Jalma Pamungkas
Dilebetkeun 19-06-2007 12:18
Kategori: Jagat Carita
Ku Intezar Hussain
ILYASIF téh jalma pamungkas di lemburna. Neneda ka Nu Kawasa, dalah geus kedal sumpah, hayang jadi jalma tepi ka maot. Atuda gubrag ka dunya téh dikadarkeun jadi jalma, piraku teuing kudu paéh salin jirim. Nya satékah polah nyepeng pageuh sumpahna téa.
Ari tilu poé saméméhna sakur monyét di lemburna bet lus-les teuing ka marana. Urang dinya harémengeun mimitina mah, tapi antukna bungah nu aya. Cék saréréa, "Tétéla, geus euweuh hiji-hiji acan monyét téh, euy. Moal aya nu ngahakanan pepelakan tur ngagalaksak kebon ayeuna mah." Tapi aya saurang anu kungsi ngélingan maranéhna sangkan teu ngala lauk poé Saptu, pok némpas, "Ceuk saha monyét laleungit. Araya kénéh di sakuriling urang saenyana mah, ngan teu katémbong wé."
Dikitukeun téh kalah ngarambek. Pokna, "Montong ngageuhgeuykeun, Ki Silah." Walon nu ngélingan, "Arandika puguh anu ngageuhgeuykeun Pangéran, maké jeung ngala lauk poé Saptu. Munasabah Pangéran males ngageuhgeuykeun arandika."
Tilu poé ti harita anakna Ilyazir nu awéwé sup ka enggon bapana. Teu kungsi lila kaluar deui bari jéjéngkéan bangun nu reuwas pacampur jeung sieun. Sup pamajikanana, tapi nya kitu geuwat kaluar deui bangun pohara reuwaseunana. Tul-tel wé béja tatalépa. Nu jarauh rabul ngajugjug imah Ilyazir. Saréréa panasaran, arasup ka kamarna. Enya baé lain Ilyazir nu ngedeng téh tapi monyét badag. Ari Ilyazir kapan poé Saptu saméméhna téh ngala lauk panglobana.
Cék saurang, "Tétéla Ilyazir téh geus jadi monyét, euy." Cikikik baturna seuri. "Ah, wadul," walon baturna bari nyéréngéh, léos indit. Saharita nu ngaléos beungeutna ngabeureuman, huntuna manjangan, awakna buluan, jadi monyét.
Barang nénjo kitu, nu pangheulana nyarita pohara kagéteunana. Bahamna calawak, panonna colohok mata simeuteun. Manéhna gé jadi monyét deuih.
Basa Ilyab tepung jeung anakna Zablun nu lalaki, pohara reuwaseunana. Pokna, "Lain, euy, na ku naon asa pangling?" Nu ditanya kalah manyun bari muncereng tandaning keuheul. Puguh wé Ilyab kacida kagéteunana. Pok deui, "Jih, sumpahna gé lain heureuy. Nyaan, euy, asa rada béda." Nu muncereng kalah reup beungeutna geuneuk bari ngadeukeutan Ilyab.
Anakna Zablun mah geuneuk téh awahing ku keuheul, ari Ilyab geuneuk balas reuwas. Nu keuheul jeung nu reuwas der silih gabrug. Saharita beungeutna pada-pada salin rupa. Pon kitu deui awakna rarobah. Sorana gé badis sato, guak-guik teu puguh basana. Duanana salin jinis jadi monyét.
Ari Ilyasif di lemburna téh kasebut nu pangbinekasna. Manéhna hayang panglilana jadi jalma. Bari jeung bararingung pok umajak ka batur salemburna, "Dulur-dulur, tétéla urang keur nandangan bancang pakéwuh anu pohara. Ayeuna mah geuwat urang tepungan jalma anu kungsi ngélingan sangkan urang teu ngala lauk poé Saptu téa."
Bring saréréa néangan éta jalma. Orokaya teu kapanggih raratanana. Pok deui Ilyasif nyorowok, "Dulur-dulur, jalma anu kungsi ngélingan sangkan urang teu ngala lauk poé Saptu téh geus teu di dieu. Masing aréling, urang keur ngarandapan bancang pakéwuh anu pohara."
Ngadéngé kitu, saréréa reuwas pias ku baluas.
Rét Ilyasif ngarérét ka tukang. Édas, batur salemburna geus jaradi monyét. Méh-méhan manéhna kapiuhan awahing ku reuwas kabina-bina. Lieuk ka hareup, ka kénca jeung ka katuhu. Gusti, batur salemburna kabéh geus jaradi monyét. Jung ka tungtung lembur beulah ditu. Jig ka tungtung lembur beulah dieu. Sakur pangeusina geus saralin jirim jadi monyét.
