Kudu Walatra

Ari kabeneran nyaba ka kota Kuningan, atawa kukurilingan di kabupatén Kuningan cara di Luragung, Linggarjati jeung sajabana, haté sok henteu weléh muji ku sabab jalan-jalan anu diliwatan, sanajan sakapeung aya nu rada ruksak, tapi umumna laleucir, jiga anu henteu weléh ditalingakeun, gancang dibenerkeun lamun aya nu korowak sautak-saeutik, komo anu di jero kota mah.

Kabeneran poé Ahad tg. 7 April, balik ti Bandung ngaliwat ka Kuningan da mampir ka Jatiwangi heula, maksud téh rék ka Cikijing ti dinya ka Ciamis langsung ka Borobudur jeung Pabélan cara sasari. Ngan bada ngaliwatan Bendungan Darma, kuring nénjo aya péngkolan anu ka Subang. Ras inget sawatara taun ka tukang kungsi diajak ku Édi Ékadjati ka Subang pikeun nyaksian upacara adat taunan anu khas di dinya, cenah, ngan sabada nepi ka Selajambé dibéjaan yén acara geus lumangsung minggu saméméhna jadi béja anu nepi ka Édi tinggaleun. Jadi baralik deui ka Bandung, henteu terus ka Subang.

Ngan kuring inget yén kungsi dibéjaan ti lemburna Kang Ahmad Bakri almarhum, Rancah, aya jalan ka Subang anu brasna ka Kuningan. Ku sabab kuring rék ka Banjar, kapikir yén lamun “motong jalan” ngaliwat ka Subang tuluy ka Rancah pasti leuwih deukeut manan ngaliwat Cikijing tuluy ka Ciamis.

Bubuhan kuring mah resep ngaliwat ka jalan anu tacan kungsi kasorang, supir sina méngkol ka jalan anu ka Subang. Jalanna alus nepi ka Selajambé. Ngan antara Selajambé nepi ka Subang aya anu garékgok tapi henteu parna. Sapanjang jalan kuring merhatikeun imah-imah anu kaliwatan, beunang disebutkeun haradé nepi ka aya kasimpulan yén urang dinya hirupna gemah ripah, paling henteu katénjona henteu ripuh, sanajan pasawahan henteu pati lega, tapi kakaian jigana jadi pakasaban utama urang dinya. Sanajan jauh ka jalan gedé, tapi da geus aya listrik, jadi henteu matak walurat. Matak pikabitaeun jalma anu resep ngahunang-ngahening jauh tina rupa-rupa polusi akibat tina masarakat modéren anu sacara kaleuleuwihi ngagunakeun rupa-rupa alat éléktronika nepi ka kahirupan beuki jauh ti alam.

Subang téh lamun henteu salah kota kacamatan. Sanajan singkur katingal yén hirupna subur. Jalanna hareureut tapi alus rata. Kuring nanyakeun jalan ka Rancah, dituduhkeun sangkan balik deui da kudu méngkol ka katuhu palebah gang saméméhna.

Jalan heureut, tapi henteu kesebut goréng, nepi ka Pamulihan. Ti dinya mah nepi ka Tangkolo, jalan téh henteu goréng-goréng acan. Jigana jalan éta dijieun saméméh perang ku pamaréntah Walanda. Tur ti harita tacan kungsi diropéa deui. Teu aya tapakna kungsi diaspal sanajan bisa jadi dina mangsa saméméh perang mah kungsi diaspal. Batu baé renjul, sawaréh taneuh ambles. Kuring nanyakeun ka nu kabeneran tepung di dinya, naha jalan ka hareupna goréng terus. Henteu, cenah. Nu goréng mah ngan kira-kira dua km.

Percaya kana éta informasi kuring neruskeun lalampahan kana Kijang. Tapi sabada ngaliwat dua km, kalah ka nepi ka bagian jalan anu méh henteu bisa diliwatan, nepi ka pér mobil potong. Hadéna aya sawatara welas barudak ngora anu haateun nyéréd éta mobil ku tambang. Cenah ka dituna mah ngan kari satanjakan deui anu kudu ati-ati ngaliwatanana téh jeung aya sasak anu dadamparna dijieun tina tangkal kalapa golondongan.

Dina kanyataanana mah aya sawatara tanjakan jeung péngkolan anu méh henteu bisa diliwatan. Sasak Cijolang jigana geus ambruk teuing iraha. Ayeuna dadamparna diganti ku tangkal kalapa golondongan dijéjérkeun. Tangtu pokal masarakat urang dinya, da lamun pokal Pémda mah piraku kaayaanana sakitu waluratna. Sasak walungan anu kaitung gedé jeung panjang téh teu mustahil jieunan mangsa “jaman normal” anu bisa jadi diancurkeun dina jaman révolusi. Ngan naon sababna geus ngaliwatan “jaman pembangunan Orde Baru” jeung réformasi, tacan kénéh meunang perhatian Pémda menerkeunana? Padahal éta sasak téh tanwandé penting pisan pikeun kapentingan hirup urang dinya, pikeun patali margana.

Basa tas dibarantuan nyéréd mobil ku tambang, kuring nanya ka barudak anu nulungan, ari Pa Bupati kungsi ngaroris ka dinya henteu, da jalan nu tangtu geus taun-taun sakitu ruksakna diantep baé. Cenah isukan poé Senén rék sumping ngaroris, sabab éta jalan rék dibenerkeun. Nénjo kaayaanana jalan goréng jeung ruksak téh geus sawatara taun, jigana sama sakali tacan kungsi meunang perhatian ti Pémda Kuningan. Teu mustahil ku lantaran Bapa pejabat Pémda Kuningan tara ngulampreng ka lebah dinya. Da piraku ari aya nu kungsi nyaba ka dinya mah henteu hideng dibenerkeun ku anggaran pembangunan taun-taun nu geus kaliwat. Naha ayeuna Bapa Bupati rék ngersakeun sumping duméh nyanghareupan Pilkada nu kadua?

Wallahu’alam. Ngan kuduna mah dina ngawangun daérah, unggal kabupatén téh kudu adil. Ulah ngan anu aya di hareupeun irung baé anu dipulas-dipolés nepi ka hérang téh, tapi kudu sakabéh anu aya di sakuliah daérahna. Na naon dosa urang Pamulihan, Tangkolo jeung sabudereunana nepi ka henteu diperhatikeun kapentingan lalar-liwatna boh keur kapentingan pribadi atawa kulawargana boh keur kapentingan nyiar pangupa jiwana?

Kuduna mah dina ngawangun sarana fisik di daérah téh saban pémda kudu adil tur walatra, kabéh rahayat di mana baé matuhna kudu dilayanan sacara maksimal kapentinganana. Ulah ngaheulakeun anu deuheus jeung deukeut kana irung baé. Ulah nganggap yén rahayat anu matuh di siklukna mah henteu kudu gancang dilayanan kapereluanana, da moal kanyahoan ku “urang pusat” ieuh da urang pusat mah tanwandé moal pangangguran ulin ka daérah hara-haraeun. Wartawan gé dianggap moal aya anu ngulampreng ka dinya.

Sikep Pémda kuduna ngalayanan kapentingan sakabéh rahayat, di mana baé matuhna, naon baé gawéna, naon baé paham politikna.

Ngalebetkeun komentar