Kangjeng Nabi Tiasa Maos sareng Nyerat

Ku Irfan Anshory

DINA Kitab Suci Al-Qur´an, Surah al-A`raf ayat 157, Allah SWT nétélakeun yén Rosululloh Muhammad SAW téh an-nabiyyul-ummiy (Nabi anu ummi).

Réréana jurutapsir Al-Qur´an napsirkeun yén ummi téh hartina buta hurup, tuna aksara, teu bisa maca jeung nulis. Éta pamadegan nu geus sumebar téh jigana kudu geuwat dilelempeng, da horéng istilah ummi (katut pluralna ummiyyuun atawa ummiyyiin) dina Al-Qur´an téh lain kitu hartina.

Agama Islam téh mata-rantay pamungkas tina agama Nabi-Nabi méméh Nabi Muhammad SAW, kayaning Nabi Ibrahim, Nabi Musa, Nabi Daud, Nabi Isa al-Masih, sareng Nabi-Nabi Alloh nu sanésna (`alaihimus-salaam).

Seuseueurna para Nabi téh kawitna ti kaom Bani Israil, turunan Nabi Ibrahim ngalangkungan putrana Nabi Ishaq. Bani Israil mah geus loba narima Kitab Alloh, cara Taurat, Zabur, jeung Injil.

Ari urang Arab, turunan Nabi Ibrahim ngalangkungan putrana Nabi Ismail, méméh Al-Qur´an diwahyukeun mah teu kungsi narima Kitab Alloh. Ku kituna, urang Arab disebut kaom ummiyyuun atawa ummiyyiin, hartina "kaom nu teu kungsi maca atawa nulis Kitab Alloh".

Éta istilah téh antonim tina istilah al-ladziina uutu l-kitaab (kaom nu geus narima Kitab Alloh), sakumaha kaunggel dina Surah Ali Imran ayat 20.

Dina jaman Rosululloh SAW, urang Yahudi remen moyokan urang Arab. Pajar urang Arab téh teu bogaeun kitab. Pamoyok urang Yahudi téh contona dina Surah Ali Imron ayat 75: "Henteu dosa pikeun urang ari kana hak kaom ummiyyiin mah."

Nu mawi Alloh ngadawuh réhna urang Yahudi sorangan loba ogé nu ummi, dina Surah al-Baqoroh ayat 78: "Jeung di antara maranéhna loba nu ummiyyuun, teu nyaraho kana Kitab."

Ti kalangan urang Arab minangka kaom ummiyyuun téh Alloh SWT ngutus Nabi Pangahirna, nyaéta Muhammad SAW. Firman Alloh dina Surah al-Jumu`ah ayat 2: "Anjeunna anu ngutus tina kaom ummiyyiin hiji Rasul ti antara maranéhna, anu mangmacakeun ayat-ayat-Na ka maranéhna."

Ngan baé Nabi Muhammad SAW téh sanés diutus kanggo kaom ummiyyuun wungkul. Anjeunna mah diutus ka sakumna manusa!

Alloh miwarang Nabi Muhammad SAW pikeun ngada´wahkeun Islam boh ka kaom ahli kitab boh ka kaom ummiyyuun. Kitu nu ditegeskeun ku Gusti dina Surah Ali Imron ayat 20: Qul li l-ladziina uutu l-kitaaba wa l-ummiyyiina a aslamtum ("Béjakeun ka nu geus narima Kitab jeung nu tacan narima: naha hidep badé arasup Islam?").

Istilah an-nabiyy al-ummiy dina Surah al-A`raf ayat 157 dihubungkeun jeung kaom Ahlul-Kitab (Yahudi jeung Nasrani) nu geus arasup Islam. Kalimahna kieu: Al-ladziina yattabi`uuna r-rasuula n-nabiyya l-ummiya l-ladzii yajiduunahuu maktuuban `indahum fii t-tawraati wa l-injiil ("Jalma-jalma nu narurut ka Rasul, Nabi nu ummi, nu kaunggel dina Taurat jeung Injil nu nyampak di maranéhna").

