Kala
Dilebetkeun 18-06-2007 04:30
Kategori: Carita Pondok
Ku Hadi AKS
Kawas poé-poé nu kalarung. Panonpoé luhureun dayeuh Bandung angger kitu moncorongna. Dina keur meujeuhna manceran, pohara karasa mentrangna, ngadéang embun-embunan. Kendaraan nu lalar-liwat angger kitu ti waktu ka waktu, nyalemprung ka unggal jurusan, ngahiberkeun haseup jeung kekebul kana panon. Saparat trotoar, jalma-jalma laleumpang bari balem, tarungkul bangun rusuh, ngagaredig muru ka mana boa.
Taya saurang ogé nu ngalieuk nangénan manéhna nu ngajanteng di dinya, gigireun tugu di parapatan.
Umurna ku taksiran moal kurang ti lima puluh taun. Keur meujeuhna jagjag kénéh saenyana, keur meujeuhna suhud kana gawé kuduna mah, lain kalah ngadon ngajanteng di dinya, di tempat ‘hara-haraeun´. Papakéanana angger kitu. Riuk pamu-luna angger kitu. Rungah-ringeuh baé bangun keur ngarasa genting ku kaayaan. Kakara anyar-anyar ieu manéhna sok katénjo ngajanteng di dinya téh, tadina mah teu kungsi manggihan. Kuring gé tadina mah haré-haré, teu ieuh hayang nalingakeun. Ngan kadieunakeun asa ahéng ku paripolahna. Disebut owah da lain, ngomongna sidik jejeg kénéh, henteu ngaco cara umumna jalma nu teu waras. Ngan mindeng sok katénjo manéhna gogorowokan ka unggal nu ngaliwat .
"Awas! Aya kala ningker ti sakuriling bungking!" pokna ngagorowok ka lalaki dugul nu ngaliwat lebah manéhna. Leungeunna tutunjuk ka opat juru pongpok angin. Nu diajak nyarita semet colohok. Murilitkeun sirahna nu lénang, tatanggahan ka langit. Teu katénjo naon-naon. Langit baé mayung kulawu, dipasieup reueuk bo-das jujumplukan. Ukur sakedapan lalaki dugul téh tatanggahanana, tuluyna mah nyéréngéh bari neges-neges beungeut manéhna. Teu ngomong kumaha-kumaha. Nu dugul téh leumpang deui. Ngalieuk. Manéhna mencrong kénéh bari tuluy tutunjuk deui ka langit, ka lebah reueuk nu ngajumpluk kawas sirah buta. Nu dugul ngincid deui semu rusuh. Aya ulat nyeungseurikeun, tapi kawas nu sieun ku manéhna.
Kitu ka unggal nu ngaliwat.
Manéhna teu weléh ngélingan yén kala aya di sakuriling bungking. Aya di mana-mana cenah, ngingintip langahna manusa. Tapi umumna nyaleungseurikeun atawa ngabalieus bangun asa kalejokeun. Euweuh nu percaya kana omonganana, yén kala téh saenyana aya di kieuna. Lain ukur kasebut dina paririmbon. Lain ukur sok diharéwoskeun ku kolot ka nu rék boga kalakuan. Manéhna mah yakin pisan yén éta lelembut téh aya ti baheula tug nepi ka kiwari. Malah boa saméméh aya manusa, kala mah geus diciptakeun ku Gusti. Henteu ngajirim, tapi maneuh dina tempatna bari teu kungsi bisa karampa lebah-lebahna. Ngagilir pipindahan, nguriling saluyu jeung muterna mangsa. Bulan Sapar ayana di wétan, bulan Rajab pindah ka kidul. Terus ka kulon, ka kalér, kitu baé nguriling dina saban tilu bulan. Kalaider! Tara méngpar tina bingbilangan, bubuhan kitu pancénna. Marengan réngkak manusa dina ulekan mangsa nu ditempuhna. Kitu manéhna kungsi nétélakeun papanjangan ka kuring.
"Héy, ulah leumpang mapag kala!" pokna deui ka awéwé nu ngagedig ka wétankeun. Nu dicaram ngarandeg, neuteup manéhna.
"Ieuh, ayeuna téh bulan Sapar, cek bingbilangan, kala keur aya di wétan. Upama Nyai hayang salamet, poma ulah lumampah ka wétan!"
Nu diajak nyarita ukur kerung, tuluy ngabalieus miceun beungeut. Ngagedig deui. Ku manéhna geuwat diudag, dituturkeun. "Pék baé teu percaya mah, engké gé nyaho sorangan balukarna. Nyai moal hasil maksud, malah boa bakal nyorang balai. Kumaha lamun Nyai aya nu ngarogahala atawa aya nu ngarurujit? Ulah ngaludeung-ludeung karep, Nyai! Kudu nyaah ka awak sorangan. Lebar, komo Nyai sakitu dénokna. Kudu caringcing. Kala mah tara balangah, moconghok baé ka sing saha nu datang kana lebahna."
