Ir. H. Saikin Suriawijaya (1924-2005)

POÉ Senén isuk-isuk, 12 Séptémber 2005, kuring mapagkeun Kang Saikin ka bumina, di kompléks Margahayu Raya, Bandung. Sababaraha poé saméméhna Kang Saikin tos pasini badé sumping kana acara miéling Diés Natalis Universitas Padjadjaran.

"Tadina mah Akang téh rék maksakeun hayang nungkulan acara di Unpad, tapi laleuleus. Kahayangna téh disarékeun," saur Kang Saikin barang kuring jog ka bumina.

Hanjakal pisan! Padahal poé éta téh Kang Saikin badé dilélér pangajén ti Réktor Unpad duméh anjeunna dianggap ageung jasana ka Universitas Padjadjaran ngalangkungan Kongrés Pamuda Sunda (4-7 Nopémber 1956). Kapan Kang Saikin pisan nu mingpin éta kongrés téh, minangka ketua présidiumna. Demi salasahiji hasilna nyaéta ngadongsok ka pamaréntah sangkan di Bandung minangka puseur dayeuh Tatar Sunda kudu buru-buru diadegkeun universitas negeri cara di Jakarta jeung Yogyakarta. Sataun ti haita (11 September 1957) di Bandung ngadeg Universitas Padjadjaran.

Tilu dinten sabada kénging nugraha, Kang Saikin nelepon kuring. "Dina piagem pangajén téh aya artosan. Tapi anu dianggo ku Akang mah mung Rp. 500.000,00. Nu sanésna mah dipaparinkeun ka barudak yatim. Bagian ayi ogé aya!" saurna.

Saharita kuring ngawalon yén kuring mah teu boga hak kana éta artos.

Na atuh ari dina poé Saptu peuting, 1 Oktober 2005, bet meunang iber ti Dr. Ietjeu Marlina. Dr. Ietjeu téh alona Kang Saikin. Kang Saikin pupus, saurna.

Gebeg reuwas. Éstuning ngajenghok haté téh. "Innalillahi wainnailaihi roji´un. Mugi ditampi iman Islamna sareng amal ibadahna, dihapunten samudaya kalepatanana. Amin," omong kuring saharita.
Teu rék ngajenghok kumaha, da asa cikénéh Kang Saikin sasauran tina perkara pamundutna. "Akang téh hayang ngadadarkeun lalakon Akang dina perjoangan. Sok urang ngariung sareng Ayi saparakanca limaan mah, da ahli-ahli sajarah! Di dieu baé di rorompok Akang," kitu pamundutna nu kungsi ditepikeun ka kuring.
Kutan kitu ari umur. Boa-boa aya sabagian lalakonna anu tacan kungsi kalisankeun. Leuh, mun seug enya kitu, rasiah sajarah téh atuh kacandak ka alam barzah. Dalah dikumaha.
***
Ir. H. Saikin Suriawijaya dibabarkeun di Cibatu, Garut, 14 April 1924. Ramana, Dira Surawijaya, janten Mantri Kahutanan. Paingan perhatian Kang Saikin kana widang tani gedé pisan. Demi ibuna jenenganana téh Arum.

Kang Saikin ngarangkep ka Rd. Kuswati, putra bupati Tangerang. Kagungan putra opat, istri wungkul: Dra. Déwi Nuspiyah, Dra. Éndang Hanimah, Yayan Nuryamah, SH, sareng Épon Sulijamah. Putu wé lima.
Kang Saikin sakolana dimimitian di HIS Crisis Instituut, Tasikmalaya. Satamatna ti HIS taun 1939, lulus tésting pikeun neruskeun sakola ka MULO, tapi Kang Saikin milik Sakola Pertanian (Cultuurschool) di Malang, Jawa Timur. Ku guruna mémang disarankeun supaya neruskeun sakola ka MULO, tapi kahoyong ramana neraskeun sakola téh ka Sakola
Pertanian baé. Maksudna mah sangkan bisa gancang digawé, da kagungan rayi genep anu sakolakeuneun. Basa nuju calik di kelas 3 Sakola Pertanian (1942), jol balatentara Jepang ngéléhkeun soldadu Walanda. Harita sakumna sakola ditutup, tapi méméh ditutup murid kelas ahir mah meunang ijasah darurat (nood-diploma).

Dina mangsa kakawasaan militer Jepang sakola anu pangheulana dibuka téh nya Sakola Pertanian di Malang jeung Sakola Menengah Pertanian (Middelbare Landbouwschool atawa MLS) di Bogor, lantaran tanagana dibutuhkeun pikeun ngokolakeun perkebunan badag anu sumebar di Pulo Jawa. Saikin ogé sakola deui di Malang meunang 6 bulan kalawan guruna urang Jepang. Ti dinya, sasarengan sareng réréncanganana 5 urang ti MLS Bogor, Saikin dilatih didamel 3 bulan di Saibai Kygio Kodan (eks Factorij) di Jakarta sangkan weruh kana rupaning masalah perkebunan.

Taun 1943, basa yuswana nembé 19 taun, Saikin diangkat janten Pamingpin Perkebunan Kopi & Kina Tombo-Wonodadi di Pekalongan, ngaganti Administratur urang Walanda anu ditahan ku tentara Jepang. Dina jaman Walanda mah urang pribumi nu digawé di perkebunan téh paling luhur gé ukur jadi mandor besar. Pangkat administratur (pamingpin perkebunan) mah éstu moal kahontal, da éta mah husus keur urang Éropah. Kakara ogé mancén tugas 8 bulan (1944) dialihkeun mantén jadi Pamingpin Perkebunan Téh & Kina Selokaton di Kabupatén Kendal.

