Miara Basa dina Drama
Dilebetkeun 28-01-2008 04:23
Kategori: Sempalan
RÉA nu hariwang magar basa Sunda baris carem. Éta kahariwang téh dumasar kana kaayaan yén cenah nu maké basa Sunda beuki dieu teh beuki carang. Komo di dayeuh-dayeuh mah, basa Sunda téh aya kasebutna dipikanéh, babakuna ku para nonoman.
Sawangan kitu téh can tangtu ngabukti. Gumantung kana tarekah urang pikeun miara jeung ngamumulé basa Sunda. Geuning di Bandung aya kelompok Teatér Sunda Kiwari (TSK). Komunitas téater nu ngadeg taun 1976 téh hiji-hijina kelompok téater modéren nu husus mentaskeun drama dina basa sunda. Ari nu ngadegkeunana jeung jadi pupuhuna téh Dadi P. Danudibrata.
R. Dadi P. Danusubrata lahir di Bandung 15 Oktober 1950. Mimiti aktif dina dunya téater ti 1970-an, basa masih jadi pagawé negeri di Pemda Kota Bandung. Ti taun 1984 Dadi ngajar téater di Universitas Winaya Mukti Jatinangor-Sumedang. Geus teu kaitung sabaraha kali Dadi magelarkeun drama, boh jadi pamaén boh jadi sutradara. Dadi kaasup tokoh nu yakin budaya Sunda teu pikahariwangeun deuih.
Salila 32 taun, TSK terus narékahan sangkan basa Sunda angger kapiara. Médiana ngaliwatan seni téater. Sabab cék Dadi, dina seni, babakuna seni téater, ngandung atikan moral jeung budaya nu geus ngakar dina kahirupan urang Sunda.
Rupa-rupa kagiatan di TSK téh. Ngan nu geus maneuh mah ngayakeun pagelaran drama sataun dua kali jeung ngayakeun Féstival Drama Basa Sunda (FDBS). FDBS mayeng diayakeun dua taun sakali, ti mimitina taun 1988. Ayeuna geus nyorang nu kasapuluh, tur baris diayakeun taun ieu ti tanggal 11 Pébruari 2008, di GK. Rumentang Siang Bandung.
Festival Drama Basa Sunda 2008
Cék Dadi, ngayakeun FDBS téh miang tina kahayang sangkan drama basa Sunda bisa jadi pribumi, lain jadi pintonan nu anéh. Lian ti éta, jauhna mah bisa milu narékahan keur ngamumulé basa Sunda.
Nilik tina pangbagéa jeung sumanget nu milu féstival mah, hawar-hawar bisa ngajawab yén basa Sunda téh moal musna. Jumlah patandang ti taun ka taunna téh terus nambahan. Barang mimiti FDBS diayakeun, patandang téh ukur sapuluh. Dina féstival taun 2004 aya 33 patandang. Ari taun 2006 aya 52 patandang.
Taun ieu, jumlah patandang (nepi ka tanggal 27 Januari) geus aya 66 kelompok téater. Cék taksiran panitia, nepi ka ditutupna pendaftaran (1 Pebruari), jumlah patandang bakal nambahan deui. Patandang teu kawatesanan di wilayah Jawa Barat jeung Banten wungkul deuih. Komunitas-komunitas Sunda di luar Jawa Barat gé kaci miluan. Taun ieu aya dua patandang ti Yogyakarna nu geus daftar téh.
Réana jumlah patandang téh, sahenteuna bisa némbongkeun yén basa Sunda aya kénéh nu resepeun, pangpangna barudak ngora. “Kedah jadi patarosan sadaya, di hiji pihak seueur nu nyarios yén barudak ngora teu daraék maké basa Sunda, tapi kanyataanana ngalangkungan FDBS mah barudak sarumanget kénéh maké éta basa, paling henteu diajar basa Sunda,” cék Dadi.
Padahal kagiatan téatear téh salah sahiji kagitan seni nu hésé. Kudu ngumpulkeun pamaén, nu ngamusik, artistik, kostum, jsté. “Nyieun grupna gé tos sesah, teu acan sutradarana, komo deui dina ieu féstival kedah nganggo basa Sunda,” cék Dadi.
Seni téater mémang gedé poténsina pikeun mincut barudak ngora. Lian ti éta, katineung kana basa Sunda gé bisa cukang lantaran ieu féstival nambahan patandangna.
FDBS mah can diwilah-wilah dumasar kana kritéria husus. Cék Dadi, kiwari mah masih kana ngudag kuantitas, tapi ka hareupna FDBS teh rék dibagi-bagi luyu jeung katégori nu bakal ditangtukeun. “Akang hayang némbongkeun yén kelompok teater loba pisan, barudak ngora nu minat kana téater jeung budaya Sunda réa deuih. Hayang ngajawab sawangan yén cenah basa Sunda teh bakal musnah.” pokna.
Ngayakeun FDBS téh teu gampang, pangpangna mun dipatalikeun jeung waragad. Bantuan ti pamaréntah saeutik pisan, kitu deui pihak swasta teu bisa diandelkeun. Antukna panitia saban rék ngayakeun acara teh but-bet néangan duit sorangan.
Padahal payus mun FDBS teh diasupkeun kana agénda jeung anggaran rutin pamaréntah dina widang budaya. Komo mun dipakaitkeun jeung Perda No. 5 Tahun 2003 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra, jeung Aksara Daerah mah, FDBS téh bisa jadi kagiatan nu éféktif keur ngaréalisasikeun éta Perda.
“Kahayang téh ka hareup mah TSK ngan pelaksana wé, keun waragad mah teu kudu mikiran siga ayeuna. Cape saenyana kikieuan téh. Tapi da urang kudu tanggung jawab jeung tuluy narékahan sangkan basa Sunda téh dipiara.” cék Dadi.
Lain panitia wungkul deuih nu heureut pakeun téh. Patandang gé, keur mentaskeun drama dina féstival téh, réréana mah néangan waragad sorangan. Najan aya ti antarana nu diwaragadan ku pamaréntah kabupatén.
“Maranéhna teh pajoang. Datang ka Bandung rék tarung, kuduna mah réa nu ngarojongna. Teu aya nu éléh atawa nu meunang, sadayana gé meunang. Meunang, lantaran boga tarékah sangkan budaya jeung basa Sunda terus nanjeur.” cék Dadi.***(YA)
sae pisan ka tampi