In Mémoriam: Rahmatullah Ading Affandié (R.A.F.) 1929 - 2008

Catetan Dadan Sutisna

SABOT ngawarangkong di redaksi Cupumanik, bari bébérés rék mulang, aya nu nélépon ka Kang Hawé (Hawé Setiawan, pamingpin redaksi majalah Cupumanik). Méméhna di kantor redaksi Cupumanik téh kawilang rempeg, aya Mang Jamal (Jamaluddin) nu kakara balik ti Garut tas nganteurkeun peti jeung Ua Sas (M. Sasmita) ka Ciburuy, Déa Lugiéna (pangarang ti jurusan Sunda UPI), Dhipa Galuh Purba (pangarang, wapimred majalah Seni Budaya), Yulianto Agung (redaksi Cupumanik), Rachmat Taufiq Hidayat (diréktur PT Kiblat Buku Utama), jeung Hasan Wahyu Antakusumah (pangarang, pangsiunan pulisi).

Nu nelepon téh Kang Nano S., ngiberan cenah meunang béja yén R.A.F. (Rahmatullah Ading Affandié, RAF) ngantunkeun. Tapi tacan écés enya henteuna mah, ngan cenah ngantunkeunana téh di Rumah Sakit Advent Bandung. Kuring dititah nelepon ku Kang Hawé ka rumah sakit. Enya wé, R.A.F. tos ngantunkeun tabuh 18.40, poé ieu, 6 Pébruari 2008. Innalillahi wa inna ilaihi rojiun.

Terang ka jenengan R.A.F. téh ti keur jaman sakola di SD kénéh. Mimitina mah sok maca bukuna, di antarana nu matak tibelat téh Béntang Lapang, novél ngeunaan maénbal dina basa Sunda. Geus kitu, ku lantaran ka lembur mimiti aya télévisi, sok remen lalajo Inohong di Bojongrangkong ti TVRI Bandung, sinétron sérial basa Sunda nu harita mah pada mikaresep. Nya R.A.F. pisan nu nyusun naskah jeung nyutradaraan éta sinétron sérial téh.

R.A.F. kalintang ageung jasana keur kamekaran basa jeung sastra Sunda. Di antarana, anjeunna kantos ngiring merjoangkeun Perda No. 6 ngeunaan basa jeung sastra Sunda, nu saterusna dirévisi jadi Pérda No. 5,6,7. Atuh dina kurang-karang tos seueur deuih karya-karyana, di antarana Dongéng énténg ti Pasantrén, Nu Kaul ku Lagu Kaléon (dilélér Hadiah Rancagé 1990), Béntang Lapang, Urang Banjarsari jadi Inohong di Bojongrangkong (1998), jsté. R.A.F. nyerat naskah drama Sunda deuih, di antarana nu kawentar téh Yaomal Qiyamah. Taun 1956, R.A.F kapilih jadi Ketua Panitia Kongrés Pemuda Sunda (4 – 7 Novémber 1956).

Lantaran jasa-jasana dina makayakeun basa jeung sastra Sunda, taun 1998 R.A.F. dilélér Hadiah Rancagé pikeun widang jasa.

R.A.F. lahir di Banjarsari, Ciamis, 2 Oktober 1929. Mimiti sakola di HIS, neraskan ka pasantrén Miftahul Huda Ciamis. Dina mangsa révolusi, anjeunna neraskeun ka Sakola Pertanian di Tasikmalaya jeung Sekolah Menengah Atas di Bandung. Kantos deui neraskeun ka Fakultas Hukum Universitas Indonesia, nepi ka tingkat Sarjana Muda.

Lian ti kana sastra, R.A.F. panitén sépakbola deuih. Kungsi jadi koméntator sépakbola di RRI Jakarta (1951-1954). Kungsi deuih jadi ketua komisi téknik Persib (1955 – 1964).

(tina sawatara sumber)

4 Koméntar kana “In Mémoriam: Rahmatullah Ading Affandié (R.A.F.) 1929 - 2008”

  1. ping 09-02-2008 tabuh 8:15Yatun r. Awaliah

    Dina Pipisahan RAF
    Kamari, maca novel Pipisahan RAF teh…. aya kana 2 mingguna.
    salut pisan ku penjiwaanna… nu ngagambarkeun kaayaan hate awewe anu diserahkeun ku salakina… maca novel teh nepi ka cireumbayna. Teu nyangki… ningan anu ngarangna ayeuna tos ngantunkeun…. mangkaning tadina mah geus boga niat hayang panggih jeung RAF…
    pileuleuyan Pak RAF…

  2. ping 20-02-2008 tabuh 11:00avid

    kuring salah sahiji penggemar inohong di bojong rangkong sareng dongeng enteng ti pasantren …innalillahi waina ilaihi rojiun…. wilujeng angkat pa ading…

  3. ping 01-03-2008 tabuh 3:19Yulia Herlambang

    RAF,,,ngadangu nami na mah ti nuju sakola keneh.Kaleresan kuring jurusan bahasa,tangtos nami2 para penulis+karya2na aya na catetan.hanjakal na harita kuring can aya karesep kana novel2 sunda. Kuring oge sami, hoyong pisan tepang sareng RAF & Ajip Rosidi,,,mung RAFna kabujeng ngantunkeun,,,,

  4. ping 17-03-2008 tabuh 5:23Sumpena

    Mugi-mugi Almarhum Kang Ading Affandie ditampi Iman, Islamna, sareng urang sadanyana. Amin

Ngalebetkeun komentar