Mistéri Lembur Cipeuting - 1
Dilebetkeun 12-01-2008 07:20
Kategori: Carita Mistéri
Ku A. Sundira
GEUS reyem-reyem basa amitan ka nu boga imah téh. Si Among mah katémbong betaheun kénéh, da basa diajak balik mani kalékéd naker. Kitu deui nu dianjangan, Nyi Isah, bangun nu sungkan ditinggalkeun. Basana téh mending mondok waé, melang balik peuting mah, mangkaning ka Bandung téh jauh. Ari kuring, da dina kayidna gé daék nganteur sotéh mun henteu nepi ka meuting.
“Kagok sareupna mah, mending engké ngadagoan isa,” cék Si Among, sabot Nyi Isah asup ka patengahan. Ngomongna satengah ngaharéwos.
“Silaing betah sotéh, da ngadekeman nu donto. Aing mah ngahodhod deuleu, na teu karasa hawa sakieu tiisna?”
“Kalem wé da maké mobil, nu nyupiranana déwék, silaing mah moal capé.”
“Henteu capé mah, ngan cangkeulna kabina-bina. Ti tengah poé mendeko sila…”
“Lah, da teu unggal poé ieuh…”
Jempling sakedapan.
“Kang, Kang Among…” kadéngé nu gegeroan ti patengahan, kahalangan ku bilik. Si Among ngarérét, terus nyéréngéh teu uyahan. Kuniang cengkat.
“Dikantun heula…” pokna.
Disangka rék sakeudeung, na ari pleng téh teu embol-embol. Dipapantes téh tuluy ngaharékok di enggon. Rék digeroan sieun matak gareuwah. Tungtungna mah ngahuleng sorangan. Kop kana udud. Ngadon ngalamun wéh.
Mangkeluk Among, ku teu euih-euih, kitu cék haté. Basa kamari manéhna ngajak, dadakuna mah cenah urusan dines, urusan kulawarga. Na ari nepi ka nu dituju, horéng nepungan awéwé. Barang jol gé saenyana mah geus mentegeg, hadéna bisa meper kakeuheul. Éta nu pikasebeleun mah, basa amitan ka pamajikanana, bébéjana téh “aya tugas ka luar kota”.
Kakara nyaho bieu, cenah nu ditepungan téh popotonganana baheula. Ayeuna geus jadi randa.
*
BARI balik, mapay jalan nu geus mimiti poék, Si Among teu eureun digelendeng.
“Cik atuh ari tempat hara-haraeun mah montong diasruk teuing, enya gé di dieu aya randa. Asa katipu aing mah!”
Nu diajak ngomong mah kalah sarangah-séréngéh.
“Nya éta, mun jujur ti kamari mah meureun silaing moal tulus milu. Ngan omat wé sing bisa nyekel rusiah.”
“Wah, rék dibéjakeun! Urusan liwar mah ulah dibuni-buni!”
“Geulis kénéh, pan?”
“Nyao, déwék mah teu nelek-nelek. Cangkeul wé nu puguh mah, bujur asa dipaku da silaing ngadon ngaharékok di enggon!”
“Cék saha di enggon?” manéhna muncereng.
“Geuning mani pleng-les, déwék gé nepi ka béak udud lima batang. Caritana wé sakedap.”
“Ngupahan heula tadi téh. Nyi Isah embung ditinggalkeun…”
“Embung ditinggalkeun atawa silaing nu embung balik?”
“Geus, geus, teu hadé paséa peuting-peuting. Lain euy, jalan téh mani suni kieu, poék meredong. Asa teu katémbong réa mobil, ukur hiji-hijieun nu ngaliwat téh…”
“Lembur nanahaon nu tadi téh ngaranna?”
“Lembur Citamiang… kituna mah lembur nyungseb, jauh ti kota…”
Enya wé, basa disidik-sidik, sapanjang nu kaliwatan téh tatangkalan nu jarangkung. Mobil teu bisa gancang da jalanna goréng. Si Among nyupiranana bari ngelepus udud.
“Silaing teu karunya ka pamajikan?”
