“Kiwari” Dilélér Muri
Dilebetkeun 01-05-2008 02:47
Kategori: Béwara
Dina Féstival Drama Basa Sunda X 2008, kungsi aya nyarita, sigana pantes mun Téater Sunda Kiwari (TSK) dilélér pangajén ku Museum Rékor Indonésia (MURI). Nepi danget ieu tacan nu ngayakeun féstival drama, komo dina basa daérah mah, nu lilana nepi ka 20 poé.

R. Dadi P. Danusubrata ngawakila TSK narima anugerah MURI
Basa FDBS geus lekasan, sawatara organisasi ngariung, di antarana Kelompok Diskusi Kota Bandung Kidul (KDKBK), Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Rumah Baca Buku Sunda, jeung Yayasan Percéka. Maksudna rék ngusulkeun sangkan TSK dilélér MURI.
Henteu nepi ka bubulanan, poé Juma’ah 25 April 2008, TSK diangkir ka Semarang. R. Dadi P. Danusubrata, ngawakilan TSK, narima pangajén ti MURI lantaran TSK geus ngayakeun féstival drama Sunda panglilana (20 poé). Malah cék Paulus Pangka mah, manajer MURI, éta téh bisa jadi rékor dunya deuih, lain ngan di Indonésia.
Ditilik tina katineungna kana drama Sunda, TSK mémang merenah narima éta pangajén. Geus papada terang, TSK babakti kana téater Sunda téh geus 33 taun, tur unggal 2 taun ngayakeun FDBS kalawan mayeng ti taun 1990. Lian ti anugerah MURI, taun ieu TSK dilélér Hadiah Sastra Rancagé deuih, ku jasa-jasana dina ngamekarkeun drama Sunda.
“TSK dilélér Muri téh saenyana mah jasa saréréa,” cék Kang Dadi. Pangna kitu, da niat TSK ngayakeun féstival drama taun ieu téh lain lantaran hayang dilélér MURI. Patandang, juri, panitia, média massa, jeung pihak séjénna, milu ngadeudeul nepi FDBS X 2008 lumangsung nepi ka 20 poé lilana.***(Dan)