Korban di Antara Maru
Dilebetkeun 19-06-2007 12:17
Kategori: Carita Detéktif
Ku Radian Prasetya
From: Raswaya raswaya@kalawarta-cahaya-medal.com
Subject: Naskah Stok Carita Detéktif
Date: Sun, 22 Jan 2006 05:59:47 -0800 (PST)
To: Dadang Sukirta redaksi@kalawarta-cahaya-medal.com
Naskah stok, saheulaanan dijudulan "Korban di Antara Maru". Geus lila aya dina file-na aya dina hardisk. Kabeneran ayeuna remen kajadian kasus panganiayaan ka barudak. Matak nyeuitan haté. Nu telengess téh indung atawa bapa teges. Mun baheula nu sok jadi catur téh indung téré nu galak, kiwari lain ngan sakali kabéjakeun budak jadi korban kagangasan baraya, emang, bibi atawa deungeun-deungeun pisan.
Anak nu disatru ku indung cara Kiki Fatmala. Naha mémang nepi ka kitu? Émosional, geus poho di temah wadi, ongkoh ditanggap dina télévisi, bruk-brak nunjuk rorék anak, kekecapan nu teu pantes dilisankeun, mangrupa bituna kaceuceub nu teu kaampeuh, budal lir teu katataran! Éta téh ti indung teges ka anakna.
Aya kajadian budak nepi ka maot dilelep-lelep kana bak, puluhan taun ka tukang, cara kasus Ari Hanggara. Salaki jeung pamajikan ku saruana, ngomplot maéhan, bapa téga ka anak teges, indung téré nu gangasna cara dina dongéng.
Kasus Korban di Antara Maru nyaritakeun budak ngambang di balong geus jadi bugang, titeuleum.
Kasusna diréngsékeun ku Kaptén Sidik jeung Pa Hikmat. Ieu naskahna dikirimkeun. Saperti biasa, mun perelu panyarungsum jeung parobahan mah bisa waé diayakeun.
Muga tawakup, teu bisa datang ka KCM, puguh kapapaténan, aya kapisepuh ngantunkeun.
Salam,
Raswaya
*
"Ku teu sangka nya, éta Si Amin," cék Pa Hikmat ka Kaptén Sidik, di jalan dina mobil, ka Cihanyirkeun. "Sakelas asana baréto jeung Idik?"
"Nembé di kelas tilu sakelas pisanna mah," walon Kaptén Sidik bari jongjon nyupiran. "Di kelas dua mah misah-misah. Teu kasebat raket ti kapungkur ogé. Kana diajar teu patos soson-soson, da sok bari balantik. Naon waé dipajeng."
"Budak ceuleuyeu kitu, tuda," témbal Pa Hikmat.nyaritana diselang ku ngenyot padudan. "Ayeuna jadi beunghar nyah?"
"Biasa Pa, beunghar kampung," cék Kaptén Sidik. "Ceuleuyeu-ceuleuyeu gé tos jadi haji. Usahana kana tani, gaduh kios pupuk, toko kolontong, colt ogé aya tiluna, dianggo narik panumpang Cihanyir–Bandung pépé."
"Sabaraha hiji anakna?"
"Opat," walon Kaptén Sidik. "Cikal, anak awéwé mung hiji-hijina. Numawi hajatna gé séséépan, mupugkeun tai kanjut saur sepuh téa mah…"
"Ti sabibit éta téh nya?"
"Muhun, kalah wé haji beunghar, Si Amin mah teu kawartoskeun… nyandung!" "Nyolong badé budak téh," cék Pa Hikmat. "Enya Si Amin, keur sakolana baréto taya ules pibeunghareun. Komo jeneng mah, da teu pinter, pas-pasan pisan. Ngan tara aya laporan ti tata usaha nunggak uang sekolah, atuh bépé gé, ku Si Amin mah tacan kungsi dirurudet."
Mobil terus nyemprung ka Cihanyir.