Dina ieu ayat Alloh nétélakeun réhna sanaos Muhammad SAW téh Nabi nu ummi—hartina ti kaom ummiyyuun—kaom Ahlul-Kitab téh kuduna arasup Islam, sabab lungsurna Nabi Muhammad SAW téh geus dicartakeun dina Kitab Taurat jeung Injil.

Istilah an-nabiyyul-ummiy gé sakaligus ngandung harti yén Nabi Muhammad SAW téh teu kantos maos atanapi nyeratkeun Kitab-Kitab Alloh méméhna, nu matak sakumna eusi Al-Qur´an téh leres-leres ditampi ku anjeunna ti Alloh SWT, sanés hasil niron atanapi nyalin tina Taurat jeung Injil sakumaha sangkaan kaom Ahlul-Kitab ka anjeunna.

Kitu nu ditegeskeun ku Gusti dina Surah Al-`Ankabut ayat 48: "Jeung manéh teu kungsi maca kitab saméméhna jeung teu kungsi nuliskeunana ku leungeun manéh. Upami kitu, tanwandé hamham kaom nu batil."

Masarakat Arab saméméh Islam geus wanoh kana sastra tulisan boh natsar (prosa) boh sya`ir (puisi). Unggal taun urang Qurésy ngayakeun féstival di Ukazh. Di dinya dimusabaqahkeun maca prosa jeung puisi. Naskah nu dianggap hadé meunang kehormatan pikeun ditapelkeun dina Ka`bah.

Ieu fakta nuduhkeun yén masarakat Arab harita pinter maca jeung nulis. Nu matak, istilah ummiyyuun téh hartina lain "masarakat buta hurup".

Jungjungan urang, Kangjeng Nabi Muhammad SAW, nalika anomna apan sok ical galeuh sateuacan anjeunna janten Rasul. Kesuksésan anjeunna dina transaksi niaga nuduhkeun yén anjeunna tiasa maos sareng nyerat. Nu matak istilah an-nabiyyul-ummiy téh hartina lain "nabi nu buta hurup".

Lalakon lungsurna wahyu nu munggaran ka Kangjeng Nabi Muhammad SAW nuduhkeun yén anjeunna tiasa maos. Nalika Rosululloh SAW tafakur di Guha Hira´ pasir Jabal Nur, dina malem Senén ping 17 Romadon (6 Agustus 610 Maséhi), jol malaikat Jibril, pok nyarios, "Pék baca!"Â Nabi urang ngawaler, "Naon nu kedah diaos ku abdi téh?" Teras Jibril ngabacakeun lima ayat tina Surah al-`Alaq, wahyu Alloh anu pangmimitina téa.

Nalika Rosululloh SAW ngadamel perjangjian gencatan senjata jeung kaom musyrikin Mekah nu diwakilan ku Suhail ibn Amr di Hudaibiyah dina sasih Dzulqa`dah 6 Hijriyah atawa April 628 Maséhi, éta naskah perjangjian diserat ku Ali ibn Abi Thalib sareng didiktékeun ku Rosululloh SAW: "Ieu perjangjian antara Muhammad Rasulullah jeung Suhail ibn Amr."

Suhail protés kana éta kalimah tur usul sangkan "Muhammad Rosululloh" diganti jadi "Muhammad ibn Abdillah". Ali ibn Abi Thalib teu kersa mupus kecap "rasulullah". Ahirna Nabi Muhammad SAW ku anjeun nu mupusna nganggo panangan anjeunna luyu jeung usul ti Suhail.

Tah, tétéla pisan yén istilah an-nabiyyul-ummiy téh hartina lain "nabi nu buta hurup", tapi "nabi nu teu kantos maos Kitab Alloh saméméh Al-Qur´an" atanapi "nabi ti kaom ummiyyuun nu tacan nampi Kitab Alloh". Jadi, tarjamah ummi dina basa urang téh sawadina "buta kitab", lain "buta hurup".

