Ki Kerta
Dilebetkeun 18-06-2007 04:38
Kategori: Carita Pondok
Ku Syarif Amin
Ki Kerta jelema dadag. Kolom jangkung gedé malah. Teu loba di lembur kuring mah pantar kitu téh. Pipanteseunana téh jelema posokol pisan, segut maculna, rosa naktak-mundakna, ludeung kana gawé badag, sologoto bobolokot, cara kitu prahna lalaki di lembur kuring, ari lain kolot rérémpo mah.
Tapi Ki Kerta sabalikna. Jéjérégéd pisan sakalian kapaksa ogé, nyabak gawé badag téh. Da tara manéhna mah. Tara pucal-pacul, tara tuak-taék, sumawonna bobolokot dina leutak ledok mah. Cara pagawéan ngeduk balong, mopok galeng, nu sok matak pinuh beungeut, pinuh sirah ku leutak, tara Ki Kerta mah.
Nu matak tara aya nu nyorok manéhna mah. Tara aya nu ngajak, tara aya nu ngahiras kana gawé kitu mah. Da geus pada terang teu bisaeun, jeung tara daékeun baé deuih.
Prahna di lembur kuring lalaki tara dibaju, ari keur digawé rosa mah. Kukurubutan di nu bala, rék ngala suluh, rék ngala awi, buligir baé. Manggul awi nu kakara meunang nuar, rék awi tali, rék awi temen, gombong atawa bitung pisan, regeyeng-regeyeng baé. Teu teurak mérang awi téh kana kulit jeung taktak nu geus tuman mah.
Osok ngabiasakeun maké rebig sotéh, macul di sawah. Sawaréh kitu ogé. Tamba panas teuing, aling-aling tamba kapentrang teuing kulit tonggong, sok tutung. Da béda geuning teurakna panas poé téh di sawah nu taya aling-aling mah.
Ki Kerta mah langka kapanggih eukeur buligir. Tara lésot takwa atawa kamprét. Bongkong sakurang-kurangna, minangka keur singkilna téh. Lantrak-lintrik di pipir bada asar, tara lésot gamparan. Bari jeung boga wulu deuih biasana mah, ditepikeun ka magrib jeung isa.
Barang dahar lain dapon am baé cara nu réa Ki Kerta mah. Cara prahna nu posokol digawéna, nu rosa nanggungna nu segut maculna, sok segut deui baé barangdaharna ogé. Asal dedet sagala bres nu iarag karasa ngeunah cenah. Sangu nu heuras. Sangu beureum baé biasana mah. Sambel asal lada. Tarasina mah délan baé. Mun teu kitu sambel oncom atawa sambel dagé, céngékna baradag kénéh. Jéngkol, sepi, karédok leunca atawa karédok térong peuheur kabeukina. Ngahudang ponyo dahar, cenah. Mana komo peuteuy mah, anu kolot barolotot, royal kaasupna.
Nu disebut lauk asin, asal asin téh enya. Kelas alus beuleum lempu mah, atawa beuleum peda. Malah pais peda dikalapaan mah kaasup mayorna! Da lauk asin nu disebut kanarén baé, nu réa warna-rupana, campuran lauk lalembut. Sakapeung katut bubukna, tampolana geus hapeuk-hapeuk acan, disangray dina talawéngkar.
Dahar seupan sampeu sahuap sapanjel bari tara ieuh dipiceunan heula haténa, wel-wel baé sampeu jagreug ogé!
Nu caman-cémén daharna téh jadi ukuran jelema jéjerégéd kana gawé di lembur mah! Ki Kerta mah barangdaharna kajeun saeutik asal ngeunah. Sangu, kudu bodas jeung leuleus. Sok seueul cenah dahar sangu beureum atawa béas atah sosoh téh.
Deungeunna, teu hayang réa rupana, kajeun saeutik asal patri. Dahar beuleum lauk, tara, da sok sudang, cenah. Mun henteu digoréng, dipais. Kana lulub-lalab teu pati beuki, komo lalab atah mah. Tara nginum ciatah deuih Ki Kerta mah. Téh igé kudu ledok karasa paitna. Kagok-kagok mah kajeun ciasak hérang baé.
Udud, henteu dapon ngebul cara batur. Cara nu réa, lumrahna udud téh tas dahar atawa bari ka cai. Lamun rebun-rebun di sawah tamba tiris, mun di nu harieum bari itung-itung muput rambetuk. Nu matak asal ngebul loba haseupna, sagedé cucuk nyieunna roko gé. Bako sebul kitu baé, dilulun ku daun kawung rubak, kandel kedewil.
Ki Kerta mah kajeun teu udud, da bako kudu nu ngeunah. Bako géléng bijilan Kalér tilu pésér, ceuk ieu-ceuk ieu sedeng bangetna teu kapaké ku manéhna mah. Da kudu Maruyung nu semu ambucuy, sari cepel dicabak téh. Bako beuneur disebutna ogé, henteu seungit, tapi teu banget.