*
KAWANTU hajat gedé, jalma tamplok ka papanggungan hareupeun imah Haji Aminudin. Degung ngungkung di panggung, mirig nu taruang, ondangan merul taya towongna. Engké peuting rék aya wayang golék. Ari kamarina pangaosan. Nu daragang milu maréma, ngaladangan nu lalajo nu ngaliud hareupeun imah Ki Haji, méh mudal ka tengah jalan. Komo peuting isuk da rék aya dangdut…
Lohor geus lila kaliwat, nu lalajo noyék kénéh, resep nénjo ondangan nu garinding, nu kana mobil, nu tumpak motor, nu leumpang pisan. Nu kana sado turunna rada jauh ti imah Ki Haji.
Ibur atuh di nu hajat téh. Aya budak kasampak geus ngambang di balong Haji Jarkasih. Kapanggih ku Jang Dusé. Teu ngahaja, rék nyokot langseng di imahna Bu Entim, duméh nu nyangu kabereg. Rék dangdan hawu deui. Ngarah téréh, jalanna mapay-mapay sisi balong, kajeun seseléké.
Nu ngambang di balong téh anakna Kang Kartomi, budak lalaki umur tujuh taun, Si Odih. Puguh wé Ceu Odah, bojona Kang Kartomi rawah-riwih, garo singsat, méhméhan kapiuhan, mun taya nu nyangkéh mah. Hadéna kaburu pada nahan, méh baé ninggang panci angeun sop, da Ceu Odah téh keur aya di dapur, babantu, ngadéngé béja anakna titeuleum téh.
Munasabah budak laha-loho ka balong taya nu nalingakeun ogé, da saréréa keur aya di nu hajat.
Degung terus ngungkung, ondangan sakitu geus beurang, tacan katingal orot, merul kénéh waé. Sabot kitu sawaréh cuhcih, nguruskeun nu kamusibatan. Kang Kartomi nu keur babantu di nu kariaan cara pamajikanana, di imahna melenguk baé. Bojona ngaléhléh, duka éling duka henteu, diupahan ku Bu RT.
Naha atuh di Cihanyir beuki geunjleung. Ka imahna Kang Kartomi asup awéwé, bulubus kitu wé, taya béma karama. Nu apaleun mah tingkecewis, lantaran nu datang téh Nyi Ihat, pamajikan Kang Kartomi anu ngora. Aya nu nyebutkeun geus diserahkeun, da tara dikilir deui, aya nu nyebutkeun acan, da cenah Nyi Ihatna remen nyarita, osok kénéh dibalanjaan.
Datang-datang, gantawang téh Nyi Ihat. Tuluyna ramé silih carékan. Antara maru téh sarua neugtreugna, pada-pada embung éléh. "Paingan merenyeng waé hayang ka dieu. Béda rarasaan, teu genah haté. Teu mikeun aing mah. Lain titeuleum, dilelepkeun. Kasebutna indung téré."
Ceu Odah nu baluas kénéh ngadéngé omong jelema kitu mah, jaba awong-awongan, buringas tuluy ngoréjat. Males nyarékan.
"Gagabah sia nyarita téh! Sapopoé aing babantu di nu hajat. Ti subuh kénéh. Anggur sia rék nanahaon los-los ka dieu? Cikénéh mangkukna ka imah, naha tacan kaharti? Katindih ku kari-kari, kari-kari éta awéwé burung datang ka dieu, Si Odih kapanggih geus jadi mayit di balong. Moal néangan jurig teu kadeuleu!"
Nyi Ihat geuwat némpas, "Sia paling gé nu téga mah! Kasebutna indung téré. Saréréa geus nyaho, ari sia nyarékan Si Odih. Paribasa mun aya kakeuheul téh dilelepkeun sia ku aing! Ayeuna kabuktian…"
"Sia kasebutna indung teges, anak sorangan dilur-jeunkeun, mumul ngurus. Budak téga ditatawarkeun, rék dijual ka Cina. Mun teu dirawatan ku aing mah, boa kumaha nasib Si Odih!"
"Bongan sia hawek! Aing gé sarua pamajikanana Kartomi, wajib dibalanjaan ku salaki. Tapi ku sia dihalang-halang. Malah ninitah aing diserahkeun. Batan budak sangsara teu kaparaban, aya nu haat rék mikanyaah, nya dibikeun. Tapi ku sia direbut, aing ku Kartomi geus tara dibalanjaan. Nu matak Si Odih ku aing rék dicokot, aing gé boga hak da indungna…"
"Hmh! Ngeunah wé! Rék dicokot sotéh pédah wé budak geus gedé, teu ngahésékeun deui!"