Ari éta lembur téh perenahna di basisir. Di dinya mah imah téh garedé, pantona jarangkung, tur témbokna laluhur. Sapanjang Ilyasif leumpang, jalan éstu lénglang, pasar aya ku suwung, pager témbok sararuni. Dina pager témbok jeung suhunan imah ngan monyét jeung monyét wé nu katempo téh.
Ras ka dirina, tétéla kari manéhna hiji-hijina jalma di lemburna. Ray pias, puringkak sabulu-bulu awak, pikir ringrang haté salempang. Tapi ari ras ka Ilyab nu ujug-ujug jadi monyét ku lantaran sieun, nya sabisa-bisa manéhna ngampeuh kasieunna. Teu sudi incah tina sumpah, ku lantaran gubrag ka dunya téh dikadarkeun jadi jalma, paéh gé moal rék salin jirim. Teu poho muji sukur ka Nu Agung yén manéhna mah henteu siga batur salemburna.
Katénjo beungeut sato nu carewaw tur barurahay, bulu jambrong saluar awak. Aya ku keuheul jeung geuleuh. Saharita beungeutna karasa robah. Ras ka anaknya Zablun anu jadi monyét ku lantaran keuheul. Geuwat kakeuheulna diampeuh.
Cék dina pikirna, "Emh, aing jeung maranéhna téh kapan dulur." Haténa pinuh ku asih. Ras ka nu lenjang anakna Ilakhzar katut imahna nu lega tur dilingkung pirang-pirang tatangkalan. Bréh deui poé méméhna basa manéhna nganjang ka dinya. Ngahaja nepungan nyi mojang pupujan atina, nu buukna ngarumbay kabaseuhan halimun peuting, anak mencek ngaléndéan kana hariguna nu nyeungseung lir tarigu dua gunduk, ari di gigireunana lumur buleud tina kayu candana. Barang ras ka dinya léos ngajugjug deui imah gedé nu dilingkung pirang-pirang tatangkalan téa, néangan nyi mojang. Pokna, "Enung, putrana Ilakhzar, bulan nu beurat tos liwat. Aya ku hégar dunya ku pirang-pirang kekembangan sareng tatangkalan. Na di mana atuh, ari nu geulis? Baeu ka dieu, jungjunan, geura tingal anak mencek sareng japati nu nyayang luhur pisan. Baeu ka dieu, engkang pohara sonona." Tepi ka sababaraha kali nyalukan nyi mojang, tapi nu dipikatineungna taya nepungan. Segruk baé ceurik.
Tapi ras deuih ka pamajikan Ilyazir anu jadi monyét ku lantaran nyeungceurikan salakina. Cék dina gerentes haténa, "Si Nyai anakna Ilakhzar gé moal boa sanasib jeung dulur-dulurna. Mangka, hé Ilyasif, tong mikacinta maranéhna, ongkoh manéh gé teu pamohalan bakal kawas maranéhna." Sabisa-bisa mareuman kasono bari nyingkahan sakur tali mimitran jeung batur salemburna.
Rét ka monyét anu beungeutna carewaw tur barurahay sarta buntutna ngarulapés. Barakatak seuri. Ras ka pamajikan Ilyazir anu saméméhna mah awéwé panggeulisna salembur éta, jangkung lenjang lir tangkal siprus, pinareup nyeungseung lir buah anggur ngaranggeuy. Cék Ilyazir sakali mangsa, rék diala tah buah anggur téh. Léos nu lenjang ka basisir, dituturkeun ku Ilyazir, tur enya buah anggur téh diala. Diboyong wé ka imahna tatangkalan nu keur sumedeng tumuwuh téh. Ari ayeuna urut awéwé geulis téh keur cinuntrung wé bari ngalaan kutu tina buukna. Clak dampal suku Ilyazir nécé kana pingping pamajikanana, rék luncat kana dahan tatangkalan.
Cakakak Ilyasif seuri mani tarik, dalah ku tarik-tarikna manéhna rada bingung ku dirina. Ras ka batur salemburna anu jadi monyét sabada seuseurian. Geuwat istigpar.
