Média Islam Basa Sunda
Dilebetkeun 19-06-2007 12:33
Kategori: Éséy
Ku Hawé Setiawan
ANU disebut média Islam téh midua harti. Kahiji, média Islam ngawengku sakur média anu mibanda ajén-inajén Islam. Upamana baé, majalah Cupumanik nyadiakeun rohangan "Purnama Alam". Majalah Manglé nyayagikeun rohangan "Munara Cahya". Pon kitu koran Kujang muka rohangan "Agama". Éta rohangan téh disadiakeun pikeun si’ar Islam. Média kawas kitu mudah-mudahan kagolongkeun kana média Islam. Kaduana, média Islam ngawengku sakur média anu diusahakeun ku urang Islam pikeun kapentingan umat Islam kalawan ngutamakeun hal-ihwal nu tumali jeung Islam dina pidanganana. Contona mah antarana majalah Iber nu diusahakeun ku Persatuan Islam (Persis) Kota Bandung atawa majalah Bina Da’wah anu diusahakeun ku Déwan Da’wah Islamiyah (DDI) Jawa Barat.
Teu kacipta legana mun seug nu kudu disawang téh sakumna média Islam. Nu matak, urang watesanan baé nu disebut média Islam téh ku média anu dicitak tur ngagunakeun basa Sunda. Boh golongan kahiji boh golongan kadua urang kumkeun baé. Ongkoh jumlahna gé bisa dibilang ku ramo, tur kacirina ngarandapan pasualan nu sarua. Diwilah-wilah soténan duméh baé aya dua jalan sorangeun enggoning ngamekarkeun média Islam basa Sunda kiwari jeung jaga. Kawas kumaha jalanna mah urang tunda heula, hancengan engké.
Demi anu jadi udagan ieu karangan taya lian iwal ti hayang nataan sawatara pasualan pikiraneun sakumna jalma nu ngokolakeun média Sunda, babakuna nu ngokolakeun média Sunda bari si’ar Islam. Puguh wé sabisa-bisa mah média Islam basa Sunda téh mekar, dina harti nu maracana réa, eusina munel, usahana maju, tur umurna lana. Ngan hanjakal tepi ka kiwari nu katempo mah asa tacan nepi ka dinya. Puguh éta pisan nu jadi marga lantaran hayang nataan sawatara pasualan média Islam basa Sunda téh. Susuganan baé baris katempo jalan geusan ngungkulanana, ngelemeng-ngelemeng baé mah.
Kaayaanana Baheula
DIHENTEU-HENTEU gé média Islam basa Sunda téh geus aya ti baheulana. Hartina, geus miboga tradisi nu mandiri. Teu pamohalan nu disanghareupan ku média Islam basa Sunda ayeuna gé geus aya ti dituna deuih. Nu sidik, aya perluna urang nyoréang heula ka tukang.
Cék nu ngalaman, dina awal abad ka-20 (kira taun 1920-an atawa 1930-an) aya sababaraha média citak Islam basa Sunda nu kawilang penting. Harita mah disarebutna téh "surat kabar agama Islam". Ti antarana baé aya majalah Al-Imtisal nu mimiti medal taun 1925, majalah Al-Moechtar nu mimiti medal taun 1928, majalah bulanan Mitra nu mimiti medal taun 1934, jsté.
Al-Imtisal diusahakeun ku Perkumpulan Guru Ngaji di Tasikmalaya. Kantor redaksi katut administrasina perenahna di Stationweg 41 A, Tasikmalaya. Ari nu mingpinna nyaéta Kiyai R.H.M. Saléh alias Kiyai Méméd ti Babakan Sumedang, Tasikmalaya. Medalna sabulan tilu kali. Ari Al-Moechtar diusahakeun ku Kiyai H.M. Pachroerodji ti Sukalaya, Tasikmalaya, minangka pamingpin redaksina (Hoofd Redacteur), jeung H.M. Tadjoedin, guru Madrasah Al-Hidayah Sukalaya, minangka kapala administrasina. Kantor redaksi katut administrasina perenahna di Geonoengsabeulahweg, Tasikmalaya. Medalna dua minggu sakali. Demi Mitra diusahakeun tur dipingpin ku R. Wira Nata Nagara ti Karangtengah, Bogor. Kantor redaksi katut administrasina perenahna di Émpang Sedaniweg 25, Buitenzorg (Bogor kiwari). Medalna sabulan sakali.