"Hanjakal aing mah teu dibawa balik ti mangkukna kénéh. Meureun budak téh salamet. Hayang diuruskeun, kudu nep ka jucungna. Saha mangkeluk nu maéhanana…!"
"Indung teges gé sia mah teu nyaah ka anak. Jor waé rék lapor ka pulisi ogé. Gagabah siah, pédah aing kasebutna indung téré. Nuding téh kudu karana bukti, jinah kudu karana layan. Anggur sia datang-datang ngontrog, tutudinganan ka batur. Sia datang ka dieu, Si Odih tilelep di balong. Rék teu curiga kumaha, dangdanan wé kalah ginding, tapi éta jalalibrug kitu! Cik naon sababna, nu bodo gé bisa mikir. Panggih jeung Si Odih keur ulin, digusur ka sisi balong, tuluy dilelep-lelep…"
"Aing mah di jalan kacéprétan ku cileuncang, da éta supir angkutan désa bangkawarah, teu jeung adeuh. Nyaho aya jalma keur leumpang, hég mobil téh launkeun, pilih jalan nu tuhurna. Aing gé nyaho, enya babantu di nu hajat, tapi kungsi ingkah rada lila. Balik deui ka nu hajat, baju jalalibrug."
"Aing kaluar nyelang nyokot duit ka imah, Si Odih ngerewih waé hayang jajan. Kabeneran rusuh indit ka imah Ceuk Haji téh, teu mawa duit. Sanggeus méré duit ka Si Odih, nyelang ka cai tuluy wudu, rék solat lohor, bisi kaburu ahir manten!"
"Lah, ékol wungkul! Réa kabéjakeunana indung téré mah!"
"Sarua, indung teges gé teu euweuheun nu ngajual anak, najan teu nepi ka dipaéhan…"
"Teu suka aing mah! Ménta diuruskeun, hayang nyaho nu boga dosana!"
"Jor téh teuing! Aing gé teu sieun. Moal ieuh ngejat! Hayang nyaho saha nu boga dosana!"
Jalma jadi ngawaréh, sabagian angger lalajo di nu hajat, tapi lolobana mah riab ka imah Kartomi, lalajo nu keur paraséa. Atuh di nu hajat coréngcang, nu aya kari ondangan wungkul, pangpangna nu ti jauhna.
Kang Kartomi melenguk, nyanghareupan mayit Si Odih di tengah imah, dirurub samping kebat. Ti tadi kénéh nu ngawakwak geus pada ngarejengan, tapi teterejelan waé bari teu eureun-eureun silih carékan, silih hualkeun, ku babasan kasar garihal.
Teu kungsi lila, jol Kaptén Sidik jeung Pa Hikmat. Aya nu ngabéjaan, ti nu hajat langsung ka imahna Kang Kartomi.
*
BADA Asar gamelan degung di panggung geus dibérésan. Di nu hajat tiiseun, da rombongan wayang golék can datang. Tapi jalma teu kakurangan lalajoaneun. Ayeuna jalma-jalma parindah, ngagimbung di hareupeun imah Kang Kartomi. Ronghok tina jandéla, ti lebah panto ti lawang dapur, resep nyaksian nu paséa.
Sanggeus Pa Hikmat jeung Kaptén Sidik daratang gé réa kénéh nu tacan ingkah, awahing ku panasaran. Najan acara raraména mah geus réngsé. Ceu Odah jeung Nyi Ihat dariukna sina rada pajauh, duanana aya nu marengan, bisi kuma onam, ngajaga ulah nepi ka aya kajadian rongkah deui leuwih ti tadi. Tapi duanana kaciri geus leuseuh, najan panon mah buringas kénéh, silih pelong, silih delékan. Kang Kartomi ti tadi ngan melenguk baé, siga bueuk meunang mabuk.
Piligenti Kaptén Sidik nanya Ceu Odah, Nyi Ihat jeung Kang Kartomi. Sakapeung Pa Hikmat sok milu ngéngklokan. Ti dinya Kaptén Sidik jeung Pa Hikmat nuturkeun Pa RT ngajugjug balong Haji Jarkasih. Bring saréréa naluturkeun. Ceu Odah jeung Nyi Ihat leumpangna pada ngagéndéng.
