Landong Baeud - Bagian 2
Dilebetkeun 22-11-2007 06:00
Kategori: Landong Baeud
Dipariksa
Hiji istri nepungan dokter kandungan.
“Ibu téh tos nikah atanapi teu acan?” dokter nanya.
“Nikah mah parantos dua kali, nanging duanana gé henteu lana. Nu kadua mah nembé pipirakan dua minggu kapengker. Nyuhunkeun diparios bilih kakandungan ti pun lanceuk anu nembé pirak.”
“Mangga atuh naék kana dipan, urang parios, laanan raksukanana…..”
“Tapi dokter… dalah sareng salaki gé, abdi mah ari ngalaanan baju lampu téh kedah dipareuman…”
Salah sangka
Hiji pasién anyar nu geus sepuh datang ka kamar prakték hiji dokter, hayang dipariksa kaayaan kaséhatanana. Dokter mariksa sagala rupana kalawan taliti. Sabada réngsé mariksa, dokter nyarita, “Kaséhatan Bapa saé pisan. Jantung sareng ténsi, bayah, saé. Hasil pamariosan ginjel sareng getih, nembé réngsé saminggu deui. Nanging sacara umum mah henteu aya nu matak melang. Bapa tiasa séhat dugi ka yuswa 75 taun. Sabaraha ayeuna yuswa téh?”
“83 taun,” walon pasién téh.
Tukang Cukur
Hiji jalma nungtun budak umur 10 taun ka tukang cukur. “Punten, cukur ieu budak, kaula rék ngopi heula di warung hareup.”
Budak sina naék kana korsi, tuluy dicukur. Tapi sanggeus réngsé bapana henteu datang baé, kitu deui sabada didagoan sawatara lilana. Tukang cukur nanya ka budak nu dicukur téa, “Ka mana geuning Bapa téh tacan balik kénéh?”
“Bapa? Nu tadi?” ceuk budak téh. “Da éta mah lain bapa kuring.”
“Jadi saha atuh?”
“Duka teuing. Ngan waktu kuring keur ulin di jalan manéhna nyampeurkeun bari nanya, “Manéh hayang dicukur teu mayar?” cenah.”
Logika
Pagawé kantor pos nimbang bungkusan anu rék dikirimkeun ku Ibu Sarah. Sabada niténan beuratna, pagawé kantor pos téh nyarita: “Kedah ditambihan parangkona, Bu.”
“Naha?”
“Margi beuratna langkung teuing.”
“Naha lamun parangkona ditambahan beuratna baris ngurangan kitu?”
Nu Matak Henteu Dugul
Sastra ngagidig kaluar ti kantor, ditanya ku Bapa Kapala, “Rék ka mana, Sastra?”
“Badé dicukur,” walonna.
“Naha dicukur dina waktu ngantor?”
“Atuda buukna gé apan manjanganana dina waktos dines ….”
“Enya tapi apan henteu kabéh manjangan dina waktu di kantor, keur di luareun kantor ogé buuk manéh téh terus manjangan.”
“Nu mawi henteu didugulan ….” walonna bari terus ngingkig ka luar.
Sababna
Balik ti Jakarta Husén indit ka tukang ngaput. Manéhna meuli kaén wol Inggris sasetéleun di Jakarta. Tapi sabada tukang ngaput ngukur kaénna, boboléh da cenah moal cukup. Husén indit ka tukang ngaput nu séjén, tapi sabada ngukur kaénna tukang ngaput nu éta gé boboléh. “Moal cekap,” cenah. Sabadana Husén indit ka 4-5 tukang ngaput séjén, tapi kabéhanana sarua nyebutkeun yén kaénna moal cukup.
Ahirna aya tukang ngaput nu cicingna di sisi kota, sanggupeun mangngaputkeun setélan anu dipikahayang ku Husén. Ngan ménta témpo dua minggu. Waktu dua minggu ti harita Husén datang deui ka dinya rék nyokot pesenanana, di pakarangan pasanggrok jeung jajaka-tanggung anu maké setélan jas nu kaénna sarua jeung anu dibeuli ku manéhna.
Manéhna nanya ka tukang ngaput, “Saha éta jajaka teh?”