Upama urang nilik kana éta conto nu tilu, katémbongna aya sawatara "ciri sabumi, cara sadésa". Katémbong, upamana, yén média Islam basa Sunda harita medalna di kota-kota leutik najan harita mah moal boa kaasup puseur pulitik, cara Tasikmalaya atawa Bogor. Demi nu ngusahakeun atawa nu medalkeunana kacirina mah organisasi leutik atawa jalma-jalma nu haat, cara Pakumpulan Guru Ngaji atawa Kiyai Méméd. Jadi kapikir, moal kitu éta kanyataan téh nuduhkeun yén harita mah média Islam basa Sunda téh raket jeung jati diri golongan masarakat? Moal kitu harita mah média Islam basa Sunda téh jadi cicirén ayana idéntitas komunitas?
Dina pidanganana gé réa nu sarua deuih. Lebah raga badagna, upamana baé, nu dipikaresep téh kacirina wanda majalah anu geus prah, kalawan ukuran keretasnya A4 atawa A5. Demi eusina sacara umum paling copélna beunang dibagi dua: pedaran tina perkara bagbagan agama katut karya sastra beunang nimba tina taréh Islam. Ti antarana aya karangan ti nu maraca, cara "surat pembaca" atawa artikel jaman kiwari. Sabagian gedéna dipaké pikeun ngabéjérbéaskeun bagbagan agama, lengkep jeung dalil-dalilna nu ngindung kana Al-Qur’an, Hadis, katut ijtihad ulama. Minangka tambahanana dipidangkeun sarupaning karya sastra nu sok disebut "dongéng". Umumna dongéngna téh dongéng tuladeun beunang nyutat tina taréh Islam tur dipidangkeunana kalawan nyambung cara dongéng Malik Sép bin Diyazin nu kungsi dipidangkeun dina Al-Imtisal.
Lebah basana, aya nu narik. Geura urang cutat naon anu dibéwarakeun ku nu ngokolakeun majalah Mitra nalika éta majalah mimiti medal. Cenah gé:
Geus limbrah pisan, dina njarioskeun bab agama, sok seueur kacampoeran koe basa Arab, malah tampolana iketana basa ogé sok noeroetkeun iketan basa Arab, nepi ka koe noe teu acan tabah mah tara pati kahartos.
Aya babasan: "Soenda koedoe disoendakeun deui."
Ieu seratkabar, satiasa-tiasa nyarioskeun bab agama koe jalan iketan basa Soenda sarta moal patos kaselapan koe basa Arab, iwal oepami perloe…
Pidangan Mitra mémang rada béda jeung pidangan Al-Imtisal. Al-Imtisal atawa Al-Moechtar dina pidanganana euyeub ku basa jeung aksara Arab, babakuna lebah ngabéjérbéaskeun dalil tina hiji perkara. Ari dina Mitra mah pidangan saperti kitu téh méh-méhan teu kapanggih, dina harti gembleng wé basa Sunda. Tuda tina ngaranna baé geus béda: Al-Imtisal jeung Al-Moechtar beunang nimba tina basa Arab, ari Mitra mah kasebut istilah tina basa Sunda. Bisa jadi, kaayaan kawas kitu nuduhkeun ayana dua pamarekan enggoning ngokolakeun média Islam basa Sunda, babakuna lebah ngolah basana. Kilang kitu, puguh wé, jero-jerona mah Islam-Islam kénéh.
Kiwari kabéhanana gé geus teu aya di kieuna. Al-Imtisal lumampah tepi ka taun 1940, jadi 15 taun. Al-Moechtar gé, cék sangkaan saheulaanan mah, ngan semet tepi ka taun 1940 deuih jalanna téh, jadi kira 12 taunan. Demi Mitra nya kitu deuih, cék sangkaan saheulaanan mah, ukur jalan tepi ka taun 1939, jadi ukur 5 taunan. Lebah dieu, pohara hadéna mun seug aya nu haat nalungtik naon pangna média-média Islam basa Sunda nu kungsi aya henteu nepi ka lana, tur kumaha carana sangkan média Islam basa Sunda nu kiwari aya atawa jaga baris aya henteu nepi ka kawas kitu?