Pa Hikmat lenga-lengo ka tempat nu buni sisi balong.sasaungan, dapuran haur, rurungkunan. Tina rungkun kembang keretas, manggihan papakéan budak, kaos oblong jeung calana jin. Baju jeung calana Si Odih. Dina pésak calana beulah kénca aya kénéh duit 200 rupia.
Pa Hikmat nitah ka salah saurang ancrub ka balong. Jang Dusé nu daékeun téh. Dibuligir, ukur pupurikilan calana kolor.
"Sasaran sugan aya cocooan budak, tah éta handapeun taraté atawa éta di dinya lebah écéng gondok! Sugan wé manggih…kakapalan!" cék Pa Hikmat.
Jang Dusé lalaunan turun ka balong, ti lebah rungkun kembang keretas. Naha atuh… gejebur baé!
"Jadiiil téh! Leueur geuning," pokna. Atuh jibrug sawak-awak, padahal balong téh jerona ngan semet cangkéng kolot.
Heuleut 10 menit Jang Dusé nyokot hiji barang nu nyelap dina sela-sela daun taraté.
Bener sakumaha sangkaan Pa Hikmat. Kakapalan leutik sakeupeul kolot.
*
JALMA-JALMA ngagimbung kénéh di hareupeun imah Kang Kartomi, najan henteu pati loba cara tadi.
Pa Hikmat jongjon udud padudan. Dina méja ngabarak susuguh ti nu hajat.
Kaptén Sidik nu cacarita téh.
"Kacurigaan mémang bisa neumbleuh ka Nyi Ihat. Mangkukna datang ka dieu, rék nyokot Odih, nu diurus ti leuleutik ku Ceu Odah. Babadamian tacan putus da duanana pada neugtreug."
Ceu Odah jerung Nyi Ihat kalamas kélémés.
"Ongkoh Ceu Odah jeung Kang Kartomi keur rariweuh kénéh nguruskeun hajat Haji Aminudin. Urang bingung, Min. Tadi di jalan nananyakeun Haji Amin euweuh nu wawuh. Aya gé Haji Udin nu nikahkeun mah, jawab téh," cék Kaptén Sidik ka Haji Aminudin. Haji Aminudin nu ngilu ngariung nerangkeun, "Ngarah légég wé atuh. Udin. Geus jadi haji ngaran kota jeung ngaran kampung téh dihijikeun wé jadi Aminudin. Siga jeung gaya ongkoh!"
Najan masih dina suasana kapapaténan, teu burung jelema téh sareuri najan bari dipengkék ogé.
Pa Hikmat ukur imut bari ngenyot padudan.
"Ku Kang Kartomi babadamian nu mimiti panas téh ditunda, da keur riweuh nguruskeun hajat Amin, aéh Haji Aminudin," cék Kaptén Sidik. "Engké wé rék dituluykeun deui mun hajat Haji Amin, aéh Haji Udin geus bérés. Nyi Ihat mulangna ngageremet. Pagétona ka dieu deui. Odih rék ditaragal, rék direbut sasatna."
Nyi Ihat ngeluk tungkul. Ceu Odah mureleng ka manéhna.
"Di jalan keur leumpang kasémbor ku cileuncang. Caina kotor pacampur jeung taneuh. Datang ka dieu jalma keur ribut alatan Odih titeuleum…"
"Jadi magarkeun dilelepkeun téh…" Haji Aminudin teu kebat nyaritana.
"Pedah papakéan Nyi Ihat jalibrug?" cék Kaptén Sidik. "Tingali geura. Nu jibrug téh nepi ka puhu pingping beulah kénca. Mun enya Odih dilelep-lelep ku indungna, nu jibrug leungeun baju. Kawantu Nyi Ihat maké baju landung leungeun panjang, maké tiung. Ongkoh nu mécrét kana baju bagian handap caina kotor pacampur jeung taneuh. Balong Pa Haji Jarkasih mah caina beresih…"
"Ari tos, saha nu maéhanana?" nanyana kitu, Nyi Ihat bari mendeléng ka Ceu Odah.
