Ngarang, Diajar Ngarang

"TAH keretas jeung pulpénna. Mun hayang leuwih énténg, yeuh atuh maké komputer. Prak, geura ngarang."

Keur nu geus parigel mah, mun aya nu nitah kitu téh, moal hésé-béléké. Tinggal trét baé nulis. Tapi kumaha mun ninggang ka Si Waru, nu can kungsi ngarang sakotrét-kotrét? Moal boa ngahulengna téh. Manéhna tangtu nanya, naon ari ngarang téh?

Méméh ngajawab "naon ari ngarang", saenya urang ku nanya heula ka Si Waru: naha bet ngarang? Éta pananya kacida pentingna keur saha waé nu boga karep jadi pangarang. Sawatara waktu ka tukang aya nu ngirim naskah ka Cupumanik, mani sabebed, ti guru basa Sunda nu cenah geus méré tugas ka muridna sangkan nyieun karangan. Hasilna terus dibikeun ka Cupumanik, sina dimuat. Katémbongna, karéréaan barudak mah daékna ngarang téh lantaran dibéré pancén ti guruna. Buktina loba nu asal jadi, malah teu kurang-kurang nu niron tina karangan nu geus nyampak.

Ngarang, tangtuna gé, kudu kajurung ku niat tina haté sorangan. Lain dititah ku batur, lain lantaran tugas. Datangna niat téh bisa jadi lantaran "kabita" ku pangarang nu geus moyan, atawa mémang hayang ngedalkeun kereteg haténa. Cék Si Waru: "Enya atuh, pangna kuring rék ngarang téh lantaran geus boga idé. Terus ayeuna kudu kumaha?"

Nya tinggal trét wé. Modal mimiti, asal bisa maca jeung nulis. Unggal jelema ari nulis surat baé mah meureun kungsi. Dalah budak SD gé apan ayeuna mah geus bisa SMS-an, éta téh kaasup ngarang. Har, geuning babari? Emh, urang anggap babari wé atuh, nya. Tapi, ké, ké, najan nulis SMS gé disebut ngarang, geuningan béda jeung carita pondok nu dimuat dina koran atawa majalah?

Mun kitu mah urang watesan wé jejerna. Nu dicaritakeun di dieu téh lain ngarang SMS atawa surat, tapi ngarang keur muatkeuneun dina majalah atawa koran, keur bacaeun balaréa. Tangtu béda deui racikanana. Mun ngarang diibaratkeun kana masak, urang téh rék nyieun kadarahan keur batur, lain saukur diasaan ku sorangan.

Téori Beunang Sorangan

"Kuring tangtu bisa ngarang, lantaran geus mindeng maca buku téori ngarang," cék Si Waru. Saé, saé pisan. Maca téori ngarang mémang perlu. Tapi da ngarang mah lain hal nu téoritis. Teu aya rumus nu jinek ngeunaan formula nyieun karangan nu hadé. Éta téh lantaran pamikiran manusa teu weléh robah ti mangsa ka mangsa, luyu jeung kamekaran jaman.

Jeung pangpangna mah deuih, nu ngarti kana téori gé can tangtu resepeun ngarang. Henteu sakabéh lulusan jurusan sastra—nu cék saréat mah geus hatam kana téori—jaradi pangarang. Ku kituna, dina ieu pedaran, buku téori ngarang mah urang ka sisikeun heula wé. Lain hartina euweuh gunana, ngan saheulaanan mah urang ngandelkeun téori beunang sorangan wé. Mun rék nyieun téori beunang sorangan, carana kieu: ngarang, ngarang, jeung ngarang.

Ngarang Heula, Maca Heula?

Tangtuna gé maca heula. Tapi ka dituna mah bareng wé, maca bari ngarang. Nu disebut "maca" di dieu nyaéta ngimeutan karangan-karangan beunang nu lian. Ngagugunung mangpaat tina maca téh, komo keur pangarang mah. Bari maca téh, kalingtang hadéna mun bari nyangigirkeun kamus—lian ti cikopi téh.