Satékah polah Ilyasif mengkek piseurieun, nahan kasono, mareuman kacuwa, ngampeuh kakeuheul tur ngubur kanyaah. Sabisa-bisa manéhna nyingkahan sakur nu nyantélkeun dirina jeung batur salemburna, miceun beungeut ti nu keur silih puncereng bari narémbongkeun huntuna, nu keur silih rontok parebut bungbuahan, jeung nu keur balawiri teuing rék ka marendi. Pokona mah malieus tina sakur nu saméméhna ku manéhna dipikahémeng, diceungceurikan atawa diseungseurikeun, atawa nu sok diténjo kalawan nalangsa. Tapi basa manéhna nyakséni nu keur paraséa, teu wudu manéhna jéngkél tepi ka ngagorowok. Hémeng manéhna gé ku sorana sorangan. Meunang sajongjongan mah monyét téh sawaréh marelong ka manéhna bangun nu haréraneun. Der garelut deui. Tétéla kekecapan manéhna teu kahartieun ku nu geus jaradi sato, ciri bukti geus beuki lungkawing baé jungkrang nu misahkeun manéhna ti batur salemburna. Pohara Ilyasif nalangsa lantaran ucap reujeung kecap geus taya hartina, lir tolombong kosong. Emh, cék dina pikirna, aya ku matak nalangsa kabina-bina pajamanan téh. Basa, ucap jeung kecap tepi ka hanteuna. Batinna ngerik nyeungceurikan basa nu palastra.
Gék diuk, ngeueung sorangan, sanggeusna leler tina pirang-pirang nu ngaguligahkeun batinna. Éstu geus lain-lainna deui manéhna jeung monyét di sakurilingna téh, lir hiji pulo nu mencil di tengah sagara. Carékna éta pulo, "Di satengahing cai anu pohara jerona, kari aing saaing-aingna nu tetep jadi lemah, luhureun beungeut cai."
Sabisa-bisa manéhna mipindingan batin tina galura cinta katut kacuwa sangkan henteu kaléot kabawa palid ku nu karitu. Éstuning disinglar wé kereteg haté téh. Sanggeusna sagala disinglar, bet aya nu teuas lir batu leutik jero dadana. Gebeg reuwas, sarta pokna, "Duh, Gusti, naha abdi téh keur robah ti sajeroning awak?" Rét kana awak sakujur, karasa nu teuas téh kawas nu ngagedéan ka luar. Rey awakna asa buluan, buukna gé bangun nu robah jadi bulu. Bari jeung ruy-rey awahing ku sieun, sirahna gé karasa jadi ngaleutikan. Suku katut leungeunna ngariut. Beuki sieun kalah beuki ngariut baé leungeunna téh. Cék dina pikirna, "Na aing téh keur ngaleutikan kitu?"
Ras ka Ilyab nu jadi monyét basa manéhna sieun jadi monyét. Pok deui ngomong sorangan, "Lah, na da kapan kasieun nu jolna ti luareun awak gé bisa disinglar, piraku aing teu kaduga nyinglar kasieun nu jolna ti jero awak." Nya sabisa-bisa ngadalian kasieunna tepi ka leungeun nu ngariut téh manjangan deui. Tulang sandina bangun nu rék kaluar, nya reketek leungeun katut sepirna dipereketkeun.
Reup peureum. Tapi ana nyah beunta karasa leungeunna robah deui. Peureum deui, ngadégdég. Pok deui ngomong sorangan, "Édas, na aing téh enyaan geus robah kitu?" Nyah panonna beunta sabeulah, horéng leungeunna taya nu robah. Geus puguh kitu mah panonna beunta duanana, bari terus nilik-nilik awak sakujur. "Yakin aing mah," pokna ngomong sorangan, "taya nu robah." Orokaya saharita leungeunna karasa ngariut deui. Reup deui panonna peureum.
Bari peureum batinna uleng lir kasedot kana torowongan nu paroék. Pokna dumareuda, "Duh, Gusti, teu kiat abdi nandangan seuneu naraka nu aya di luareun sareng di sajeroning batin abdi." Bruh bréh beungeut batur salemburna, katémbong deui basa maranéhna ngala lauk mangpirang-pirang tepi ka eusining sagara anu sakitu lobana téh geus mimiti béak, éstuning pohara sarakahna tepi ka poé Saptu gé ngarala lauk. Bréh deui kolot nu kungsi ngélingan sangkan maranéhna teu ngala lauk poé Saptu, bari pokna, "Kalawan asmana Alloh anu parantos ngadamel sagara nu jero tur lega, tur anu parantos ngeusian sagara ku pirang-pirang lauk, masing aréling yén sagara téh kudu ngaso, ulah hantem baé nandangan kasarakah arandika anu taya wates wangenna. Poma ulah ngala lauk poé Saptu, lamun teu hayang keuna ku mamalana." Ilyasif kungsi kedal ucap ka Pangéran yén moal ngala lauk poé Saptu. Orokaya, mungguh nu calakan téa, poé Saptu manéhna nyieun kamalir pikeun ngocorkeun cai ti laut ka émpang nu jero. Puguh wé lauk téh ngarocopok ka dinya. Isukna kabéh diala ku manéhna. Nyakséni pamolah kitu, kolot téa pok deui ngélingan, "Sing saha nu ngabobodo Pangéran baris dibobodo ku Pangéran. Wawales ti Pangéran pohara beuratna." Ana ras ka dinya Ilyasif kacida handeueulna. Sadar ayeuna mah yén paripolahna salila ieu téh kaasup lampah nirca. Pok neneda, "Duh, Gusti, Nu Maha Welas tur Maha Asih, anu parantos maparin pirang-pirang kabagjan ka diri abdi, naha ayeuna téh Gusti badé ngantunkeun abdi, dugi ka diri abdi kedah jadi monyét anu panghina-hinana?"