Dina abad pertengahan ulama kagungan anggapan yén Kangjeng Nabi téh teu tiasa maos sareng nyerat. Moal boa pamadegan kitu téh dianggap perlu ngarah umat Islam beuki yakin yén Al-Qur´an téh sanés seratan Nabi. Padahal, sanaos Rosululloh SAW tiasa maos sareng nyerat gé, da teu ngurangan saeutik-saeutik acan kaimanan urang mah, yén Al-Qur´an téh leres-leres wahyu Alloh SWT.

Ongkoh seueur pisan bukti kawahyuan Al-Qur´an téh, boh tina kaéndahan basana boh tina eusina nu sakitu punjulna. Misalna, loba fakta ilmiah ngeunaan fénoména alam dina Al-Qur´an nu kakara kaguar hartina ayeuna sabada élmu pangaweruh modéren nyampak.

Éta téh salah sahiji bukti yén Al-Qur´an téh mémang leres-leres dilungsurkeun ku Anu Kagungan Jagat Marcapada, nyaéta ti Alloh SWT.

Urang ulah sagawayah, sok komo ngalélécé, tepi ka nganggap Kangjeng Nabi téh buta hurup sagala. Lalawora pisan mun urang nyangka yén Jungjungan nu ku urang sakitu dipikaajrih téh, nyaéta jalmi pangmulyana sadunya, Nabi Muhammad SAW, teu tiasa maos sareng nyerat. Kacida!

Wal-Laahu a`lam bi sh-shawaab.***

Nu nyerat, da´i, linggih di Bandung

anshory_irfan@yahoo.com

3 Koméntar kana “Kangjeng Nabi Tiasa Maos sareng Nyerat”

  1. ping 22-06-2007 tabuh 11:26Billy Soemawisastra

    Sayogiana, seueur pisan carios-carios dina sajarah Islam anu henteu salaras sareng logika. Salah sahijina, nyaeta anu parantos diserat ku Ajengan Irfan Anshory, yen Kangjeng Nabi SAW teh saleresna mah tiasa maos sareng nyerat. Da henteu logis atuh, Kangjeng Nabi anu sadidintenna janten saudagar teh buta aksara. Tur teu logis, di lingkungan masyarakat Arab anu tos lami uninga aksara sareng sastera, aya nonoman santana (bangsawan) anu teu tiasa maos sareng nyerat.

    Upami henteu lepat, sim kuring kantos maos hadis anu nyarioskeun: Kangjeng Nabi nyuhunkeun kertas sareng pena, kanggo nyerat serat wasiat. Namung dicegah ku Umar bin Khattab, kumargi Kangjeng Nabi harita teh nuju teu damang parna. Saur Umar, cekap Al-Quran sareng Sunnah anu dijantenkeun wasiat. Teu kedah aya wasiat lianna. Hadis ieu (anu cekap shohih) ngabuktoskeun yen Kangjeng Nabi teh sayogiana henteu buta aksara.

    Perkara sanesna anu henteu logis, nyaeta carios Abu Thalib (pamanna Kangjeng Nabi) anu disebat-sebat teu kantos janten Muslim dugi ka pupusna. Padahal Abu Thalib teh dugi ka bebela pati kanggo nyalametkeun Kangjeng Nabi. Sigana moal dugi ka kitu upami Abu Thalib henteu percanten kana ajaran Islam anu didakwahkeun ku Kangjeng Nabi.

    Carios Kangjeng Nabi ditipu ku setan anu ngaku-ngaku janten Malaikat Jibril, lajeng carios Kangjeng Nabi dugi ka murungkut sieuneun waktos ngadangu Jibril ngabewarakeun wahyu kahiji (Iqra), eta oge raraosan sim kuring mah henteu logis. Sanes kitu, Ajengan Irfan?

  2. ping 04-07-2007 tabuh 9:25Nandar

    Naha aya buktosna anu otentik atanapi dalilna nu nyebatkeun yen Kanjeng Nabi tiasa baca/tulis?

  3. ping 07-05-2008 tabuh 9:37yayat hendrayana

    sapagodos ajengan irfan…leres pisan eta teh….

Ngalebetkeun komentar