“Hih, puguh wé karunya mah!”
“Déwék mah ukur ngélingan, euy, pédah wé ka babaturan. Geus lah, tong ditepungan deui, kajaba mun silaing boga niat nyandung. Tapi déwék yakin Si Néni moal ngidinan. Bakal milih ditalak batan dicandung mah!”
“Déwék mah ukur nyacapkeun kapanasaran. Minggu tukang aya nu talatah, Nyi Isah hayang ditepungan. Mun teu digugu, bisi matak gering, pan ngadorakeun batur tah. Teungteuingeun ngaranna…”
“Nya éta atuh, jéngkol onaman aya usumna…”
“Tapi nu leuwih pantes mah tatanggana. Kakara nincak dua puluh, awakna gé pepel kénéh. Pista euy, pédah ku kolotna dikawinkeun ka aki-aki. Lila-lila mah diserahkeun. Bisi silaing rék ngeureuyeuh?”
“Najis teuing. Dua likur kali aing mah mikirna gé. Kahiji, lemburna jauh, lain jugjugeun méméh mumuluk. Kadua, nya teu nyaho kumaha haatna pamajikan déwék? Paralun, déwék mah ulah nepi ka katuliskeun jurig nyéléwér ti pamajikan!”
“Pan ari hirup téh kudu aya paréasina!”
“Meugeus lah, montong maké alesan kliseu. Kira-kira jam sabaraha nepi ka imah? Isuk kudu gawé euy!”
“Nya sarua déwék gé. Ayeuna jam salapan… kira-kira lima jam deui lah!”
“Bedul! Naha lila-lila teuing?”
“Pan anu sajamna mah nyimpang di warung. Resep euy, nu ngaladanganana daronto!”
“Geus dinya deui baé…”
Hawa karasana beuki nyecep. Kaayaan tambah simpé. Sapanjang jalan pinuh ka kakayon. Asa teu katémbong aya deui lembur.
“Lain euy, urang téh asa keur nyorang leuweung geuning?’ cékéng bari mesat udud.
“Sakeudeung deui nepi ka jalan nu rada gedé…”
“Balangsak geuning lalampahan, horéam ngaduakalian déwék mah.”
“Saré wé atuh, ti tatadi katénjo merelek heuay…”
“Déwék saré mah meureun silaing euweuh batur ngobrol… kajaba mun dina ieu mobil aya nu… milu!”
“Heup, heup, baku ari geus ngaheureuyan téh. Nya teu nyaho déwék borangan?”
Kuring ngadayagdag kana pangdiukan. Panon rada peureum, da puguh enya ti tatadi asa tunduh pisan. Si Among sajeroning nyupiran téh bari hahariringan, tamba keueung tayohna.
“Tah, geus nepi ka jalan gedé ayeuna mah…” pokna, kadéngéna asa hawar-hawar. Kuring gentak beunta. Enya wé, jalan téh karasana teu cara nu tadi. Mobil ngadius rada gancang. Ngan ari kaayaan mah angger harieum. Belegbegna tatangkalan siga suku buta nu keur ngajega. Éstuning simpé, nu kadéngé ukur gerungna sora mesin. Geus mimiti ngaliwatan imah, tapi ukur hiji-dua, ancal-ancalan.
“Wewengkon naon ieu téh?”
“Teuing, rada lebeng ti peuting mah…” walon Si Among.
“Ari sugan geus nyaho tukang ngaprak mah.”
Lebah warung sisi jalan, mobil téh ngalaunan. Reg eureun. Geus teg, tangtu Si Among rék sumpang-simpang téa. Da katémbong, sisi jalan aya wangunan leutik, dicaangan ku lampu reyem-reyem.
“Meugeus lah, montong sumpang-simpang. Bisi peuting teuing!”
“Eureun sotéh lain rék nyimpang…” pokna bari nyetater mobil sababaraha kali, tapi teu daék hirup. “Urusanana geus liwat ti gawat ieu mah… béngsin béak!”
“Gélo! Na mani teu tarapti atuh!” kuring ngajenghok. Rét ka kénca ka katuhu, harieum. Ukur wangunan leutik sisi jalan nu katénjo téh.
