Melak Halimun
Dilebetkeun 18-06-2007 04:41
Kategori: Carita Pondok
Ku Darpan
SUTAWIRA leuleuweungan, ngarah lalampahanana teu kasusud ku rupa-rupa sinyal HP anu salila ieu ngagimbung lir laleur ngagembrong bangké. Ongkoh asa geus lila teu ngasruk-ngasruk dungus. Bras ka sisi leuwi. Leuwi tempat biasa manéhna nguseup bari ngahening, baheula. Da ayeuna mah bororaah kana nguseup, teu bisa nyénghap-nyénghap acan. Masalah di kantorna apan sakitu nambruna jeung teu kapalang matak olabna. Tamu nu datang kawas antayan pasén nu rék tatamba ka paranormal jumhur. Atawa, manéhna nu kudu kaluar nedunan pangangkir batur, bari ngangkirna teu nyaho wayah. Bisa istirahat téh mun geus enya-enya aya di imah, kitu gé sanggeus ngaliwatan jam bubar kantor nu labasna teu kabilang. Geus teu kaitung deuih kajadian nu nyababkeun angenna murilit mah. Unggal rugup-ragap ka pamajikan, sok dibales ku ngagurinjal nonggongan, tuluy ker tibra deui. Asa mending jadi pastur, puguh-puguh teu bisa kawin. Koran bangkawarah, ceuk dina haténa. Enya mimitina tina warta dina koran. Keur ngalageday dina korsi, maca koran. Lol dununganana. Geus biasa kituna téh, lain manéhna anu loba madep ka dunungan, tapi dununganana anu sok ngahajakeun ngulampreng ka kamar gawéna anu ukuranana moal leuwih ti 2 x 2 méter.
"Aya naon deui, Bel?" ceuk Sutawira ka dununganana.
"Geus nepi ka kaca sabaraha maca téh?" témbal dununganana.
"Kuma aing wé, da aing nu macana!"
"Buka kaca dalapan!" dununganana daria pisan.
"Kagok, keur maca ieu yeuh. Budak SD digadabah ku bapana sorangan. Haramjadah!"
"Sia deuleu nu haramjadah mah," témbal dununganana deui.
Manéhna mésem, bari teu maliré nu molotot.
"Buka!!!"
Manéhna mélétét. Kaciri beungeut dununganana ngabagong songong.
"Ku naon sia téh? Kabeureuyan Si Popon?" ceuk Sutawira.
"Ceuk aing buka, buka!"
Kapaksa Sutawira nunda warta nu keur dihanca. "Kaca sabaraha bieu téh?" pokna.
"Dalapan. Hukum Kriminal!"
Bray. Judul-na "Korupsi Rp 1 Miliar di Pasar Héwan". Sutawira mélétét deui ka dununganana. Dununganana gé molotot kénéh. Rét deui kana warta Dumasar hasil audit… Panonna mimiti buncelik. Pulisi anu nampa laporan ti lembaga…. Panonna nyipitan, tapi katara halisna cengkat. Dina paragrap kaopat aya béréndélan inisial lengkep jeung jabatanana. Hiji di antarana inisial S, bendahara proyék. Komandan Pulisi ngajangjikeun, dina jero 2 x 24 jam aparatna bakal manggil ….. Katara ayeuna mah piasna Sutawira téh. Rey, karasa dina tarangna aya nu renung, tiis.
Nya ti harita jul-jol jalma ka kantorna. Ti harita puk-pok anu nepikeun béja, boh kana télépon boh langsung ka manéhna, yén kasus korupsi Pasar Héwan tuluy ngarémbét siga babadotan kapodolan munding. Nu ngangkir Sutawira ti mamana. Nu ngadatangan sarua lobana. Wartawan mah, pulisi mah, aparat kajaksaan mah, préman mah. Mun téa mah nu datang ka kantorna téh dikarcis sina mayar, teuing geus sabaraha juta duit rétribusi nu bisa kakumpulkeun ku kantor Sutawira.
Lain manéhna anu langsung ditahan ku pulisi téh, tapi mun téa mah bisa milih, asa hayang manéhna anu pangheulana ditahan. Mun dibui mah meureun nu ngaintrogasi téh ukur pulisi, tapi di kantorna mah nu mentog téh, malah aya sawatarana nu langsung ngancam, geus teu kaitung jumlahna. Tapi Sutawira siga keur diulinkeun. Diantep sina jadi paneumbleuhan jeung inceran kacua batur.
