Kertas Jarami

Ku Pandu A. Hamzah

mangsi leuwih gancang nyaliara
saacan puisi aya.
jeroeun haté saha nu nyaho
waktu téh lain siluman, inyana
ukur sok ngiwat haiku ti jeroning
serat hareuras
nu nyicingan kertas jarami jeung rohangan

Wuni Kahujanan
nalika wuni kahujanan, siga taya nu dikir, guneman,
atawa ngadu´a
cék tangkal wuni:
"sabab harepan kana hujan nu ngagebrét
ngilatkeun cahaya ti lemah nepi ka langit"
nalika éta tangkal wuni kahujanan tepi ka lantis…

—————–

Sihir Careuh

cahaya bulan kalah ngajadikeun léngkahna terus kalangsu
jeung poho balik lamun teu sono nataku kana beuleum kijing
jeung hawar-hawar sora suka bungahna kulawarga macangkrama
sanajan diri geus yatim piatu

Ngalebetkeun komentar