’i, duanana ngamekarkeun usaha warisan ti kolotna.

Éta usaha téh dileukeunan nepi ka sababaraha entragan. M. Hatta Adang Soedj’i   nuluykeun usaha akina di tempat heubeul, ari M. Sabana muka usahana téh di Jl. K.H. Mustopa. Lantaran masing-masing boga turunan, usaha nyieun kopéah “M. Iming-Bandoeng” ayeuna nincak entragan kaopat.

Kopéah Bung Karno

Masarkeun kopéah saenyana mah teu pati béda jeung kaén sarung ti Majalaya. Dina sataun, paling nu marémana mah 10 bulan sakali. Nu maraké kopéah téh ukur keur solat iéd dina poé lebaran. Nu matak bulan puasa mah nu barutuh kopéah ngaronjat nepi ka 300 kodi sabulanna. Béda jeung bulan séjénna, ukur tepi ka 20 kodi. Ari sakodina 20 kopéah.

Najan kitu, ari kana kopéah “M. Iming-Bandoeng” mah tara kungsi sepi nu meuli. “Unggal dinten sok aya waé nu mésér atanapi mesen,” cék Chayat.

Nu ngalangganna teu kawatesan ti kalangan masarakat umumna. Nu kalangan séjén gé, sawatara sélebriti ti Bandung saperti Kelompok Musik Bimbo, Aom Kusman,  ti antarana, sok maresen. Atawa gegedén saperti Try Sutrisno jeung Menko Kesra manten (alm) Alamsyah Ratu Prawiranegara kopéahna boga ciri has, atuh ukuranana leuwih jangkung batan kopéah umumna.

Salah sahiji kopéah  nu dijieun ku “M. Iming-Bandoeng” téh kopéah Bung Karno. Sok dipesen ku kulewedet deukeut jeung nu resep ka Bung Karno. “Basa Taufan (alm) nikah ka Levana,  mesen ti dieu kopéahna téh,” cék Élla.

Kopéah Bung Karno, wangunanna mah teu béda jeung kopéah séjénna. Éta kopéah téh boga ciri husus, pangpangna lebah tungtungna, duanana leuwih jangkung nepi ka méncos katingalna. “Dugi ka kiwari, polana nu lami téh disimpen kénéh,” pokna deui.

Ngajaga Kualitas

Mun nilik umurna nu méh saabad, usaha nyieun kopéah “M. Iming-Bandoeng” téh geus kawilang kahot. Da geuning nu séjénna réa nu bangkar. Ari kopéah “M. Iming-Bandoeng”, teu kungsi eureun najan kamekaranana teu kawas umurna.

Nu neruskeun éta usaha leuwih nyekel kana wasiat nu diwariskeun ku nu ngadegkeunana. Maranéhna teu néangan kauntungan nu gedé. Nu penting mah kumaha ngokolakeun éta usaha kalawan didadasaran ku kajujuran jeung duduluran. Nu matak teu anéh mun urang teu kungsi ningal promosi sakumaha nu dilakonana ku usaha lianna. Kopéah “M. Iming-Bandoeng” leuwih condong bisnis nu “low profile”.

Nu jujur téh lain nu nyieun kopéahna wungkul, tapi nu meuli gé kitu deuih. Hal nu arang di dunya usaha mah. Keur miara hubunganana jeung nu meuli, “M. Iming-Bandoeg” tetep ngajaga kualitas. Ti antarana ku ngagunakeun bahan-bahan nu kualitasna hadé nu didatangkeun ti luar negeri. “Ku ngajaga mutu, hartosna urang tos ngajaga kajujuran. Hartosna teu nipu nu ngagaleuh atanapi nu galanggan,” cék Chayat.

Lian ti kajujuran, prinsip duduluran kagambar deuih dina hubungan gawé jeung karyawan. Pagawé dianggap bagian tina kulawargana. Nu matak teu anéh aya karyawan nu geus digawé nepi ka puluhan taun. “Sim kuring tos ampir 45 taun didamel di dieu téh,” cék Éman Rukman nu sapopoéna ngajaga toko. Manéhna geus digawé di dinya ti taun 1964. “Ti kawit bubujangan, ayeuna tos gaduh incu opat,” pokna.***(Hér Suganda)

Ngalebetkeun komentar