"Aing… di dieu gé teu rumasa maéhan!" Ceu Odah bijil deui napsuna. "Nyaah ka Si Odih téh, teu asa ka anak téré, najan lain beunang ngabéréjélkeun sorangan gé."
Ku Kaptén Sidik teu diwaro.
"Ceu Odah nyelang kaluar ti dapur nu hajat," Kaptén Sidik nuluykeun deui kateranganana. "Lantaran Odih ngarenghik waé hayang jajan. Bari kukulutus mulang heula ka imah, da tadi poho ka nu hajat téh teu mawa duit. Ceu Odah ogé rada jibrug, tas wudu rurusuhan, sieun lohor kaburu ahir. Mun enya Odih dilelepkeun, Ceu Odah tangtu kudu ancrub ka balong, moal bisa bari nonggéng. Antara tambakan balong jeung beungeut cai anggangna méh satengah méter. Budak nu rék dilelepkeunana ogé moal cicing, gogorowokan, teterejelan…"
"Moal kanyahoan, da kabéh jalma aya di nu hajat," cék Nyi Ihat. Nyi Ihat dihuit ku Pa RT.
"Moal kanyahoan," Kaptén Sidik neruskeun kateranganana, "Mun Odih anteng ulin di Balong, nyoo… kakapalan! Beuki lila beuki resep. Kakapalan disimbeuhan, nyoloyong ka tengah beuki jauh, tuluy nyangsang dina sela-sela daun taraté. Odih ancrub, cucul-cucul baju jeung calana. Papakéanana diteundeun handapeun rungkun kembang keretas. Lalaunan turun ti lebah dinya. Tikoséwad lantaran nincak nu leueur. Gejebur baé ka tengah, tikerebek. Nu teu apaleun mah najan kolot ogé, cara tadi, saha téh… enya Jang Dusé, pan tikoséwad. Lebah balong anu jero, basa Jang Dusé ngaraas ka béh tengah cai téh nepi kana cangkéng."
"Tapi ka abdi mah Si Odih ménta duit téh keur jajan," cék Ceu Odah, "Lain keur meuli kakapalan…"
"Sumuhun, Pa Kaptén," cék Pa RT. "Asana di dieu mah warung téh mung aya tilu. Taya hiji gé nu dagang…kakapalan!"
Kaptén Sidik unggeuk, ngarérét ka Pa Hikmat. Pa Hikmat males unggeuk.
"Leres Pa RT," walon Kaptén Sidik. "Tadi dina mobil basa ka dieukeun ningal nu dagang nanggung cocooan budak, kakapalan tina kaléng. Modélna saé. Pa Hikmat nu tenget pisan mah, margi kantos ngobrol sareng nu dagangna, sabot mobil lirén, waktu Bapa ka jamban heula. Kantos ditaros ku Pa Hikmat, naha teu dagang di nu hajat, walonna téh teu pajeng, da seuseueurna mah jarajan. Mung aya saurang budak nu mésér kakapalan. Ongkoh arawis, da barangna saraé, jadi pangaosna bénten ti nu biasa. Sigana Odih kabéngbat ku cocooan, teu cios jajan…"
"Seueur saksina Si Odih sok diancam-ancam ku indung téréna magar rék dilelepkeun, dialungkeun ka balong Haji Jarkasih. Boa dipaéhan heula tuluy dialungkeun ka balong?" cék Nyi Ihat.
Ceu Odah geus engab rék nambalang tapi teu tulus kaburu aya nu ngahuit. "Atuh da ukur dina biwir éta mah," cék Kaptén Sidik. "Bakat ku jéngkél ka budak. Mun téa mah enya dipaéhan, boh dilelepkeun, boh dipaéhan heula di darat, tuluy dialungkeun ka balong, naha mani salsé, papakéan budak diuculan heula? Nu pasti Odih maot titeuleum sabab sabab tina irung jeung sela-sela biwirna réa cai nu kaluar. Kainum basa tikerebek. Mun geus maot didarat kénéh, dina paru-paruna moal aya cai."
(post – script: Aya hikmahna Si Odih maot téh. Antara maru jadi hadé. Nu untung jeung senang Kang Kartomi. Aya gerentes ti Ceu Odah mun Nyi Ihat nagndeg deui, orokna rék dipénta).***