Kaayaanana Ayeuna
JERO genep atawa tujuh taun katompérnakeun média basa Sunda katingalina renung deui. Aya média anyar kayaning Cupumanik (ti taun 2003), Sunda Midang (ti taun 2004), jsté. Aya deuih média heubeul nu medal deui kalawan manajemén anyar cara Kujang (hudang deui taun 2005). Boh nu anyar boh nu salin manajemén milu ngaramékeun pakalangan média Sunda, maturan nu salila ieu jalan kayaning Manglé (ti taun 1957), Galura, Suara Daérah, Bina Da’wah (ti taun 1980-an), Iber, Seni Budaya (Suara Cangkurileung), jsté. Tacan média Sunda anu medal di kota kabupatén cara majalah Sarakan di Majalengka (ti taun 2004). Di luareun pakalangan umat Islam gé aya majalah Sunda, antarana majalah Langlang Mitra ti lingkungan Karésten di Bandung, nu mimiti medal taun 1989, tur medalna opat bulan sakali.
Ti antara nu kiwari renung téh tacan aya nu beunang disebut média utama, dina harti jadi bacaeun balaréa kalawan satata jeung média utama basa Indonésia. Malahan mah katingalina média basa Sunda umumna tepi ka kiwari siga nu nyingkahan pakalangan média anu saenyana, dina harti pasar média nu geus prah. Aya nu dijual dedet atawa ngamangandeuh ka pakantoran, kaasup ka sakola-sakola. Ana dibawa ka pasarna mah, pagilinggisik jeung média basa séjénna, tampolana masih kénéh siga pacikrak ngalawan merak.
Umumna, média Sunda kiwari nu maracana masih kénéh semet rébuan, tacan nepi ka puluhan rébu, sumawonna ratusan rébu mah. Ku taksiran, umumna média Sunda kiwari oplahna téh antara 2000 tepi ka 4000-an éksemplar. Éstu tacan sabanding jeung jumlah urang Sunda anu cenah aya puluhna juta. Lebah dieu mah kacirina nu disebut étnisitas téh tacan tangtu mangaruhan naon nu disebut literasi, atawa literasi téh tacan tangtu nyambung kitu baé kana étnisitas. Cindekna, média basa Sunda tacan tangtu ngahudang karep maca urang Sunda. Komunitas urang Sunda nu resep maca média basa Sunda teu pamohalan mekarna téh gejed pisan, malah boa leuwih téréh ngaheureutanana batan mekar mah.
Nu ngokolakeunana-SDM-na mun cék légégna mah-atuh nyakitu deuih: umumna mah para pangarang sastra, lain kaom profésional média. Rada hésé kiwari mah néangan wartawan atawa redaktur nu tabah kana basa Sunda téh, babakuna nu tabah kana basa jurnalistik Sunda. Malah sawaréh mah ngokolakeun média Sunda téh sasat sambian baé, selang-selang tina pacabakan anu utama (guru, pagawé negri, jlld.). Sawaréhna deui teu pamohalan ancrubna ka talaga média basa Sunda téh bubuhan taya deui pacabakan séjén atawa bari nungguan kasempetan salin pacabakan. Teu pisan-pisan rék ngahina atawa ngaleuleutik sumbanganana kana kahirupan média basa Sunda. Paralun! Da mun seug taya maranéhna, leuh meureun média basa Sunda téh geus palastra.
Puguh wé kaayaan sarupa kitu téh aya pakuat-pakaitna kana urusan modal permodalan. Média basa Sunda kiwari umumna hirupna téh ku pangaji nu pas-pasan. Poé ieu bisa medal isuk mah biheung. Asa tacan aya invéstor nu kajurung pikeun ngagolangkeun modal dina bisnis média basa Sunda. Mémang kungsi dina dasawarsa 1990-an di lingkungan nu ngokolakeun Manglé aya karep metakeun tarékah pikeun ngajaring invéstor. Duka ku naon bet teu jadi. Atuh ku biro-biro iklan média basa Sunda mah asana teu acan dirérét. Enya gé sok aya hiji dua nu marasang iklan dina média Sunda, basana téh duméh baé aya "hubungan émosional".
