Kakawasaan

Éséy Ajip Rosidi

Kakawasaan (power) téh sipatna abstrak, tapi gedé pangaruhna kana kahirupan dina hirupkum­buh. Aya kakawasaan formal, anu dicekel ku jalma-jalma nu dibarendo, calik jadi ménak (pejabat) pama­réntah atawa nagara. Aya kakawasaan infor­mal, anu kapanggih di diri para tokoh masarakat, anu sanajan henteu nyangking kalungguhan formal pama­réntahan, tapi sagala omongan sarta paréntahna diéstokeun ku balaréa. Biasana jalma nu kitu disebut kagungan karisma, atawa tokoh karis­matis.

Sakapeung aya jalma anu nya tokoh karismatis, nya jeneng nyangking kalungguhan  di pama­réntahan. Idéalna mah mémang unggal pejabat téh mi­boga kharisma, sangkan diambeuan jeung diéstokeun ku bawahan jeung lingkunganana. Tapi ayeuna di urang geus lila henteu aya  pejabat anu karismatis ku sabab pribadina miboga wibawa anu matak sérab jalma sabudereunana. Ayeuna mah pejabat téh dicekel ku jalma nu “kaanggo” ku dunungan ku sabab pinter ngalakukeun ABS (Asal Bapa Senang) atawa AIS (Asal Ibu Senang). Jeung ayeuna mah pejabat téh sok  otomatis dianggap pamingpin, sanajan henteu miboga wibawa. Padahal pikeun jadi pamingpin mah jalma kudu mi­bo­ga wibawa jeung karisma. Ari wibawa jeung kha­risma henteu bisa dibisluitan da éta mah tumuwuh bareng jeung jalmana anu omongan jeung kala­kuanana diajénan ku lingkunganana. Pikeun di­ajénan ku lingkungan henteu bisa didadak cara anu diangkat jadi pejabat ku nu keur nyekel kaka­wasaan formal.

Pangipukan calon pamingpin téh organisasi anu séhat. Tapi organisasi di urang ti wang­kid jaman Démokrasi Ter­pimpin ku PBR (Pemimpin Besar Révolusi) Bung Karno geus dika­biri. Organi­sasi anu wani  ném­bong­keun pa­manggih anu béda jeung anu res­mi, komo anu wani entang-en­tang­an ngi­ritik mah dibubar­keun ata­wa dilarang. Dina nga­ya­keun pilih­an pa­ming­­pin organi­sasi anu démo­kratis dina mu’tamar ata­wa kongrés, pamaréntah salila­na sok pipilu­eun. Lamun jalma anu kapilih téh lain anu dipi­karesep ku nu keur nye­kel ka­ka­wa­saan, pamaréntah nolak hasil hasil kongrés atawa mu’tamar téa, ka­la­wan alesan “teu meunang clea­ren­ce”, “teu disa­tu­juan” ku pa­ma­rén­tah jeung réa deui. Biasana sok di­aya­keun mu’ta­mar atawa kong­rés deui anu milih jalma anu dipasang ku pamaréntah di éta organisasi. Cindekna kabé­bas­an némbong­keun pamang­gih jeung nga­ya­­keun organisasi anu dija­min dina Undang-undang Da­sar, sa­cara démonstratif dirumpak ku pama­réntah. Boh pama­réntah Or­de Lama boh pama­réntah Orde Baru. Tur teu aya anu wani ngé­ling­an, sabab saka­béh jalan geus dipeun­gpeukan.

Sabada Orde Baru rungkad, dina jaman réformasi, nepikeun pa­mang­gih jeung ngawangun organi­sasi atawa partéy téh jadi bébas. Jiga anu mabok, jalma ngaguna­keun saban kasempetan pikeun nepikeun pamanggih ata­wa kahayangna, bari henteu mer­hatikeun merenah henteuna. Protés jeung démonstrasi méh sa­ban poé kajadian di sakuliah Indo­nésia,  kalawan alesan anu rupa-ru­pa. Lembaga éksékutif anu dina ja­man Orde Lama jeung Orde Baru nyekel kakawasaan anu mutlak, sabada jaman réformasi mah kakawasaan­ana jadi ngu­rangan. Sabalikna lembaga légis­latif anu dina jaman Orde Lama jeung Orde Baru ngan ukur jadi “yésmén” kahayang éksékutif, mi­boga kaka­wa­saan nu leuwih gedé, nepi ka kaum éksékutif nga­reunteut haténa.

