Ketak Nonoman dina Seni Karawitan
Dilebetkeun 23-04-2008 08:49
Kategori: Lalayang Girimukti
SENI tradisi dihirupkeun deui. Ayeuna mah barudak ngora nu makalanganana téh. Dina “Konsér Karawitan Muda Indonésia”, seni karawitan ti sawatara sélér di Indonésia, dipidangkeun di Jakarta. Nu tatabeuhan jeung nu ngahaleuangna gé réréana mah barudak jeung rumaja. Saha wawakil ti Tatar Sunda?
*
SORA tarompét nérétét di Auditorium Radio Républik Indonésia (RRI) Jakarta. Sawatara nayaga pahibut nakol rupaning tatabeuhan tina awi. Tepak kendang mawa suasana gumbira. Langgéor para mojang ngagiwing angklung, ngajajar hareupeun panggung.
Musik jempé sakeudeung. Dina panggung ketémbong aya nyiru dieusi rupaning sasajén, ngaréndéng jeung iwung awi tilu leunjeur. Nu marawa angklung gug-gék dariuk. Suasana jadi sakral, katurug-turug mimiti kadéngé sora nu mapatkeun rajah.
Geus kitu musik ditabeuh deui. Ayeuna mah wirahmana rada nyalsé. Ngong juru kawih ngahaleuang. Ger nu lalajo surak.

Angklung Saléndro “Ting-tung Iwung” ti Sanggar Awi Sada Kabupatén Bandung
Éta téh pintonan Angklung Saléndro “Ting-tung Iwung” ti Sanggar Awi Sada Kabupatén Bandung. Ieu seni karawitan nu maké waditra tina awi téh, jadi wawakil ti Jawa Barat dina Konsér Karawitan Muda Indonesia. Lian ti Sanggar Awi Sada, wawakil ti Jawa Barat téh Lingkung Seni Rinéngga Sari, nu kungsi jadi pinunjul Pasanggiri Rampak Kacapi 2007.
Seni Karawitan téh réa rupana. Cék Énsiklopédi Sunda, karawitan téh ngawengku kana seni musik jeung seni sora. Ka dieunakeun, istilah karawitan dianggap banda Indonésia (nasional) pikeun nuduhkeun sarwaning seni musik jeung seni sora nu datangna ti sakur sélér di Indonésia.
Sangkan ieu seni tradisi dipaliré ku barudak ngora, itung-itung régenerasi, nya ngadeg wéh Karawitan Muda Indonésia (KMI), taun 2006. Unggal taun KMI ngayakeun konsér. Jadi taun ieu téh nu katilu kalina.
Taun ieu mah konser karawitan téh diayakeun di Auditorium Radio Républik Indonésia (RRI) Jakarta, tanggal 15-16 Maret 2008. Dina ieu acara, KMI meunang pangrojong ti Komisi Nasional Indonesia untuk UNESCO (KNIU). Acarana gé rupa-rupa. Lian ti pagelaran seni karawitan téh, aya dialog ngeunaan karawitan deuih.
Méméh prung konsér, Prof. Dr. Arief Rachman, M.Pd., Ketua Harian KNIU, ngajak ngawangkong heula ka barudak. Cék Arief, barudak penting pisan mikawanoh musik tradisi, hususna karawitan, lantaran nya éta pisan musik asli Indonésia téh. Angklung upamana, apan méhméhan diaku ku nagara deungeun. Nu matak Karawitan Muda Indonésia téh kudu jadi pangjurung, jadi gerakan nasional sangkan para nonoman micinta jeung ngarumat musik tradisional.
Konsér KMI nu katilu midangkeun seni karawitan ti sawatara propinsi, di antarana ti Jawa Barat, Jawa Tengah, Bali, Aceh, Kalimantan Selatan, jeung Irian Jaya. Tapi ari nu langsung minton di Jakarta mah ngan tilu propinsi. Nu séjénna, dipintonkeun ngaliwatan pakakas téknologi, pagelaran jarak jauh.
Di sakola-sakola, bisa jadi musik tradisi téh masih kénéh kaéléhkeun ku musik nu leuwih modéren jeung populér. Najan kitu, sawatara nonoman masih kénéh némbongkeun katineungna pikeun diajar jeung ngamekarkeun seni karawitan. Astri nu ti Sanggar Awi Sada, nyebutkeun mimiti resep kana karawitan téh lantaran sabada didédéngékeun mah geuning musik tradisional gé teu éléh ku musik séjénna.
Kitu deuih nurutkeun salah sahiji SMA Santa Ursula Jakarta, nu harita mintonkeun gamelan Jawa. Karep pikeun diajar seni karawitan lantaran ngarasa meunang kasugemaan batin sabada neuleuman musik tradisional.
Wawakil ti Jawa Barat
Di Banjaran, Kabupatén Bandung, aya Sanggar Awi Sada. Luyu jeung ngaranna, ieu sanggar téh ngamangpaatkeun alat musik tina awi keur mintonkeun rupaning kréasi seni.
Ngadegna 2 Novémber 2002, di Kampung Bojong Konéng, Désa Ciapus, Kacamatan Banjaran, Kabupatén Bandung. Nu miluanana réréana mah barudak SD, SMP, jeung SMA. Nu diulik ku Awi Sada téh lain ngan waditra modéren, tapi ti mimiti alat musik buhun nepi ka angklung kréasi Daéng Sutigna.
Sanggar Awi Sada dipingpin ku Abun Somawijaya, S.Kar., M.Sen. Geus kaitung mindeng méntasna mah, ti mimiti tingkal lokal nepi ka nasional. Méméhna, taun 2007, Awi Sada miluan Fésival Musik Bambu Nusantara. Kungsi deuih magelaran di Anjungan Jawa Barat Taman Mini Indonesia Indah (TMII) Jakarta (2004), jadi wawakil ti Kabupatén Bandung dina acara Etalase Musik Bambu Jawa Barat di Saung Angklung Ujo (2006).
Dina Konsér KMI, Awi Sada ngadumaniskeun musik awi nu dijudulan “Ting-tung Iwung”. Ari nu maraénna di antarana Sélly, Éka, Astri, Lara, Yuni, Yusni, Dévi, Yani, Novi, Déwi, Yunni, Pupung Déwi K, Lilis, Dédén Irfan, Budi, Yusuf, Firmansyah, Iyang, lwa, Mulyana, Aan, Ééng, Wahyu, Wawang AS Wijaya, Bah Awi, Cuncun, Wawa, Écép, Asép Fad, Iwan, Dédi, C. Cumina, jeung Sona PS.
Lingkung Seni Rinengga Sari gé ti Kabupatén Bandung deuih. Nu ieu mah tapis metik kacapi, da kungsi jadi pinunjul dina Pasanggiri Rampak Kacapi taun 2007. Ieu lingkung seni téh diadegkeun 2 Novémber 1985 di Kampung Pajagalan Banjaran, Désa Banjaran, Kacamatan Banjaran, Kabupatén Bandung.
Dina Konsér KMI katilu, Lingkung Seni Rinengga Sari mintonkeun rampak kacapi karya buhun tug nepi ka wanda kréasi anyar.***