“Nya éta atuh…” cék Si Among bari haben nyetater mobil. “Tadi mah asa réa kénéh, angkeuhan téh bakal nepi ka kota mah. Enya, sidik béak béngsin. Jadol téh!”
“Teu kudu kutuk gendeng sorangan. Bongan saha. Ari déwék mah da bororaah inget kana béngsin…”
“Sarua déwék gé…”
“Geus karuhan ari silaing mah, da tangtu dina uteuk téh ukur beungeut Nyi Randa. Kumaha ari geus kieu? Mangkaning geus jam sawelas deuih…”
“Tapi aya untungna euy, béak béngsin téh lain di tempat nu tadi. Coba mun di leuweung, reuwas jeung keueung tangtuna gé. Hayu turun heula!”
“Hayu ka mana?”
“Urang ka warung. Meujeuhna nginum kopi wayah kieu mah, sakalian nanyakeun sugan aya nu dagang béngsin lebah dieu…”
Bari kutuk gendeng muka panto mobil téh. Ti lebah lawang warung katémbong aya nu ngajanteng, awéwé. Leungeunna gugupay, tapi semu asa-asa. Si Among miheulaan asup ka warung. Kasampak di jero aya lalaki tiluan, keur patingkelepus udud bari nyanghareupan cikopi.
“Badé ngadamel kopi?” cék éta awéwé. Dangdananana bangun anu “dienyakeun”, biwir burahay, beungeut camerok ku wedak. Katémbongna mah ngora kénéh.
“Enya, kopi dua. Nu hiji tong maké uyah!” Si Among nu ngajawab téh.
“Har? Na ti iraha aya kopi diuyahan?” Si Awéwé kerung.
“Kopi diuyahan mah hargana sok béda. Geus lah, jieunkeun wéh, tiris yeuh…”
Diuk téh pagigir-gigir jeung tilu lalaki nu keur ngariung. Sakapeung kadéngé patingcacakak. Si Awéwé sajeroning ninyuh kopi téh teu weléh umat-imut. Meus-meus rét ka Si Among, semu ngelétan. Geus béda galagatna ieu mah.
“Marulih ti mana atuh?” pokna bari nyodorkeun kopi ngebul kénéh dua gelas.
“Ti Citamiang…” walon Si Among.
“Euleuh, geuning tebih? Tas naon ti ditu?”
“Ti imah ran…” teu kebat ngomong téh da Si Among kaburu nyigeung.
“Ti imah rangkay… héhé, maksad téh, nuju ngadamel bumi di ditu.” pokna bari alangah-éléngéh.
“Ari linggih di mana kitu?” éta awéwé teuing ku talété.
“Di… di Bandung…”
“Har? Naha tebih-tebih ngadamel bumi di dieu?”
“Kanggo pun Bapa. Kaleresan gaduh réréhan di Citamiang…” Si Among geus kapalang tayohna téh, da mani teu euleum-euleum.
“Oh, kitu nya… Mangga atuh dileueut!”
“Nyalira baé, Néng?”
“Duaan, sareng Inah. Mung Inah mah nuju aya tugas.”
“Tugas?”
“Lah, mani teu ngartos.”
“Muhun, muhun. Naha Enéng henteu tugas kitu?”
“Pan ieu gé, ngaladangan kopi téh tugas…”
Tayohna téh, geus lat wé poho kana mobil nu béak béngsin mah. Si Among kalah ka anteng ngobrol jeung Si Awéwé. Keuheul nénjo kitu mah.
“Sing inget euy, mobil urang téh béak béngsin!” kuring ngaharéwos. Manéhna nyéréngéh. Rét ka Si Awéwé.
“Néng, cik manawi terang, sugan palih dieu aya nu icalan béngsin…”
“Naha da dieu gé aya, Kang? Badé sareng naon?”
“Béngsin wé wungkul…”
“Piraku teu jeung réncangna. Bakal raos kitu?”
Kuring mimiti kerung.***(hanca)
iraha yeuh terasna? janten panasaran