Nu matak basa aya kasempetan bisa nyingkur téh teu diengkékeun. Manéhna ngabelenyeng ka sisi leuwi. Gen ngaheneng dina batu lampar di sisi walungan teu jauh ti leuwi parantina biasa nguseup. Beuki lila beuki jero rasa nu dijugjuganana. Teu karasa aya nu nyedek tina angen, tuluy naék kana sirah.
"Karasa nya…," aya sora handapeun batu. Sutawira teu némbal.
Pok deui nu di handap, "Ceuk aing gé ulah korét mun ilaing hayang salamet."
"Jempé, bisi ku aing dipékprék!" témbalna.
"Kumaha aing bisa jempé mun ilaing datang ka dieu bari beungeut siga meunang nambalan!"
Koréjat manéhna hudang, jrut tina batu, gejebur. Leungeunna ngopépang kokodok nénéangan nu bieu ngomong di handapeun batu. Euweuh di hiji tempat, gasik dikodok di tempat séjén. "Ngelol siah!!" pokna nyentak.
"Kos Sakadang Kunyuk baé ari manéh, getas harupateun. Manasina déwék téh di darat bisa diheureuyan sakarep-karep. Ari di cai mah da dunya aing," ceuk nu tadi nyarita, geus pindah tempat rada jauh.
Durugdug disusul, sarua disaksrak dikodokan, ditétéangan. Nyamos deui.
"Meunggeus, capé! Mending diuk deui, aing aya piomongeun!"
Ambek nyedek tanaga midek antukna mah Sutawira téh. Manéhna nyangsaya dina batu bari satengah awakna kakeueum ku cai walungan. Ambekanana rénghap ranjug.
Lol sakadang kuya némbongan teu jauh ti dinya. Nyaho nu tadi ambek geus rada leler, karayap manéhna kana batu leutik nu muncugug dina beungeut cai.
"Tarimakeun baé, da ilaing anu gagabah," pokna leuleuy. "Akal bulus anu ku aing diajarkeun ka silaing, lain hartina teu kudu maké uteuk. Nalar téh penting dipiara, lain baé waktu manéh keur waras, dalah keur bangkawarah gé perlu deuleu."
Sutawira ngeluk, ngingsreuk.
"Éta prinsip aing nu kahiji. Tapi ku ilaing dilanggar. Kumaha bisana sakadang kunyuk bisa dijejeléh ku aing mun aing teu maké uteuk? Aji deui dongéng-dongéng aing! Uteuk penting sangkan ilaing bisa maca pikiran musuh ilaing," ceuk sakadang kuya.
Sutawira beuki ngeluk, tapi kadéngé sorana nu rada ambek, "Aing lain teu maké uteuk. Laporan duit nu ku aing disusun dirugal-rigel gé maké uteuk, sangkan sabaraha baé duit anu dikaluarkeun teu nyurigakeun nu maca laporan. Sangkan naon anu dilaporkeun ku aing kabacana logis. Naha aing teu maké uteuk ari kitu? Aing maké uteuk, ku sabab kitu kuitansi gé diaya-ayakeun sanajan saenyana wadul. Aing maké uteuk, ku sabab kitu duit nu katarima jumlahna kudu sarua jeung duit anu kaluar. Aing gé…"
"Lain éta belegug," sakadang kuya némpas. "Nu dimaksud maké uteuk ku aing mah cara ilaing basilat téh lain ukur mémérés laporan. Tapi pikiran ogé lingkungan ilaing. Mun ilaing nyieun laporan siga kitu, saha nu kira-kirana bakal curiga, anu nyaho yén ilaing téh keur ngabohong. Apan anu urusan jeung anu boga kapentingan kana laporan ilaing téh lain dunungan atawa bawahan ilaing wungkul. Tapi di sisi di gigir ilaing gé apan aya jelema-jelema séjén anu sarua harakna!"
Manéhna ngabetem.
