Landong Baeud - Bagian 3

Pohoeun

Geus dua bulan Propésor Étom dirawat ku Dokter Rastam. Teu gering teu naon, éstuning jagjag belejag. Pangna dirawat téh éta cenah, pédah kasakit limpeuranana kanceuh deui. Mangkaning keur ngahanca panalungtikan nu penting pisan keur balaréa.

Sajeroning ngubaran, Dokter Rastam ngeprik anak buahna, nepi ka tujuhan. Propésor dijaga beurang-peuting, dalah keur saré gé dikemitan. Pangna kitu, bisi tina kasakit pohoan téh aya kajadian nu matak nyilakakeun Ki Propésor. Tapi ari geus mangsana, nya geletuk wé maot.

Dokter Rastam pada ngaréntog.

“Doktér, Propésor Étom téh apan jagjag belejag, henteu gering, ngora kénéh deuih. Kasakitna ukur pohoan wungkul, naha bet bisa maot?” cék hiji wartawan.

“Enya, sakitu dijaga ku tujuhan!” cék nu séjénna.

Pudigdig téh Dokter Rastam napsu. Terus hahaok hareupeun saréréa.

“Lamun manéhna pohoeun ngambekan, rék kumaha siah?”

Gumantung

Dina waktu diayakeun tés pikeun diangkat jadi PNS, aya tiluan calon anu dipariksa. Nu mariksa nanya, “Sabaraha ari 5 X 5?”

Walon calon kahiji, “Duapuluh lima.”

Tuluy ka calon anu kadua, walonna sarua, “Dua puluh lima.”

Waktu ditanyakeun ka calon anu katilu, walonna téh, “Dupi numutkeun kapalay Bapa sabaraha?”

Nu diangkat jadi PNS calon anu katilu.

Kaca

Hiji jalma asup ka studio hiji pelukis abstrak. Manéhna nanya, “Ieu téh karya anu pangénggalna?”

“Sanés, éta mah kaca,” walon pribumi.

Ngalebetkeun komentar