“Pun anak nu katilu,” jawabna.
Sanggeus narima pesenanana sarta nyoba calana jeung jasna, Husén ngarasa sugema. Waktu tukang ngaput mungkus pakéan pesenan Husén téa sabada narima ongkos ngaputna, Husén nyarita, “Ku naon ari tukang ngaput nu séjén kabéhanana arembungeun mangngaputkeun da cenah kaénna moal cukup? Geuning ieuh ayeuna mahi!”
“Bisa jadi anak maranéhanana mah geus galedé jeung lalintuh …..” walon tukang ngaput téh.
Masih Angger Kénéh
Sabada pangsiun Sutarman hayang ngalanglangan asrama tempat baheula manéhna matuh méh genep taun basa keur jadi mahasiswa. Wangunanana tacan dirobah. Kamar-kamarna masih cara baheula, bubuhan jieunan jaman normal, sagala rupana weweg. Kaina ogé kabéh tina jati.
Barang nepi ka kamar urut manéhna baheula, manéhna keketrok. Sabada sawatara lila ngadagoan, ahirna aya mahasiswa anu kaluar.
“Kénging upami lebet ningalian kaayaan ieu kamar?” ceuk Sutarman. “Baheula leuwih ti satengah abad ka tukang, Bapa nyicingan kamar ieu. Panasaran hoyong mulangkeun panineungan.”
Henteu ngadagoan diidinan, blus Sutarman asup. Tuluy niténan kaayaan kamarna. “Masih angger nu baheula. Méjana angger, lomarina angger ….” tuluy manéhna mukakeun panto wc. Aya mahasiswi satengah taranjang. Gancang ku manéhna ditutupkeun deui. Si mahasiswa nu nyicingan kamar éta jiga samar polah, tuluy méré katerangan:
“Éta téh pun adi ….,” pokna.
“Carita kitu ogé angger sarua jeung baheula,” walon Sutarman.
Kudu Buru-buru
Bujang ngajak mojang ka bioskop.
“Ah sararangeuk teuing ka bioskop sareng Akang,” ceuk si Mojang. “Paling ogé barang lampu bioskop pareum panangan terus baé ngopépang kawas nu palid.”
“Moal atuh Eulis,” walon si Bujang. “Isin atuh, apan nu nongton tukangeun urang tangtos ningalikeun,” walon si Bujang.
“Urang buru-buru mios atuh yu, ambéh tiasa kénging tempat pangtukangna,” ceuk si Mojang.
Moal Dijual
Bubuhan anak konglomerat, Asikin nu kaédanan ku Néng Euis, ahirna mutuskeun yén panghadéna taya deui ti ngajak Euis ngawangun rumahtangga. Numatak waktu tepung deui, Asikin balaka ka Euis. “Urang nikah, nya. Akang gaduh artos seueur, Euis tiasa ngagaleuh naon baé nu dipikapalay,” pokna.
“Cinta abdi mah moal diical, Kang sanajan sabaraha baé ogé,” walon Euis. “Nanging upami pangaosna kahartos mah, sabagian tiasa diséwakeun.”
Lain Ngan Tatangkalan
Dua istri anu resep kana pepelakan, ngobrol silih tukeuran pangalaman. Ceuk nu saurang, “Percanten henteu yén bibit tatangkalan anu diusap-usap kalawan deudeuh énggal ngaageungan?”
Walon nu saurang, “Percanten pisan, margi tina pangalaman, anu diusap-usap kalawan deudeuh mah sok énggal mudigdig ngaageungan.”
Sae pisan aya majalah bahasa sunda.
salam,
pami hoyong langganan majalah sunda “cupamanik” kumaha nya..,
majeng teras cupamanik, meuni asa dilembur maca bacaan sunda teh…
dasar urang sunda…bisa wae, bener ceuk Mama Bustaman dongeng anu dipikaresep teh lamun teu pikasieuneun, nya pipanasaraneun…nya anu jorang te
kumaha tah upami sim kuring bade ngintunken seseratan calana eh carana kumaha?
sae pisan tambih baeud
Bener urang Sunda mah lamun teu awet ngora teh ngewa.