Landong Baeud - Bagian 1

Teu Ngawaler

"Ku naon atuh Nyai téh, mani teu masihan béja?" cék hiji jajaka basa nepungan bébénéna di imahna. "Ieu mah, di-SMS teu ngawaler, ditélépon tara diangkat, naha Nyai téh bendu ka Akang?"

"Puguh wé ambek mah!" walon Nyi Mojang.

"Har, naha ku naon?"

"Kuring mah ti baheula gé teu kungsi boga hapé jeung nomer télépon!"

"Har?"

Sapi Jalu

Bapa jeung Ibu ngeresakeun jalan-jalan ngaroris ingon-ingon, dugi ka lebah sapi pamacek nu keur diparaban ku nu ngurusna. Sabada naros itu ieu, Ibu naros ka nu ngurus sapi pamacek téa, "Sabaraha kali sapoéna digawékeunana ieu sapi téh, Mang?"

"Lima kali," walon nu ditanya.

Si Ibu nyiku si Bapa lalaunan bari ngaharéwos, "Tuh, Pa, lima kali …."

Si Bapa henteu gancang ngawaler, ngan waktu rék pindah ngaroris ingon-ingon anu séjén, nanya ka nu ngurus sapi, "Lima kali téh bikangna éta-éta kénéh?"

"Henteu atuh, Pa. Bénten-bénten," walon tukang ngurus.

Si Bapa nyiku si Ibu lalaunan bari ngaharéwos, "Tuh Bu, bikangna bénten-bénten …….."

Dipariksa

Hiji istri nepungan dokter kandungan.

"Ibu téh tos nikah atanapi teu acan?" dokter nanya.

"Nikah mah parantos dua kali, nanging duanana gé henteu lana. Nu kadua mah nembé pipirakan dua minggu kapengker. Nyuhunkeun diparios bilih kakandungan ti pun lanceuk anu nembé pirak."

"Mangga atuh naék kana dipan, urang parios, laanan raksukanana….."

"Tapi dokter …. dalah sareng salaki gé, abdi mah ari ngalaanan baju lampu téh kedah dipareuman…."

Salah Sangka

Hiji pasién anyar nu geus sepuh datang ka kamar prakték hiji dokter, hayang dipariksa kaayaan kaséhatanana. Dokter mariksa sagala rupana kalawan taliti. Sabada réngsé mariksa, dokter nyarita, "Kaséhatan Bapa saé pisan. Jantung sareng ténsi, bayah, saé. Hasil pamariosan ginjel sareng getih, nembé réngsé saminggu deui. Nanging sacara umum mah henteu aya nu matak melang. Bapa tiasa séhat dugi ka yuswa 75 taun. Sabaraha ayeuna yuswa téh?"

"83 taun," walon pasién téh.

Logika

Pagawé kantor pos nimbang bungkusan anu rék dikirimkeun ku Ibu Sarah. Sabada niténan beuratna, pagawé kantor pos téh nyarita: "Kedah ditambihan parangkona, Bu."

"Naha?"

"Margi beuratna langkung teuing."

"Naha lamun parangkona ditambahan beuratna baris ngurangan kitu?"

Lain Rék Megat

Dina syukuran duméh geus laki rabi 50 taun, Pa Dayat ditanya ku wartawan, "Dina lebet satengah abad ngahiji, naha kantos aya émutan badé pipirakan?"

"Pipirakan?" waler Pa Dayat."Pepegatan? Masya Allah, piraku rék megat ibu anu sakitu bageurna?"

Si wartawan malik ka Ibu Dayat, "Leres Bu, Bapa dina lebeting satengah abad téh henteu sakali-kali acan ngancam badé mirak?"

"Rék megat?" walon si Ibu. "Henteu. Henteu kungsi sakali-kali acan Bapa ngancam rék megat. Lamun ngancam rék maéhan …….. sering."

6 Koméntar kana “Landong Baeud - Bagian 1”

  1. ping 03-07-2007 tabuh 2:42bujang keneh

    alhamdulillah, mendakan website sunda nu lucu. janten ubar ka manah nu nuju bosen. Lumayan kanggo ngemut-ngemut deui basa indung nu hampir dipikahilap. Punten ka sadayana bilih aya cariosan nu kirang nyugemakeun. Hidup basa sunda…! hidup urang sunda…! Hidup bangsa Indonesia…! Jaya salawasna…!

  2. ping 13-08-2007 tabuh 10:27syahlan

    lumayan tapi kirang ngeleketekna,lur euy.

  3. ping 12-09-2007 tabuh 8:35Enang Rusyana

    Dina enggoning ngalaksanakeun ibadah saum, panuhun carpon, rubrik “Di Lembur Kuring” sareng “Landong Baeud” eusina tumali sareng ibadah saum. Hatur nuhun

  4. ping 06-12-2007 tabuh 8:22Ramdan

    hatur nuhun kana sagala perhatosan dugi ka tiasa nyayogikeun ieu seratan mugia Allah SWT. nangtayungan

  5. ping 27-12-2007 tabuh 11:52Kukus

    Ieu rubrik lumayan lucu. Lumayan ubar sono ka lembur sareung ngarah basa Sunda abi teu hilap. Mugi-mugi langgeng saterasna sareung langkung seueur seratan-seratan anu langkung lucu.

  6. ping 17-01-2008 tabuh 6:21Soni Setiawan

    Akh… asa jaman keur SD sok macaan landong baeud teh :)

    Hatur nuhun akh..

Ngalebetkeun komentar