Éta awéwé jempé baé. Leumpang semu lumpat, ngabrig-brig ngajauhan. Manéhna kukulutus sorangan.
Keur kitu, ti kajauhan sora tukang koran kadéngé gogorowokan, "Dolar geus naék deui! Rupiah ngalelep deui! Urang kudu taki-taki! Hahargaan naraék deui, beuheung rahayat dicekék deui! Mahasiswa geus ngadongsok DPR, Présidén kudu geuwat mundur!"
Ngadéngé nu gogorowokan manéhna asa kahatéan, "Awas! Aya kala ningker ti sakuriling bungking! Aya seuneu ngabebela! Urang kudu waspada! Biheung saha poé ieu nu bakal dipergasa!" pokna leuwih tarik batan tukang koran.
Ti béh kalér, ti lebah wangunan bank nu ngajungkiring, jol aya nu leumpang ka lebah manéhna. Lalaki maké pakéan dines pulas sépé ka luhur ka handap.
"Lamun Bapa percaya ka kuring, bulan-bulan ieu mah pacuan ulah rék balangsiar ka beulah wétan! Moal manggih rejeki, aya gé balai, lantaran kala keur tugur di wétan. Bapa bakal meunang musibat. Saleuheung lamun ukur leungit duit, kacopétan, atawa aya nu ngarampog. Kumaha lamun beuheung Bapa aya nu neukteuk?" Ceuk manéhna bari nepakan taktak éta lalaki.
Éta lalaki mencrong baé, neuteup seukeut ka manéhna.
"Ari di dinya kungsi kitu nénjo kala?" pokna kalah nanya.
Cakakak manéhna seuri.
"Kuring tepi ka kieu téh ku lantaran kala. Lelembut éta pisan anu ngancur-keun kahirupan kuring. Bapa hayang nyaho dongéngna? Ka dieu sing deukeut. Kuring rék ngadongeng!"
Ukur seuri maur éta lalaki téh, manéhna ngagedig indit deui rurusuhan.
Kuring nu ti tatadi nyerangkeun ti kaanggangan tuluy leumpang, rék nga-liwat ka lebah manéhna. Haget pisan manéhna nénjo kuring téh. Tuluy ceg baé nyekelan kana leungeun. Pageuh leungeun kuring dikeukeuweuk.
"Tuh, ténjo ku Bapa!" pokna bari nunjuk ka langit, ka lebah reureuk nu ka-ténjo ngadangong kawas sirah buta. "Éta téh kala nu keur tugur di langit wétan!" pokna laun. Anéh, sari-sari aya nu béda dina sorana ayeuna mah. Henteu tatag cara tadi. Kadéngéna malah kawas aya kasedih nu disidem. Manéhna gé tuluy jempling teu nyarita deui. Kuring ngajengjen baé nyidik-nyidik reueuk di langit. Enya beuki diteges-teges téh bet kawas sirah siluman, sungutna keur calawak, tuluy aya nu nga-guliweng siga panon, bangun keur mencrong ka kuring duaan.
Gék manéhna diuk, bari méré isarah ngajak kuring diuk gigireun manéhna. Nénjo kitu teu kebat rék tuluy indit-inditan téh. Gék kuring gé diuk, gigir-eunana.
"Ku lantaran kala kuring tepi ka jadi kieu teh," pokna kawas ngomong ka dirina sorangan. Jep deui. Ayeuna mah maké rada ngeluk, bangun mengkek rarasaan. Bari semu dumareuda manéhna tuluy ngadongéng.
"Hiji waktu dina bulan Rajab, kuring nepungan nini, sasadu rék diajar usaha di pasar. Ku nini harita dicaram, majar ulah boga paniatan nu kudu miang ka kidul dina bulan Rajab mah lantaran kala keur aya di kidul, numbuk di sué cenah. Henteu didéngé omongan nini téh bubuhan geus kapalang méuli kios. Der baé kuring usaha dagang kaén. Kakara meunang tilu bulan, rék eungkeut-eungkeut maju usaha. Ari ger téh pasarna kaduruk tur kios kuring géhéng ku seuneu. Ceuk selenting béja nu tatalépa sanggeus éta kajadian, cenah mah lain kaduruk, tapi diduruk ku urang Pemda lantaran lahanna rék dijieun pasar swalayan."
Manéhna ngarandeg heula. Pok deui:
"Sanggeus kateug teu bisa usaha di lembur, kuring tuluy dagdagan hayang ngumbara di lembur séjén. Nya tuluy pindah saanak-pamajikan. Ieu gé dicegah deui baé ku nini, da harita meneran bulan Rewah. Ulah pindah ka kulon cenah bulan Rewah mah, mapag kala kasebutna. Kala keur tugur di kulon, teu matak pihadéeun. Dirémpak deui baé ku kuring omongan nini téh, da asa teu paruguh hirup tambuh laku teu boga kasab. Di tempat anyar kuring angger ngaligeuh teu bisa usaha. Ngan untungna si cikal bisa ngojég. Lumayan keur dahar-dahar baé mah kacumponan tina ladang ngojég téh. Hanjakalna teu lila, ukur meunang dua bulan, anak kuring riri-butan jeung tukang ojég di pangkalan. Biheung tina perkara naon mimitina da tuluy ngahudang amarah jalma-jalma nu taya ras-rasan. Anak kuring dipergasa tepi ka maotna." Manéhna ngarandeg, kawas keur nginget-nginget deui éta kajadian.