Daun kawung, Ki Kerta mah moyok ka nu karolot, rarubak, karandel karedewil téh. Da henteu dapon rubak. Keur neurakkeun disebutna ogé nu kitu téh ku manéhna mah. Da kudu nu ngora, barodas, aripis, kajeun heureut meueusan.
Di lembur kuring mah ngan manggih Ki Kerta anu dina dompétna daun kawung meunang neukteukan jeung meunang mautan téh. Da ilaharna mah nu disebut nguntay baé, daun kawung teukteukaneun. Meunang nikel-nikelkeun téh sep baé disesepkeun kana dompét, rék udud ngadadak nékrokan heula.
Surup reujeung topékna, kana ruat-raut unyum-anyam Ki Kerta punjul ti batur, di lembur kuring mah taya pantarna.
Réa, malah aya sakampung nu pacabakanana ngabaku kana nganyam boboko, tolombong, nyiru, tampir, ayakan, hihid, aseupan jst. Kolot-budak, awéwé-lalaki biasa. Tapi nu alus, lemes cabakna cara Ki Kerta, sadésa teu aya dua.
Upama nu réa biasana nyieun kodianana, Ki Kerta mah kabisana jeung biasana nyieun nu anggon wungkul. Sanajan dipaksa upamana dititah nyieun dapon boboko, asal ayakan, moal daékeun manéhna mah. Rék boboko sangu, rék paranti ngisikan, nu maké lancah-méntrangan téa manéhna mah. Mana komo mun ngahaja nyieun nu hinis wungkul mah, da teu siga awi, awi téh. Nya lemes nya keker, rapat meunang manéhna mah.
Réa anu bisa nyieun korang, naha da korang buatan Ki Kerta mah disarebutna ogé lebar dibawa ngalintar téh, kudu munday!
Nyieun karamba, Ki Kerta mah méméh ditér ogé geus rékép, ku rapat-rapatna anyaman. Parabotna mah prah baé jeung nu réa, ukur péso raut jeung jara.
Ngan manéhna di lembur kuring mah nu bisa nyieun ram korsi, bari buatanana teu éléh ku meunang babah.
Pantrang Ki Kerta mah nalian wengku atawa soko ku nyéré kawung téh, cara kitu ilaharna nu nyarieun barang kodian. Rék wengku nyiru, arék ayakan, rék soko boboko, rék soko tolok, sumawonna téténong mah, kudu ku hoé baé manéhna mah, hoé cacing.
Disarebutna ogé buatan Ki Kerta mah nepi ka sok bosen maké, ku awét-awétna.
Geura ilaharna nu nyieun tingkem, ngan keur sakalieun maké. Tingkem buatan Ki Kerta mah teu kudu hoé, awi biasa baé, kawasna dibawa ka Mekah dua-tilu balik mah wedel kénéh!
Sakitu kapaké ku saréréa téh, tara ngahaja-haja dagang atawa ngajual beubeunanganana Ki Kerta mah. Ngaladénan nu ngahiras baé, nu ménta dipangnyieunkeun. Mun teu kitu atuh nu ménta dipangoméankeun. Nalian atawa ngaganti wengkuna mun boboko atawa ayakan téh, nu paregat atawa gugus balas diketrukkeun ka nu teuas.
Ka nu ménta dipangnyieunkeun, bari nampanan duit sadibéréna téh, basana: "da lain ngajual kuring mah, boboko méré, duit ménta!" Atuh minangka buruh ngoméan, disebutna ogé ku nu ngahiras téh, "keur meuli bako!"
Ki Kerta henteu ijiran, atuh nu sok ngahirasna gé henteu.
Jelema borohol, hadé haté, ahli tutulung Ki Kerta téh.
Kadeuleu baé pasosoré keur ngadagoan magrib ngadaweung dina golodog bari nyatutan janggotna nu mimiti paselang jeung huis, ku duit sén dua!
Ari nu prah sakampung mah, tukang ngaranyam boboko, said, dingkul, tolombong, nyiru, tampir jst. nyieunna téh ngahaja tukeurkeuneun kana paré atawa bangsal. Baheula mah ka batur salembur baé nukeurkeunana téh, biasana usum panén, usum butuh wawadahan, boh keur heucak boh keur bangsal, huut ayakeun jeung meunang ngayak, da pangayakan mah biasa dipiceun atawa diduruk.
Tuluyna mah dienyakeun ngaranyamna téh, ngabaku nyieun kumpulkeuneun. Usum panén sedeng geus loba beunangna, dibawa ngider. Aya nu incah ka séjén daérah tuluyna mah. Ka mana baé nu kabéjakeun usum dibuat. Atuh lumakuna sok nepi ka aya mingguna, nepi ka béak kabéh téh. Payu kana paré atawa bangsal, da embungeun diduitan mah.
Balikna ka lembur téh, jaman paré geugeusan mah atuh aya nu ngarékot nanggung sababaraha sangga. Geus jaman bangsal, atuh rata-ratana jadi dua tolombong mah.
Nu loba tukeurkeuneunana mah, sawaréh aya nu kaburu dua-tilu balikan ngiderna sausum panén téh.
(tina Di Lembur Kuring)