Cindekna, najan geus dibaladah ti awal abad nu geus kaliwat, najan geus kasebut legok tapakna genténg kadékna, média basa Sunda tepi ka kiwari asana tacan boga infrastruktur nu weweg pageuh. Nya ieu pisan nu sok jadi sumber kahumandeuar téh. Ngan ku kitu ku kieu pamohalan kaayaan robah mun urang ukur rumahuh.
Sumbangan Ulama
NILIK kana pangalaman Al-Imtisal, Al-Moechtar, Mitra, jsté. baheula, anu karancagéna terus dipiara ku nu ngarokolakeun Iber, Bina Da’wah, jsté. kiwari, tétéla yén kalangan ulama kayaning guru ngaji atawa kiyai téh gedé jasana enggoning ilubiung ngahirup-huripkeun média basa Sunda. Malah ku kahaat aranjeunna, kaasup para ahli agama nu sok si’ar Islam dina média basa Sunda populér, urang jadi wawuh kana naon nu di dieu disebut média Islam basa Sunda. Upama disawang tina jihat komunikasi, ngokolakeun média basa Sunda atawa milu ngeuyeuban pidangan média basa Sunda téh puguh wé kaasup kana da’wah bil qolam téa. Ku kituna, ti baheula di kalangan ulama aya kasadar anu pohara yén da’wah bil lisan wungkul mah teu cukup, sabab kudu dibarung ku da’wah bil qolam. Ku ayana tarékah ngamekarkeun da’wah bil qolam, si’ar Islam téh puguh wé baris jembar ambahanana, pirang-pirang balaréa nu ngalenyepanana, tur lana umurna (bisa dibaca deui iraha baé).
Da’wah di Tatar Sunda kalawan maké basa Sunda téh bukti ayana kasadar anu pohara deuih kana pentingna basa indung (mother tongue) pikeun kamajuan Islam. Aya anggapan anu nyebutkeun yén piwulang atawa ajaran mah baris leuwih nyerep kana mamaras rasa upama ditepikeunana maké basa indung balaréa nu ngabandunganana. Da’wah ka urang Sunda leuwih keuna upama ditepikeun ku basa Sunda. Geura wé mangga cobian da’wah ka balaréa di Cikijing maké basa Perancis, upamana.
Di luareun pakalangan umat Islam mah kasadar kana pentingna basa indung téh tepi ka nyosok jero. Teu anéh mun aya aktivis misionaris anu jadi ahli basa Sunda. Sierk Coolsma (1840-1926), upamana, kapan ngumbara di Tatar Sunda téh diutus ku Pakumpulan Zénding Walanda (Nederlandsche Zendings-vereeniging). Pikeun ngalancarkeun misina, lian ti nyundakeun Injil téh kapan tepi ka nyusun kamus Sunda sadua-dua: Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (1884) jeung Hollandsch-Soendaneesch Woordenboek (1910)-nu katelah "Kamus Coolsma" téa-katut buku tata basa Sunda, Soendaneesch Spraakkunst (1904). Tayohna kasadar kawas kitu deuih anu ngajurung Komisi Kitab Suci Keuskupan Bandung dina bulan Juli 2003 ngumumkeun tarjamah Sunda tina kitab-kitab deutérokanonik, minangka cecepengan urang Katolik.
Demi di pakalangan umat Islam, baheula, katabah kana basa Sunda téh pangpangna nyampak di suwargina Haji Hasan Mustapa (1852-1930). Ieu Penghulu Besar Bandung anu kantos ngawulang di Masjidil Harom téh lain baé dipikawanoh ku balaréa minangka ahli tasawuf tapi deuih kaasup bujangga nenggang. Lian ti sok ngagurit rupaning dangding, anjeunna gé nyerat buku tina perkara adat kabiasaan urang Sunda: Bab Adat-Adat Urang Priangan jeung Urang Sunda Lianna ti Éta (1913).
Karancagé nu ngokolakeun majalah Mitra baheula lebah "iketan basa Soenda" téa gé, bawirasa, milu nuduhkeun ayana kasadar kana pentingna basa Sunda enggoning ngamekarkeun da’wah di Tatar Sunda. Nu ngokolakeun majalah Mitra sasatna ngélingan yén alusna mah basa Sunda dina da’wah di Tatar Sunda téh ulah tepi ka jadi "Soenda [nu] koedoe disoendakeun deui" téa. Puguh wé nu dipalar téh sangkan da’wahna enya-enya tepi kana maksudna.