Pok deui sakadang kuya, "Lamun ilaing surti kana kahayang maranéhna, tangtu moal aya kajadian modél kamari, sakumaha anu ku aing kadéngé ti sakadang gagak. Di lebah dinya, prinsip aing nu kadua gé ku ilaing dilanggar. Ceuk aing ulah harak, ulah harak. Sanajan sakumaha Si Kunyuk ka aing jail jeung jahatna, tapi aing henteu harak. Témpona manéhna ngajak ulin ka aing, tangtu ku aing dihayukeun. Upama kabeneran aya rejeki keur babarengan, nya dibagi, sok sanajan aing apal si kunyuk sok hayang meunang sorangan. Tah, sigana mah nulad téh manéh mah kudu ka si kunyuk, lain ka aing. Nu diaji ku manéh mah lain akal bulus, tapi akal kunyuk!"
Nu ngajoprak dina cai tipepereket. Katara beungeut cai lebah sukuna ngeueum oyag ngageter.
"Mun ilaing teu harak mah, moal aya anu ngalaporkeun ka pulisi. Anjing galak gé ari diparaban mah moal nyégag, bel! Tapi ilaing leuwih milih éta anjing sina lalapareun bari ngagogogan. Ilaing leuwih milih maraban ucing jeung beurit lantaran saeutik parabna, batan maraban anjing nu mémang kudu gedé hakanna. Tapi ku kitu ilaing geus ngantep anjing jeung ajag tuluy nyanggéréng. Wajar lamun antukna ilaing jadi wadal…!"
Sakadang kuya ngarandeg, melong nu ngeueum bari gegereman, kawas hayang nyaho akibat tina caritaanana. Kuya nololkeun beuheungna bari luak-lieuk siga aya nu ditéangan. Panonpoé méh manceran, tapi di walungan, di sisi leuwi, karasa iuh da kariung ku tatangkalan nu caranéom.
"Hanjakal si kunyuk can témbong bebengukna…," ceuk sakadang kuya. Pok deui, "Ku ilaing bisa ditanyakeun ka si kunyuk, kumaha kuduna miara hubungan jeung musuh. Aing jeung si kunyuk lain sobat, tapi leuwih deukeut kana musuh. Ari sipat nu mumusuhan, sanajan sakapeung bisa akur, enas-enasna mah papada ngakalakeun, papada ati-ati, jeung papada taki-taki. Béda jeung sipat nu sosobatan. Lamun dina hiji mangsa kudu mumusuhan oge, nu sosobatan mah sok aya rasa dosa jeung aya rasa karunya. Aing jeung si kunyuk musuh, lain sobat. Éta prinsip aing nu katilu. Tah ilaing mah teu bisa ngabédakeun mana sobat jeung mana musuh. Leuwih tolol deui ilaing teu bisa maca lamun sobat ilaing saenyana geus jaradi musuh."
"Aing hayang niis!! Aing ka dieu lain hayang ngadéngékeun bacot sia! Aing hayang niis, hayang niis!!" nu ngajoprak ngagerem ambek.
"Niis-niis tujuhpuluh! Kumaha aing bisa cicing lamun ilaing nu salila ieu ku aing dianggap jelema geus jadi kunyuk. Leuwih rawun batan kunyuk musuh aing!"
"Gandéng!!! Ulah ngaganggu aing!" Sutawira ngagorowok.
"Na aing teu kaganggu ku ilaing? Ieu téh lembur aing deuleu!"
"Sakali deui calangap ku aing diwejek siah!"
Sakadang kuya ceuleugeug, ngong ngawih bari jendil, bari gual-géol, "Cirr gobang gocirrrr …"
Tapi sakilat nu ngeueum cengkat. Kek batok kuya diranggeum satakerna. Jung dijungjungkeun. Pok hohoak, "Kuya bangkawarah!" teup kana batu badag nu ngajugrug di sisi leuwi. Leungeunna diheumbatkeun rék malédogkeun kuya ka batu nu gedéna tanding gajah. Tapi can gé leungeunna ngayun deui ka hareup, peletak, sirahna aya nu malédog ku batu sagedé indung suku. Gebru, nu rék ngabantingkeun kuya téh ngajurahroh, nyangsaya dina sela-sela batu walungan, kapiuhan.
"Kumaha jadina alam dunya, mun sakadang monyét teu dibarengan ku sakadang kuya!" ceuk sakadang monyét bari ngepruk-ngeprukkeun dampal leungeunna. Jleng ngadeukeutan sakadang kuya nu engap-engapan kénéh. Regenyeng digigiwing, lung dialungkeun kana leuwi. Gujubar. Leuweung simpé deui.
?
