Diajar Nyuling
Dilebetkeun 19-06-2007 01:53
Kategori: Di Lembur Kuring
Panineungan Ano Karsana
DI lembur, hareupeun imah téh aya pakarangan rada lega. Sok rajeun diparaké ulin barudak. Tapi lain keur ulin baé kétang, sok dipaké naon baé ilaharna di lembur. Cara keur usum panén upamana, éta pakarangan téh sok diparaké moé paré. Di sisina dipaké salayan. Salayan téh paranti nundeun eundanan paré baseuh anyar dibuat sanyatna ti sawah. Apan paré eundanan mah paranjang, ranggeuyan dialana téh, gagangna kurang leuwih sasiku panjangna. Ngalana maké étém.
Paré eundanan téh dibagi dua. Tuluy dicéklakeun dina awi leunjeuran. Awi saleunjeuran ditancebkeun di unggal sisi. Di tengah saleunjeur deui. Kira satangtung anggangna tina taneuh. Awi leunjeuran téh dipalang-palangkeun, dipaké paneundeunan paré téa.
Reup peuting, barudak mah arulin di buruan. Komo mun caang bulan. Mabra.
Kolot-kolotna nariis bari nyawangkeun di tepas. Tepas imah panggung loba kénéh anu ku palupuh dadasarna. Tiis jeung hérang balas mindeng didiukan, digoléran.
Sakapeung paré pangkékkeun téh ditumpukjangkung, mindeng dipaké panyumputan barudak mun ucing-ucingan.
Pareng caang bulan, mungguh matak pikabetaheun. Sok aya nu nyuling. Ari sulingna téh meunang nyieun sorangan. Da di lamping pasir aya awi tamiang. Lain keur suling baé awi tamiang téh. Keur nyieun sumpit gé bisa, dipigawéna babarengan.
Nu sok ngagelik nyuling téh Ikin. Babaturan manéhna téh. Umurna saluhureun saeutik. Sok babarengan mun ka huma Balégod atawa ngala suluh ka Cicéngal. Teu alus-alus teuing ari nyulingna mah. Komo dibandingkeun jeung sora suling di RRI Bandung saban muka acara pasusubuh mah. Tapi teuing ku naon, ngadéngé sora suling Ikin mah haté téh bet kahudang, hayang bisa nyuling cara manéhna. Tuda waas, ngadéngé gelik suling na mangsa peuting, mangsa alam hibar ku cahya bulan, bréh tatangkalan, suhunan, salayan, tumpukan paré, buruan, barudak nu arulin. Nya kahayang téh dikedalkeun. Ikin gé atoheun.
"Nya, sukur ari hayang diajar mah!" cék Ikin.
"Tapi da sulingna gé can boga!" témbal téh.
"Aya suling mah! Boga dua. Urang hiji éwang baé!" cék Ikin deui.
"Nuhun atuh!" kuring bungah.
Suling paméré Ikin nu mimiti dipaké diajar téh. Saterusna éta suling téh dibabawa ka mamana, tara jauh tina leungeun.
"Sok, tutupkeun tilu ramo anu di tengah. Leungeun kénca di luhur!" cek Ikin basa munggaran ngajarkeun tatacara nyuling. Kuring nurut baé kana papatahna.
"Buka kabéh nu handap, tiup! Tutup curukna, tiup! Tutup nu dua di handap, tiup! Buka nu luhur kabéh, tiup! Tutup curuk nu luhur,Tiup! Tutup dua ramo handap, nu di luhur, barengkeun jeung muka ramo handap kabéh. Sok apalkeun siga kitu, bulak-balik. Mimiti sora tarik terus laun, balik deui, sora laun ka sora tarik." cék Ikin sumanget naker.
Kitu jeung kitu baé mapatahanana téh. Tapi ari hantem dileukeunan mah, teu burung lancar niup suling téh.
"Bisa lagu naon?" tanya Ikin.
"Ganti Taun!" cékéng téh.
"Cik pék!"
Nu pangheulana dilagukeun téh padalisan kahiji lagu ‘Ganti Taun´ sanggian Mang Koko.
Teu sirikna unggal usik éta padalisan téh dihariringkeun maké suling. Boa nu ngadéngéeun mah kareuheuleun, gandéng ngadéngé kuring tutat-tutut baé. Geus lancar padalisan kahiji, tuluy ngalalanyahan padalisan kadua, jeung saterusna.
Niup suling téh bari dirarasakeun. Lagu nu geus ngolotok téh dipancalkeun kana sora suling. Ku cara ngulinkeun ramo dina liang suling. Dina waktu sababaraha poé, geus apal lagu "Ganti Taun" téh. Cék Ikin, geus bisa salagu mah, gampil hayang lagu naon waé ogé.
Kiwari sok rajeun ngahariring lagu ‘ganti taun´ maké suling. Sok ras inget ka Ikin, ka lembur, buruan, bulan nu mabra, catang kalapa nu ngagolér sisi lapang paranti diuk, salayan, tumpukan paré, teu poho ka nu keur nariis di tepas imah panggung. Boa geus taya di kieuna.
Mun keur kitu, rarasaan téh sok hayang mulang deui ka mangsa harita. Tapi pamohalan. Kiwari mah ukur waasna da alam geus robah. Caang bulan geus teu karasa éndahna, kasapih ku caang listrik. Geus moal manggih deui salayan, paré pangkékeun, da apan paréna gé geus tara diala ku étém, diandih ku arit terus digebug. Hayang nganjangkeun kawaas ka saung lisung, geus lila lisung teu ngentrung, kalindih ku héleran. Kiwari sagala suwung. Boa Ikin gé geus taya dikieuna. Boa ayeuna mah suling téh ngan ukur dipaké panglipur di parapatan. Suling nu harita, moal matak nineung keur barudak ayeuna mah.*