Dina jaman révolusi, Saikin mulih ka sarakanana di Tasikmalaya. Anjeunna ngiring bajoang dina pasukan Badan Keamanan Rayat (BKR) Resimén VIII pingpinan Létnan Kolonél Supyan Iskandar—anu saterusna jadi tentara Républik Indonésia ti Divisi Siliwangi. Tapi teu lami, da kataji ku kadinamisan para nonoman.
Ku pandangan jeung kagiatanana di lingkungan pamuda, Saikin kapilih jadi Wakil Ketua Déwan Pingpinan Pamuda (DPP) Tasikmalaya. Harita (1947) Tasikmalaya keur jadi puseur dayeuh Propinsi Jawa Barat, alatan ayana Agrési Militér Walanda ti mimiti 21 Juni 1947.

Nalika soldadu Walanda nyerbu Tasikmalaya anu jolna ti Ciamis ngaliwatan Cirebon jeung Kuningan, Saikin kapapancénan mingpin Tim Bumi Hangus. Tugasna ngungsikeun rahayat kota Tasikmalaya katut harta-bandana ka luar kota jeung ngancurkeun fasilitas kota Tasikmalaya sangkan henteu digunakeun ku serdadu Walanda. Ieu pancén réngsé dilaksanakeun saméméh soldadu Walanda nincak kota Tasikmalaya.

Bulan Pébruari 1947 Saikin kapilih jadi anggota Komite Nasional Indonésia Pusat (KNIP) sarta kungsi milu Sidang KNIP di Malang ti 25 Pébruari tepi ka 6 Maret 1947. Fungsi KNIP kurang leuwihna sarua jeung Déwan Perwakilan Rayat (DPR) kiwari, nyaéta dina widang législatif. Sidang KNIP di Malang nempatan sajarah perjuangan bangsa Indonésia anu penting pisan, sabab dina éta sidang dirumuskeun kawijakan politik RI dina nyanghareupan Agrési Militér Walanda.

Sabada kadaulatan RI diaku ku Walanda, Saikin neraskeun deui sakola. Jero sataun sakola (1950-1951), lulus ujian nagara ti SMA Bagian B Ist. (eks HBS -B) di Jakarta—kaasup sakola anu kualitasna pangluhurna. Teras lebet ka Fakultas Pertanian di Bogor. Harita Fakultas Pertanian di Bogor téh bagian ti Universitas Indonésia di Jakarta. Di dieu Saikin kénging béasiswa ikatan dinas. Hartina, di mana tos lulus kedah kersa diangkat janten pagawé negeri.

Nuju mahasiswana Saikin ogé giat dina widang kamasarakatan. Anjeunna ngiring ngadegkeun organisasi pamuda Putra Sunda. Harita aya sababaraha organisasi pamuda Sunda lianna. Malahan kungsi Saikin ngiring ngadegkeun jeung mingpin Front Pamuda Sunda (FPS), minangka beungkeutan pulitik nu ngahijikeun organisasi-organisasi pamuda Sunda. Di FPS Saikin janten Ketua II minang wawakil ti Putra Sunda. Ketua I dicangking ku Adéng S. Kusumawijaya ti Daya Nonoman Sunda, jeung Sekertaris Jéndral ku Ajam Syamsupraja ti Nonoman Sunda.

FPS ngageunjleungkeun kahirupan pulitik di Tatar Sunda jeung di tingkat nasional ti 1956. Bibit buitna mah pamflét beunang Adéng S. Kusumawijaya kalawan asmana FPS sarta ditanda ku Ketua I jeung Sekertaris Jéndral, bari saméméhna teu badami heula jeung pamingpin séjén. Éta pamflét disebarkeun ka mana-mana tanggal 17 Agustus 1956. Eusina nyarékan laklak dasar ku basa anu kasar garihal ka PNI (Partai Nasional Indonésia), imperialismeu Jawa, jeung Presidén Sukarno anu dianggap geus ngarugikeun urang Sunda.

Adéng jeung Ajam ditangkep. Saikin kateumbleuhan tanggung jawab. Kudu kumaha sikep FPS? Naha rék ngabantah kana ayana pamflét atawa ngaenyakeun? Mun ngabantah, sarua jeung ngahianat ka batur saperjoangan jeung kana cita-cita perjoangan mah. Mun ngaku, sarua jeung ngajak paséa jeung sélér séjén.

Sikep Saikin katut FPS teges: éta pamflét téh kedaling jiwa pamuda Sunda anu ngarasakeun sagala rupa katunggara jeung kateuadilan nu harita keur meujeuhna mahabu di kalangan masarakat jeung pamaréntahan di Tatar Sunda. Eusina pangpangna ditujukeun pikeun nyadarkeun para pamingpin jeung wakil rahayat kana kaayaan kawas kitu. FPS teu pisan-pisan mikaijid sélér séjén. FPS insaf sarta sadar sagemblengna kana harti jeung pentingna persatuan jeung kesatuan. Tapi kalayan tandes FPS teu panuju kana ayana sélér bangsa anu bevoorrecht (miboga hak istiméwa) turta kumawasa, kusabab nya ieu nu jadi binih papaséaan. FPS henteu deuk narima konsép persatuan jeung kesatuan anu dipaksakeun ti luhur, tapi mikarep persatuan jeung kesatuan anu dihudangkeun ku kasadaran unggal-unggal sélér bangsa.
Kitu antarana ketakna Saikin nalika jumeneng. Mugia perjoanganana sing janten amal soléh. Amin. *** (Édi S. Ékadjati)

Ngalebetkeun komentar