Mun Geus Ngarang
Dilebetkeun 19-09-2007 04:15
Kategori: Luang keur Nu Ngarang
AYA pangarang nu nulis ukur keur dirina sorangan. Naon wé nu ditulisna mah, sajak, carpon, nepi ka catetan poéan atawa diari téa. Manéhna ngarasa tinemu jeung kasugemaan mun tulisanana geus anggeus, dibaca deui, disimpen téang-téangan sorangan. Teu ieuh mikiran, naha éta karangan téh dibaca ku batur atawa henteu.
ya deui nu ngarasa sugema téh mun kangaranana geus dibaca ku batur, boh diasongkeun ka nu pareng panggih, boh dimuat dina média massa. Kareueusna baris témbong mun éta karangan aya nu mairan—komo aya nu muji mah. Atuda tong boro geus ngajanggélék jadi karya, ti keur dina uteukna kénéh gé geus diuar-uar.
Teu kurang-kurang deuih, nu sok rajeun kutrat-kotrét, tapi tara sabar. Mun keur nulis hayang buru-buru anggeus, mun geus anggeus hayang gancang dikirimkeun, mun teu dimuat waé haben ditatanyakeun.
Palebah nyungsi kasugemaan ngarang, bisa jadi unggal pangarang gé béda-béda. Aya nu sugema ku nulis sajak, carpon, novél, atawa éséy nu ngawadahanana pamanggihna. Aya nu sugema pédah karyana dibaca ku batur, dimuat dina média massa, dihonoran, atawa pédah karanganana dipuji ku nu lian.
Rék naon baé tujuanana, ari geus ngajanggélék jadi karya mah sageuy nepi ka mubah. Pan hésé néangan nu leukeun nulis téh, komo di urang mah. Henteu réa nu nyempetkeun waktu keur kutrat-kotrét, angot dina usum riweuh siga ayeuna.
Nyaéta puguh gé, mun dipikir-pikir mah, di urang mah ngarang téh bangun pagawéan pangangguran, tamba ngalamun, tamba cicing. Éstuning matak kerung keur nu uteukna mikiran bisnis mah. Kudu tatahar heula pakakasna, keretas, mesin tik, komputer jeung printerna. Geus nyampak pakakasna, hayoh ngahuleng mikir—bari sakapeung mah teu maliré ka sisi ka gigir. Ari pék téh deuih, basa dikirimkeun ka media massa, teu dimuat-muat.
Naha ngarang téh pakasaban? Enya, mun urang hayang daria neuleuman éta widang. Lain sambilan, lain tamba euweuh cabak. Di nagara deungeun mah pan teu kurang-kurang jelema nu sapopoéna ngadeluk nulis, teu eureun nyieunan buku. Hasilna, nya nu hadé milik mah bisa nyukupan kahirupanana, malah lubak-libuk siga J.K. Rowling nu “dibayuan” ku Harry Potter. Atuh di urang gé, réa nu neuleuman éta widang téh. Malah di antarana aya nu ngundurkeun diri tina pagawé negeri lantaran hayang jongjon nulis.
Mun ngarang rék dijieun pakasaban, nya tangtu kudu aya “pameulina”. Kahiji, kumaha sangkan karya urang bisa ngungkulan pangarang lianna, nepi ka mun ngirim naskah ka media massa atawa ka penerbit téh henteu “diliwat” ku redaktur. Ieu téh tangtu réa pakaitna jeung kamampuh urang nyangkem téhnik ngarang. Kadua, lantaran rék dijieun pakasaban téa, nya ulah nepi ka pegat. Nyiar tarékah sangkan idé henteu kateug, sangkan ngarang tetep mayeng. Méméh hiji pangarang bisa moyan tur karyana midang di saban média, boa ditebus heula ku kasabaran—pangpangna sabar mun karyana ditolak ku redaktur.
Mun ngarang téh ukur kalangenan, nulisna gé bisa jadi kakapeungan. Siga pangarang nu gumantung teuing kana datang “mood”, bari teu engeuh yén saenyana “mood” téh bisa ditéangan. Tapi tangtuna gé, lain hartina karanganana baris goréng.
Nu ngarang ukur sambilan, bisa jadi henteu mikiran teuing naha tina pagawéanana téh bari ngahasilkeun duit atawa henteu. Malah ku téknologi internét mah, pangarang nu ngarasa kurang “kahiap” ku média konvénsional, midangkeun karya-karyana di dunya maya. Sasatna bisa sakarep-karep dina internét mah, rék ngamuat naon baé, rék sakumaha panjangna, da puguh dapur redaksina diurus ku sorangan. Komo saprak internét anjrah ku blog (tina weblog, rohangan dina internét nu midangkeun karya-karya pribadi). Réa nu haratis deuih, teu kudu nyéwa.
Midangkeun karyana dina blog, bisa jadi éta gé kasugemaan keur pangarang mah.*(dadansutisna@cupumanik.com)
abdi teh gaduh karangan tapi asa teu pede wae mun bade dikintunkeun, sieun teu dianggo….. upami disuhunkeun waktosna kanggo nitenan karangan abdi kinten kintena pangersa kersa teu? tp haratis hehe hatur nuhun….