Tapi boh di lembaga éksékutif boh di lembaga législatif, para pe­ja­bat anu lain pamingpin nu mi­bo­ga wibawa jeung karisma, ka­la­kuanana némbongkeun moti­vasi anu sarua: nu penting meu­nang fasilitas jeung kauntungan (fi­nan­sial) nu maksimal bari  henteu dipa­talikeun jeung tang­gungjawab.

Cindekna nu ayeuna rendang di urang, lain pamingpin, tapi para pejabat anu mareunang kakawa­saan­ana téh ku jalan silih so­kong pada baturna. Pang­pangna batur sapartéy. Dina un­dang-undang anu dijarieun ku mara­néhan­ana kaka­wa­saan téh nyoko  dina partéy.  Nu meunang nya­lon­keun, nu meu­nang nyekel jabatan, kudu disokong ku partéy. Jalma anu lain anggota par­téy anu geus diaku, sanajan ném­bong­­keun kamampuh anu nga­ya­kin­keun, baris dianggap an­dar-andar nu teu bisa nyekel jabatan pub­lik. Kakara lamun disokong ku partéy bisa dicalonkeun. Tang­tu baé sing saha anu hayang dica­lon­keun ku partéy kudu nedunan paménta partéy. Tur lain duit baé.

Padahal tina rupa-rupa riset jeung polling, sidik yén kaper­cayaan warganagara ka partéy téh rendah pisan. Hartina partéy téh geus henteu dipercaya deui ku réréana warganagara. Partéy anu dianggap jadi sokoguru démo­krasi, henteu ngagambar­keun as­pirasi rahayat. Sabab partéy, saka­béh partéy, geus dikeukeu­weuk ku kaom ves­ted interest anu kadede­mes ka­na kaka­wasa­an. Kaka­wasaan digu­na­keun keur ka­­pen­tingan diri jeung go­longan­­ana, par­téyna. Jeung tuju­­anana taya lian ti ka­un­tungan finan­sial.

Nepi ka ayeu­na hen­teu katém­bong kumaha ca­ra­na nga­robah ka­aya­an anu henteu ngun­tung­keun rahayat jeung na­ga­ra téh. Nu bisa nga­robah saenya­na ka­om législatif anu bisa nyieun un­dang-undang anu ngun­­tung­keun raha­yat jeung nagara. Tapi lembaga législatifna apan ayeuna disire­kem­an ku partéy-partéy anu moal téa daékeun nyieun undang-undang anu baris ngarorod kaka­wa­saanana.

Dina politik mah tara ieuh aya pihak anu sadrah daék masrah­keun kakawasaan anu keur dice­kel ku manéhna ka nu lian. Salilana kudu direbut baé. Boh sacara démokratis - ku jalan nga­yakeun padu pabisa-bisa manga­ruhan balaréa. Hal ieu susah di­lak­sanakeun sabab jalan ka dinya sasatna geus dipeung­peukan ku nu ayeuna keur nyekel kawasa­an. Sanajan kitu sa­enyana masih aya lolongkrang pi­keun pihak anu hayang ngarobah situasi kiwari, tapi tanwandé me­relukeun suma­nget jeung stamina anu lain luma­yan. Éta téh bari hen­teu nyebut­keun dana anu tang­tu lain saeutik. Tapi nya dinya masalahna téh, ku­du aya anu ngabuktikeun yén pangaruh jeung kakawasaan bisa direbut bari jeung henteu nga­guna­keun duit.***

Ngalebetkeun komentar