HUJAN wuwuh ngagebrét basa di kantor pulisi aya konperénsi pérs téh. Wartawan geus ngagimbung di aula. Geus élékésékéng lantaran Komandan Pulisi can jebul baé ti kamarna. Bareng jeung sora gelap ngajelegér, bray panto kamar gawé Komandan Pulisi muka. Katempo Komandan Pulisi ngagégag muru tempat wartawan ngagimbung.
Sanggeus tarapti, pok Komandan Pulisi nyarita, "Nuhun kana kasumpingan sadérék sadayana. Hapunten upama poé kamari sim kuring rada babalicetan. Sababna mah tangtos ku saderek kama´lum, pihak rumah sakit teu acan tiasa nangtoskeun naon saleresna kajantenan anu tumiba ka Bendahara Suta." Komandan Pulisi ngusap tarangna, tuluy ngalelekan satumpuk keretas hareupeunana. Pokna deui, "Sacara médis bisa diterangkeun yén Bendahara Suta ngalaman geger otak ringan lantaran sirahna kabitur barang lonyod. Ngan anu masih kudu ditalungtik téh naha manéhna aya nu malédog atawa labuh tuluy sirahna nenggel kana batu. Jeung anu kudu ditalungtik téh deuih pangaruhna kana fungsi saraf Bendahara Suta. Anu jadi pertanyaan pulisi, kumaha bisana pangaruh éta insidén ngarobah psikis Bendahara Suta kalawan drastis."
Wartawan séah bari oyag.
Pok deui komandan nerangkeun bari ngagigiwing hasil sekéning ti dokter rumahsakit, "Numutkeun hasil panalungtikan saheulaanan ti dokter spésialis sarap, aya kamungkinan ti awalna kénéh sél otak Bendahara Suta geus kaganggu nepi ka aya sawatara karuksakan jaringan sél. Bisa jadi sababna mah tina déprési. Turug-turug aya insidén anu ngabalukarkeun otakna eumeur. Wajar lamun kondisina jadi siga ayeuna."
Cung, aya wartawan ngacung, "Komandan, saupama Sutawira teu bisa dipariksa ayeuna-ayeuna lantaran kondisina teu ngamungkinkeun, kumaha pangaruhna kana prosés hukum pikeun mémérés kasus korupsi di Pasar Héwan?"
"Ieu nu jadi masalah," témbal Komandan Pulisi. "Pikeun néwak saha baé anu kalibet kana éta kasus, gumantung pisan kana katerangan Sutawira. Bisa jadi nu kasangka ayeuna sarta geus ditahan ku pulisi bisa bébas deui saupama euweuh bukti kuat anu nuduhkeun yén maranéhna enya-enya kalibet. Sutawira téh saksi konci anu bisa ngungkab sagala rupa masalah di Pasar Héwan. Kari-kari jinisna ayeuna ngalaman kacilakaan."
Cung deui, awéwé, "Komandan, bisa jadi Bendahara Suta ngahaja rék dibérésan. Sabab lamun teu kitu, bakal réa jalma anu kaancam sarta kudu dikandangan dina bui. Aya nu melak halimun, sangkan ieu kasus teu ngarémbét. Kumaha analisa pihak kapulisian?"
"Pulisi lain tukang ngaanalisa, pulisi perlu bukti!" témbal Komandan ayem.
Cung deui, cung deui, cung deui. Méh kabéh wartawan ngacung siga talajak barudak TK.
Tapi aya hiji wartawan anu nanya kieu, "Saenyana kaayaan Bendahara Suta téh kumaha, Komandan? Mun gering kumaha geringna? Mun gélo kumaha gélona?"
Komandan rurat-rérét ka anak buahna nu ngajajar di sisi-gigireunana. Anak buahna ngabaretem, kalah papelong-pelong. Sanggeus ngarénghap, pok Komandan ngajawab, "Rada anéh puguh sarta pulisi can bisa nangtukeun naha Sutawira kaganggu jiwana, atawa ukur akal-akalan. Mun ditanya mah siga nu ngarti, sanajan sakapeung siga nu teu waras. Ngan aya kabiasaanana anu matak ngajéngkélkeun. Unggal ditanya ngajawabna téh sok dipiheulaan ku ‘kuk´. Mun teu ngarti sarua ‘kuk´. Aya kalana mun keur sosoranganan ogé, kak-kuk wé gawéna téh.."
Wartawan séah, sawaréh ngabarakatak teu kaampeuh.
