Eutik Muchtar, Sang Pahlawan

EUTIK Muhtar, lian ti juru rebab kawentar téh sok nganggit kawih deuih. Karyana geus sumebar tur dipikalandep ku masarakat, babakuna dina taun 1960-an nepi ka taun 1970-an.

Eutik Muchtar lahir di Désa Cinunuk (baheula mah kaasup Kacamatan Ujungberung, Kabupatén Bandung), 21 Désémber 1928. Lahir di lingkungan seniman. Ramana, Suryadinata, kawentar deuih minangka juru rebab. Ari rakana, Iyos Suharnas, lian ti juru kacapi téh mahér ngahaleuang lagu-lagu tradisi.

Kataji kana rebab téh ti umur tujuh taun kénéh. Karesepna harita lalajo wayang golék. Teu cara karéréaanana nu lalajo wayang golék, batan lalajo wayangna Eutik mah leuwih resep nengetan jeung ngalenyepan juru rebabna.

Ti harita Eutik mimiti diajar ngarebab. Dina jaman nu masih sarwa werit harita, diajarna téh henteu langsung ku rebab asli. Rebabna dijieun tina kaléng biskuit, senarna maké tali rami tina tangkal haramay. Basajan pisan, ngan ku kitu justru kaseukeutan Eutik dina ngatur sora rebab téh leuwih kalatih. Nepi ka ahirna Eutik katelah jadi juru rebab, anu dipikawanoh ku balaréa. Ku dalang jeung sindén gé sasat pada marebutkeun rék diajakan manggung.

Lain saukur seniman, Eutik gé milu bajoang di médan perang nanjeurkeun kamerdékaan. Dina umur mangkat rumaja (taun 1945), Eutik milih ngagabung jeung pasukan gerilya TNI. Jadi anggota pasukan TNI batalyon Garuda Hitam nu hijrah ti Subang hijrah ka Jawa. Taun 1948, kakara mulang deui ka Bandung. Satuluyna Eutik masih milu bajoang mertahankeun kamerdékaan. Tanggal 10 Novémber 1949, di Buahdua, Sumedang, Eutik dilélér “Bintang Gerirlya” ku pamaréntah.

Taun 1951, Eutik pangsiun jadi tentara. Eutik milih hayang leuwih daria neuleuman dunya kasenian. Tétéla, Eutik mémang kréatif. Kawih munggaran nu dianggitna, “Bintang Gerilya”, réa dipikalandep ku masarakat. Remen dihaleuangkeun ku sindén kakoncara jaman harita, Upit Sarimanah.

Saterusna Eutik beuki produktif nganggit kawih. Di antarana: “Bencana Alam”, “Dara Ayu”, “Cageur Bageur”, “Leungiteun Kakasih”, “Mapay Raratan”, “Mawar Lumayung”, “Nyieun Pucuk ti Girang”, “Taman Priyangan”, “Amanat Bersatu”, “Nganteur Katineung”, “Sari Kancana”, “Pahatu Lalis”, jsté.

Puguh baé kawih-kawih Eutik milu nganteurkeun réa sindén kana puncak kasuksésan. Sebut baé misalna sindén Aan Darwati (Kadipatén), Cucun Cunayah (Subang), Iyar Wiarsih (Bandung), Imik Suarsih (Bandung), Dédéh Winingsih (Karawang), jsté.

Eutik gé kungsi jadi pengawas siaran RRI (Radio Républik Indonésia) Bandung deuih. Kungsi boga grup sorangan, “Puspa Warna” ngaranna téh.

Eutik ngadahup ka Qoni’ah tur dipaparin sawelas urang putra. Eutik mulang ka kalanggengan dinnten Salasa, ping 21 Agustus 2007 tabuh 17.30 WIK di Bandung.

Taun 2004 kawih-kawih Eutik dijadikeun kajian tésis magister di Institut Seni Indonésia (ISI) Yogyakarta ku Pandi Upandi. Judulna, “Kawih Kepesindénan Karya Eutik Muchtar, kajian Struktur dan Fungsi”.

Nurutkeun Pandi Upandi, karya-karya Eutik Muchtar nu jumlahna nepi ka duaratus téh boga ciri nu mandiri. Umumna kawih karya Eutik mah dipidangkeun dina wanda kliningan tur diwengku ku embat dua wilet, najan aya sawatara kawih nu embatna opat wilet.

Boh Pandi Upandi boh palaputrana Eutik, nyawang pohara pentingna aya dokuméntasi karya Eutik Muchtar, nu kiwari notasi jeung rumpaka kawih-kawihna masih patulayah di mana waé. Kawih-kawih Eutik perelu dipiara tur dilestarikeun, bisa ngaliwatan radio, télévisi, rekaman vidéo, rekaman kasét, tug nepi ka jadi bahan ajar di sakola-sakola kasenian, saperti SMKI, STSI, ISI, jsté. Malah pantes diwangun Musieumna gé, sangkan generasi sabadana bisa neruskeun tapak lacakna. Lian ti éta sangkan seni budaya Sunda téh tetep langgeng, teu kalindih ku budaya deungeun nu can tangtu leuwih alus manan budaya urang. ***m. Sudama

1 Koméntar kana “Eutik Muchtar, Sang Pahlawan”

  1. ping 03-03-2008 tabuh 3:33sumadi

    Sae pisan eusi seratan, seeur manfaatna kanggo generasi penerus. Punten pisan basa sunda sim kuring kirang sae, maklum abdi mah ti cirebon , jawa cirebonan. diajar basa sunda oge ti carpon CEu Hilisoh, Kang Yosep dsb mangle sareng ngadangukeun dongeng enteng pasosore ti radio waktos jamanna rKang RachmatDipraja, kang Jamar dsb

Ngalebetkeun komentar