Ngabanjir

Ku Darpan

NGABANJIR téh teu salawasna patali jeung caah. Dalah keur holodo mentrang-mentring gé sok aya baé nu ngabanjir. Malah sakapeung mah, nya keur halodo réa nu ngabanjir téh. Teu pati nyaho kumaha sasakalana nepi ka timbul istilah ngabanjir. Ngan mun ditilik-tilik tina kabiasaanana, ngabanjir téh sigana pagawéan nu dilakonan waktu cai keur banjir. Henteu keur saat ngolétrak atawa orot.

Ngabanjir téh nguseup kapiting. Éta téh salah sahiji cara keur ngala kapiting. Cara séjénna aya ngorék, nyaduk, atawa sakapeung bisa diimpesan. Minangka nu lumrah mah ngabanjir jeung ngorék. Ari nyaduk mah ari kabeneran baé. Kitu deui masang impes (samodel bubu nu wangunna silinder), apan éta mah keur ngala hurang. Hanas sok aya kapiting asup, nya kapitingna baé nu "bodo".

Keur leutik sok ngabanjir téh. Di émpang, nu réa kapanggih di wewengkon Pantura. Tambakan atawa balong gedé meureun cék urang Priangan mah (dina basa Indonésia sok disebut tambak). Biasana keur budak kawas kuring mah jadi pagawéan sambilan keur nambah-nambah bekel jajan. Atawa ngahaja keur néangan deungeun sangu, tamba dahar karo uyah.

Aya sawatara parabot keur ngabanjir téh. Kahiji tangtu baé banjiran, samodél useup nu maké jeujeur, tali kenur, jeung kawat. Kadua caduk, samodél panyaeur nu gagangna panjang. Katilu kembu atawa korang, keur wadah kapiting.

Ngabanjir mah tara cukup ku dua atawa tilu banjiran. Malah sok nepi ka puluhan jeujeur. Eupanna belut nu ditiir maké kawat nu dipelengkungkeun jeung dikaitkeun ngarah belutna teu babari leupas. Panjang kawatna kira-kira 20 cm. Biasana sok dijieun tina jari-jari sapédah nu geus teu kapaké. Kuat deuih, teu babari potong. Kitu deui talina, lain ku kenur paranti nguseup lauk, ieu mah tambang leutik tina bahan kenur nu sok dipaké bahan nyieun jaring badag.

Méméh ngabanjir ngala eupan heula. Lain ku cacing, tapi ku belut. Diurek. Ngan teu leukleuk siga ngurek di sawah. Teuing da baheula mah di émpang téh balatak ku belut. Lain belut konéng, ieu mah belut kokok, nu bodas lebah beuteungna. Jeung teu panjang sarta gedé siga belut sawah deuih. Pangna disebut belut kokok, da sok disada kok-kokan. Disebut balatak téh, lain baé babari ngalana, tapi mun pareng émpang diobat (istilah keur ngaberesihan émpang tina hama bandeng atawa hurang) bangké belut téh kuat ka ngampar.

Ari prak-prakanana, banjiran nu puluhan jeung dieupanan ku belut téh ditegékeun di sisi émpang, anggangna antara 20–30 méteran. Geus kitu mah kari ditungguan kira-kira saparapat jam. Engkena terus diludang dipapayan baé hiji-hiji bari mamawa caduk jeung korang sarta tali keur miting kapiting, dijieun tina jukut jékéng nu dipékprékan. Sanggeus aya rapia mah, nya ku rapia miting téh.

Bisa dicirikeun, nu mana banjiran nu kasanggut. Biasana talina manteng atawa ngésér ka sisi, tanda belutna digusur ku kapiting. Tah mun aya nu kasanggut, narikna teu sagawayah. Komo disakalikeun jiga nguseup mah. Ieu mah kudu aplén jeung sabar. Sababna mah eupan téh teu didahar tuluy asup kana beuteung kapiting. Ieu mah apan ukur dicapit bari didaharna dapon digayem.

Ngan aya sipat "goréng" kapiting, tur éta pisan nu dimangpaatkeun ku tukang ngabanjir téh. Éta geura, mun geus ngeukeuweuk belut, atawa dahareun naon baé, kapiting mah tara ieuh ngépéskeun. Tah, mun belut dina kawat banjiran ditarik ti darat gé, kapiting mah tuluy milu, kajeun kagugusur. Tangtu baé lebah ngagusur kapiting téh kudu lalaunan.

Sanggeus kapiting katara ngambang dina beungeut cai, geuwat disiuk maké caduk. Geus aya dina caduk mah teu bisa walakaya. Cara nyiukna gé teu sabongbrong, lantaran kapiting kaasup sato anu teu kaop nénjo jelema, sok gancang birat. Ku sabab kitu, méméh mireungeuh di darat aya nu keur nagog, kapiting kudu gancang dipapag ku caduk. Mun telat, lapur!