Konperénsi pérs karék bubar pukul lima soré kurang tujuh menit. Girimis ipis masih miripis. Cileuncang ngeyembeng kénéh. Tapi panonpoé soré sakitu mabrana kawas hayang méstakeun langit. Sawaréh cahayana ngalukis méga nu nyésa ayang-ayangan.
Waktu wartawan balubar ti aula, clu-clé kana mobilna séwang-séwangan nu umumna teu kaitung butut, aya hiji wartawan nu ngajanteng di pipir aula. Tina riukna mah siga panasaran kénéh kana kasus nu bieu digelar ku pulisi. Saliwatan mah siga gémbél. Buuk ngawigwig siga langka ngambeu sisir. Calana jeung jakétna belél jeung kucel. Kacamatana rumeuk siga tara ngambeu elap. Euweuh hiji gé tanda anu nuduhkeun yén manéhna téh wartawan, komo nilik kana dedegan mah, nya begang nya jangkorang. Tapi di lingkungan pulisi manéhna dikenal ku sesebutan wartawan Burdan. Rét ka langit, sorot layung mani mabra. Bus deui manéhna ka aula.
Pulisi nu mawa map gancang ngadeukeutan. "Punten, can kabagi rupina nya!" pokna, bari golosor ngaluarkeun amplop sarta muka buku satengah polio. "Tawis wé di dieu!"
Tapi wartawan Burdan ngacungkeun leungeunna tanda nolak dibéré amplop. Manéhna laju ka kamar komandan, bari pokna, "Aya tanyakeuneun kénéh ka Komandan, panasaran euy."
Rekét muka kamar gawé Komandan Pulisi. Tapi manéhna teu laju asup lantaran di hareupeun méja Komandan Pulisi bet ngajajar kunyuk aya limana. Komandan Pulisi ogé geus ngagagandong batokna, siga rék mindahrupa jadi kuya.
Sanggeus lila ngaheneng di hareupeun panto kamar Komandan Pulisi, wartawan Burdan gancang kaluar deui. Antaré manéhna ngagandeuang kaluar, bari semu bingung jeung teu puguh laku. Jol kaluar téh kaayaan hégar pisan. Najan girimis ipis masih ngepruy, tapi layung nu ngempur di langit matak betah nu bibiricitan di jalan.
Barasat aya katumbiri meulah langit. Salah sahiji buntutna siga nutug ka kebon awi nu teu jauh ti asrama pulisi. Wartawan Burdan geuwat ngajugjug ka dinya. Leumpangna ayeuna mah semu rusuh, siga sieun katinggaleun karéta. Ngiciprit bari teu nyingkahan cileuncang nu nguyumbang jiga pamandian munding. Sapatu jeung tungtung calanana jalibrug gé teu ieuh dipiduli.
Nepi ka kebon awi nu rada caranéom, manéhna ngalungkeun kacamatana. Jaketna gé kitu deui, diuculan sarta dialungkeun sangeunahna. Jen, rep, gibeg. sakedét nétra wartawan Burdan mindarupa jadi Sang Narada, tuluy nété katumbiri nu melengkung caang ka langit.
Teu kungsi lila Narada geus anjog deui ka payuneun Batara Guru nu keur nyuuh dina pangcalikanana. Bari teu nungguan ditalék heula, Sang Narada pok nyarita semu teu sabar, "Gusti, kaayaan di marcapada bakal hésé dibebenerna. Korupsi geus teu ngitung wanci. Ngagalaksak ka unggal laci, tépa ka unggal jelema. Jalma-jalma pada néangan kasalahan batur bari sibuk nyimbutan kasalahanana sorangan. Mun Gusti hayang ngajujut ti mana mimitina jeung kumaha ngabébérésna, tangtos Gusti bakal koleng sorangan lantaran halimun dipelak di mamana."
Batara Guru angger nyuuh.
"Gusti…," Narada melong semu héran.
Tapi taya nu ngajawab.
"Gusti…," Narada rusuh muru nu keur nyuuh. Ana gap, Batara Guru ngeprul jadi tipung tarigu?***(Darpan)
Ha..ha…ha… lucu Kang……, gambaran hirup alam kiwari saleresna kitu pisan. Hatur nuhun parantos dihibur ….!
aya ku kituna, asa ngalaman kajadian siga kitu…….., dimana? teuing ah……….