Jalan Sorangeun AYEUNA urang ngiker-ngiker jalan sorangeun ulama atawa ahli agama enggoning miara tur ngamekarkeun da’wah bil qolam maké basa Sunda kalawan ngamangpaatkeun média Islam basa Sunda. Di luhur geus diwincik dua golongan média Islam basa Sunda, nyaéta -sebut wé lah- média Sunda nu Islami jeung média Islam nu nyunda. Tah, jalan sorangeun téh urang luyukeun wé jeung golonganana-najan digolongkeunana sacara analitis baé, da dina emprona mah teu pamohalan hésé dibédakeunana.
Tumali jeung média ti golongan nu kahiji, nu disanghareupan téh meureun kieu: kumaha ngalancarkeun aksés ulama atawa ahli agama kana média basa Sunda anu umumna dikokolakeunana téh lain ku ulama, tur dibaracana gé lain ku umat Islam baé? Daék teu daék tanwandé baris aya kompromi, dina harti prosés négosiasi ti antara ahli agama jeung nu ngokolakeun média. Cék dina babasan iklan roko téa mah, "How low can you go?"
Tinangtu henteu sadaya kapalay ulama atawa ahli agama bisa kawadahan ku média ti golongan nu éta. Dina média ti golongan nu éta mah, geus prah rohangan pikeun si’ar Islam téh ukur salah sahiji pidangan ti antara rupaning pidangan lianna. Dina Cupumanik atawa Manglé, upamana, nu si’ar Islam téh apan pagilinggisik jeung nu ngulik pulitik, nu nyastra, malah jeung nu hahariringan ngadangding. Kitu deui lebah padika da’wahna, tangtu baris luyu jeung ciri mandiri éta média. Upamana baé seratan kénging ulama téh kudu diluyukeun jeung lega heureutna rohangan nu disadiakeunana, basana kudu diluyukeun jeung wanda basa nu jadi ciri mandiri éta média, jejer karanganana kudu diluyukeun jeung karesep balaréa nu maraca éta média, jsté.
Enya, keur nu teu payaan mah kaayaan sarupa kitu téh kalah matak senéwen. Ngan baé, upama média ti golongan nu éta tepi ka diapilainkeun ku ulama atawa ahli agama, bawirasa pohara lepatna. Ari sababna, dihenteu-henteu gé média ti golongan nu éta téh katimbang mibanda ajén stratégis pikeun dijieun salah sahiji média da’wah. Kapan éta nu maracana gé ilaharna leuwih hétérogén upama dibandingkeun jeung nu maraca média nu dihususkeun keur si’ar Islam. Ninggalkeun média sarupa kitu baris ngandung harti nyingkahan pancén enggoning ngajembaran ambahan da’wah.
Tumali jeung média ti golongan anu kadua, nyaéta média anu dihususkeun jang da’wah tur nu ngokolakeunana gé umumna papada ulama atawa ahli agama, bawirasa pikiraneun téh kieu: kumaha carana sangkan pidangan éta média henteu nepi ka nimbulkeun kesan éksklusif? Cék pangrasa, média da’wah téh alusna mah henteu ukur bisa ngandelan kayakinan nu geus ariman, tapi deuih sabisa-bisa mah kudu ngahudang karep maca nu can ariman. Sok komo kapan Islam téh rahmatan lil ‘alamin.
Idéntitas komunitas, nu ti baheulana mémang sok dipatalikeun jeung média da’wah, bisa jadi kudu diimpleng deui sangkan henteu ngaheureutan ambahan da’wahna. Cék pangrasa, kacida hanjakalna upama majalah Iber ukur dibaraca ku urang Persis atawa majalah Bina Da’wah ukur dibaraca ku jama’ah Masjid Istiqomah, upamana. Cék dina babasan iklan majalah lalaki téa mah, kapan "majalah bacaeun lalaki [gé], toongeun awéwé".
Cindekna, bari satékah polah ngawewegan deui infrastrukturna kalawan gawé rancagé babarengan, urang ngemban pancén enggoning ngamekarkeun média Islam basa Sunda nu inklusif. Kitu gé cék pangrasa. Hapunten anu kasuhun.***