"Bapa mah moal percaya, ku cara naon anak kuring dipergasana?" pokna bari nanya mencrong ka kuring. "Ku cara anu pohara biadabna. Cenah, ceuk nu nyarak-sian, sanggeus pada neungeulan, awakna dibanjur ku béngsin, tuluy didaruruk." Lebah dieu mah kaciri manéhna rénghap-ranjugna, biwirna ngeleter, bangun nyidem amarah jeung katugenah anu pohara.
Manéhna jempling deui sawatara lila, kawas hayang ngalelerkeun rarasaan.
"Henteu tepi ka semet dinya. Kajadian anu katilu kalina mah leuwih neung-gar kana mamaras," pokna laun. Reg deui, kawas ngawahan hayang nyaritakeun nu leuwih anteb.
"Kuring pindah imah ka tempat séjén, anu ceuk bingbilangan nini mah nin-cak di mapag kala deui baé. Harita mah maké boga rasa hayang nangtang kana le-lembut nu disebut kala téh. Kuring mungpang deui kana omongan nini. Teu lila, panyaram kolot téh geus karasa peurahna, malah leuwih parna ti nu enggeus-enggeus. Kuring digawé di pabrik kulit. Gawé dur-duran, anu mindeng kudu balik peuting atawa balik subuh. Naha atuh, keur jejem digawé, ari hég pamajikan bet nyéléwér nyieun peta rucah jeung lalaki séjén. Tina ukur haréwos, tuluy tul-tel tata-lépa, tepi ka geunjleungna salelembur. Teu percaya kuring téh tadina mah, ngan béja beuki sahéng kana ceuli. Loba saksina cenah, majar lalakina mindeng sok susulum-putan tuluy geblus asup ka imah kuring. Puguh baé matak ngahudang amarah saré-réa. Tepi ka hiji peuting, kuring balik ka imah téh geus teu nyampak nanaon, iwal ti seuneu beureum nu ngagugudag. Imah kuring diduruk ku jalma salembur. Pamajikan jeung anak kuring nu leutik, rénghék ku seuneu!"
Semet dinya manéhna bisa cacarita téh. Tuluyna mah ngeluk tungkul kana trotoar, bangun teu bisa kebat ku ngagelekna rarasaan. Jempling sawatara lila. Keur kitu ti kajauhan sora tukang koran kadéngé hawar-hawar gogorowokan deui, "Jakarta dibom deui! Aya indung nu téga maéhan anakna! Wakil Gubernur disidang alatan korupsi! Di Pantura puluhan warga tiwas alatan tawuran! "
Manéhna ujug-ujug nangtung ngajuringkang. Tutunjuk ka unggal juru pong-pok angin, ka unggal jalma nu ngaliwat.
"Kala aya di mana-mana! Seuneu aya di mana-mana! Aya di sakuriling bungking! Ngepung kuring saban waktu!" pokna ngagorowok, tapi manéhna tuluy ngarumpuyuk. Nyuuh kana trotoar, malah tuluy kadéngé nginghak. Ceurik bangun pohara nalangsana.
Kuring ngabigeu teu bisa ngomong.
Tuluy tatanggahan ka langit, nyidik-nyidik deui reueuk nu ngajumpluk ka-was sirah buta. Kuring ngaheneng ngalenyepan dongéng manéhna. Naon saenyana kala téh? Ceuk manehna jeung umumna pikiran urang Sunda, kala téh lelembut nu teu kungsi ngajirim. Tapi terus muter di unggal juru pongpok angin, marengan la-lampahan jeung réngkak paripolah manusa. Tapi ceuk manéhna kénéh, kala téh seu-neu nu sok ujug-ujug ngabebela di mana baé, ngaduruk sing saha baé.
Ceuk anggapan kuring, bisa jadi ceuk anggapan anjeun nu maca ieu carita, kala téh waktu nu teu kungsi ngajirim bari halon pisan teu karasa ngagilirna. Tapi karasa ningkerna. Ningker kana saban rénghap.
Manéhna nyuuh kénéh kana trotoar.
Kuring tanggah deui ka langit. Ujug-ujug maké ngarasa keueung sorangan. Keueung biheung ku naon. Lain, Kala téh saenyana lain itu nu ngadangong di langit, tapi aya Kala anu hirup dina pikiran kuring jeung manéhna, nyaéta ‘kakeueung´ nu ayeuna keur ngepung lelembutan. ***