"Meruhkeun" kapiting dina caduk nu rada hésé téh. Komo mun kapitingna paluk (sesebutan keur kapiting kahot jeung badag). Bangga téh lantaran kapiting boga pakakas pamungkas nu rada pibahyaeun mun urang sologoto. Capit kapiting, nu ku urang kalér disebut cingkong, nu ranggéténg jeung badag téh, bisa motongkeun tulang curuk. Paling copél bisa matak dewol kulit leungeun. Tur mun geus nyapit, cacapitna aya kalana ditinggalkeun nanceb dina kulit. Ngahaja dicoplokkeun ngarah manéhna bisa kabur. Kawas cakcak nu ngahaja nyoplokkeun buntutna keur kasalametan diri.

Aya carana éta téh, tur rada hésé mun diterangkeun di dieu. Nu puguh ulah nyoba-nyoba néwak kapiting ti hareup. Salawasna urang kudu néwak ti lebah tonggong atawa bujurna, lantaran ka lebah dinya cingkong teu bisa ngadongkang. Sanggeus kapiting karanggeum, gancang dipiting. Tah cara miting gé aya senina. Gubedan tali kudu puguh ka mana heula meulitna, jeung kudu kumaha mageuhanana, sangkan cingkong teu matak jadi bahaya bari teu leupas tina awak kapitingna. Mun leupas téh lebar, da hargana jadi murah.

Geus meunang miting mah kari bus kana korang husus keur kapiting. Pangna disebut husus da wangunna kudu weweg jeung buni. Kangaranan kapiting, kapan dina émbér gé sakapeung bisa naék.

Tangtu baé anu diboro téh kapiting paluk, atawa kapiting bikang nu meujeuhna keur pepel ku endog. Béda hargana éta mah. Tapi dina teu meunang nu kitu gé, sok lumayan baé. Da sok ditétéangan kapiting mah. Bandar hurang atawa lauk gé sok tara nolak mun ditawaran kapiting mah. Dibeuli baé.

Cara tadi kasabit, ngabanjir téh sok jadi pagawéan sambilan. Tapi aya jalma anu ngahususkeun pagawéanana kana ngabanjir (biasana ahli gé kana ngorék). Bisa disebut tukang ngabanjir profésional, da unggal poé pagawéanana ngabanjir, atawa ngorék, ngumpul-ngumpul kapiting keur jualeun, ngaprak ka saban tempat. Sok di mana baé clona, jeung geus apal deui lelewek mana nu réa kapitingna. Biasana di tempat-tempat nu réa kénéh tangkal api-api jeung bako-bako. Da sok di darinya ngaliangna. Ku nu boga émpang gé tara digeureuh-geureuh, da kapiting mah, siga émpéd, wideng, atawa keuyeup, dianggap sato jarah baé.

Ngan ka dieunakeun, mun pareng mulang ka lembur, asa beuki jarang nu ngabanjir téh. Sigana lantaran kapitingna geus langka. Kapan leuweung bako-bakona gé beuki caraang baé. Teu siga baheula keur rembet kénéh, nepi ka manuk rawa gé bisa diuseupan. Ras inget lalakon hiji jalma di basisir Banyuwangi, Jawa Timur, nu toh-tohan ngahéjokeun deui leuweung bako-bako keur nahan abrasi. Ari breng jaradi, ari réa deui kapanggih kapiting cenah. Hanjakal di lembur kuring mah euweuh jalma nu tohaga siga kitu.

Tapi aya deui béja, di Angké mah béjana kapiting téh dibudidayakeun dina karamba. Ngan ngalana tangtu teu dibanjiran. Jeung cenah rasana gé béda jeung kapiting alam nu haréjo semu coklat. Éta baé, mun pareng ulin ka pasar ikan di Angké, Jakarta Utara, kapiting téh enyaan tingjarentul jeung garendut. Boa meunang ngala tina karamba téa. Kari ngangkat ka darat, tuluy dipitingan hiji-hiji.

Ari kuring, ngabanjir téh selang-selang tina tugur émpang pasosoré, bisi aya bango atawa kuntul nu eunteup di lahan pangbibitan bandeng. Sakali eunteup, mun teu gancang digegebah, sok siringan papacokna téh. Jeung sakapeung mah tara sieun dihoyah-hoyah, kudu diudag baé dideukeutan, atawa dibedil! Tah bari kitu ngabanjir téh.

Ayeuna mah kari waasna.****

Ngalebetkeun komentar