Dunga
Dilebetkeun 19-06-2007 12:19
Kategori: Dangding
Ku Tatang Sumarsono
Sujud dina jempling peuting
Dumeuheus ka dampal Gusti
Misanding katuna diri
Mahluk laip nya awaking
Isinna, duh, teu kinten
Wantuning rumaos pisan
Sering talobéh nonggongan
Salira ngagupay héman
Abdi malieus nebihan
Dicaram diulah-ulah
Abdi kadon beuki betah
Nimbang-nimbang nu kasorang
Lampah jero kumelendang
Dosa sabudah lautan
Amal hadé satangkeupan
Sumangga, duh, nyanggakeun
Rénghap napas kebek dunga
Rahmat Gusti nu diseja
Riung Kawung (Cibiru), 2005