Éling keur nandangan bangcang pakéwuh anu pohara, segruk ceurik. Sasatna hihiding anu ku manéhna dijieun téh ambrol tur cai ti sagara anu jero antukna ngagulidag maseuhan tanah angar.
Éling kana nasibna, léos manéhna ngajauhan monyét-monyét téa, ngingkig muru ka leuweung. Cara kekecapan nu geus ilang harti, sakur imah reujeung témbokna geus taya hartina. Sapeupeuting manéhna nyumput dina dahan tatangkalan.
Barang isukna kuniang hudang isuk-isuk, awakna nyareri satulang sandi, tonggong asa potong. Rét kana leungeun jeung suku anu geus ngariut. Karasana beuki ngariut baé. Gerentesna, "Kalah kumaha baé, aing masih tetep Si Ilyasif." Jero pikirna, naha enya ari jadi jalma kudu hirup babarengan jeung papada jalma? Puguh wé kudu, walon batinna kénéh; prahna jalma pacampur jeung jalma deui, hirup jeung jalma, paéh kasakséni ku papada jalma. Meunang walonan kitu, batinna nalangsa. Kocéak midangdam, "Duh, Enung putra Ilakhzar, na di mana ari nu geulis? Aya ku téga ngantep engkang nunggul pinang!" Bréh deui kagambar témbrés pisan anak mencek nu ngadarégdég katut sapasang gunung tarigu lebah harigu, cai ti sagara nu jero maseuhan pulo. Kocéak deui, "Duh, Enung putra Ilakhzar, kalawan saksina gedong nu dilingkung pirang-pirang tatangkalan, japati nu pating kalayang mébérkeun jangjang, halimun peuting katut peteng reujeung tingtrimna basa kongkolak panon beurat ku pitunduheun, engkang sumpah seja milarian Enung sok sanajan kedah unggah gunung leuleuweungan. Baeu, Enung, geura tampi kasono engkang!" Tapi dina kaayaan nalangsa tunggara awahing ku nunggelis, sakur kekecapanana kalah pabeulit sasat aya ranté nu ngabakutet létahna, sasat kekecapan téh geus kapupus, dalah sorana gé geus robah.
Ngarasa sorana robah, leng ngahuleng. Ras ka Ilyab jeung anakna Zablun basa sorana pada-pada robah méméh saralin jirim jadi monyét. Seblak haténa ngarasa longkéwang. Pokna, "Duh, Gusti, Pangéran abdi, naha abdi gé kedah robah deuih?" Saharita kumejot hayang ngeunteung nilik-nilik beungeut, tapi ngeunteung kana naon di tengah leuweung kitu. Pokna deui, "Duh, Gusti, kedah kumaha atuh abdi supados yakin naha abdi téh tos robah atanapi henteu?"
Bréh kapikir rék balik deui ka lemburna, tapi saharita kereteg haténa ditahan. Moal, moal deuk balik deui. Ku imah nu jarangkung di lemburna sasat ditampik, ari ku pirang-pirang tatangkalan di leuweung kawas nu dibebetot. Batan ngadeukeutan lemburna mah, kalah beuki jauh aksruk-aksrukan ka tengah leuweung. Jog ka hiji talaga anu caina ngeuyeumbeu tur canémbrang hérang. Gog cingogo di sisi, siuk ngeduk cai ku dua leungeun, regot diinum. Nya harita pisan katémbong bengeutna dina cai. "Aing ieu téh?" Saharita ngocéak tarik pisan tepi ka aweuhanana balik deui ka manéhna. Derengdeng lumpat.
Sajeroning lumpat sakalumpat-lampét, manéhna ngarasa diudag-udag talaga. Dampal sukuna dadas, marolécak. Tonggongna karasa nyeri. Beuki jauh lumpatna, beuki nyeri tonggongna. Ku nyeri-nyerina manéhna ngarasa tulang tonggongna méh potong. Sabot kitu ujug-ujug pelengkung tonggongna ngabengkungan. Pluk dampal leungeunna kana taneuh.
Bari teu weléh napak kana taneuh, Ilyasif terus lumpat tarik pisan ka unggal juru, hah héh hoh bari luak-lieuk. Kokotéténgan néangan nyi mojang anakna Ilakhzar.***(Disundakeun ku Hawé Setiawan)