Kahiji, tina maca téh urang jadi terang kumaha ari nyusun kalimah—ieu téh élmu nu pangdasarna saméméh urang ngetrukkeun idé dina karangan. Tina cara nyusun kalimah gé baris katémbong nu resep maca jeung nu henteu mah. Ku maca, urang jadi terang kana élmu tata basa.

Kadua, ngabeungharan kekecapan. Mun ngarang dina basa Sunda, nya sawadina urang kudu jembar ku kekecapan dina basa Sunda. Ieu gé ladang tina maca. Keur nu sok maca tulisan dina basa Sunda mah, moal nyebutkeun yén basa Sunda téh hésé.

Katilu, urang jadi terang kana karya nu hadé. Ieu téh bisa dipaké babandingan jeung karangan beunang sorangan.

Nyieuhkeun Kasieun

Hadé pisan mun ngarang téh jembar réferénsi. Tapi mun réa teuing tinimbangan, riweuh deuih. Sieun salah téa, sieun dipoyok ku batur, sieun goréng. Najan pangarang nu geus moyan gé, angger wé nyebut diajar. Biheung aya karangan anu sampurna atawa bébas tina kritik. Mun haben ngagugulukeun kasieun mah, atuh rék iraha derna.

Inspirasi Moal Saat

"Kuring mah béakeun idé rék ngarang téh…" cék Si Waru. Saenyana mah Si Waru béakeun idé, tapi manéhna horéam ngajéngkat keur néanganana. Idé mah moal nepi ka saat. Ngolétrak sotéh mun henteu ditéangan.

Ari néangan idé, tinggal ngamangpaatkeun ni´mat ti Alloh, panon jeung ceuli. Nénjo aya jelema nu ngaliwat ka hareupeun imah gé bisa waé dijieun carpon. Har, naon nu kudu dikarangna? Kitu meureun cék Si Waru. Paling gé jadi carpon sajajar: aya jelema ngaliwat. Mun ditulis sajalantrahna mah nya kitu pisan. Tapi apan bisa diréka. Kumaha mun éta jelema ngaliwatna téh samenit sakali, ti isuk-isuk nepi ka burit, nepi ka isukna deui? Bisa diracik jadi carpon tah.

Dina ngarang, urang henteu diwajibkeun nyodorkeun téma anyar nu saratus persén orisinil. Bisa jadi datangna inspirasi téh sabada urang maca karangan beunang nu lian. Mun téma mah hiji imah nu keur dipotrét, urang bisa milih ti lebah mana urang rék ngécéngkeun kaméra. Hartina, téma nu geus ditulis ku batur, bisa jadi anyar mun urang nyawang tina sisi séjénna.

Antep Sina Ngocor

Idé geus aya, tapi ngarang mandeg kénéh waé. Éta téh mindeng kaalaman ku pangarang anyar. Kadangkala naon nu rék ditepikeun ku urang ukur nyangsang dina sirah, henteu daék ngencar jadi tulisan.

Pangna kitu téh, bisa jadi réa teuing nu hayang ditulis, nepi ka henteu daék prak. Atawa bingung ti mana ngamimitianana. Teu kurang-kurang nu keur ngarang mandeg dina paragrap kahiji. Asa kurang itu, asa kurang ieu. Asa teu ngareunah dibacana. Asa hayang ngédit deui.

Tadi gé, mun hayang sampurna mah, nyieun sakalimah téh moal teu sapoé mokét. Dina waktu ngarang, hadéna mah naon nu kapikir téh antep wé sina ngocor heula, ulah wani-wani mendet saméméh nepi ka tungtung mah. Urang ngarang téh sarua jeung diajar ngarang.

"Can ngarti kénéh, kalah ka lieur," cék Si Waru. Berekah, Si Waru geus manggih deui idé. Sok, Waru, tuliskeun naon nu teu ngarti téh. Éta gé kaasup ngarang.***(Dadan Sutisna)

4 Koméntar kana “Ngarang, Diajar Ngarang”

  1. ping 26-06-2007 tabuh 14:31Candra

    Berekah maca ieu tulisan, mingkin nambahan pangarti. Hiji mangsa mah hayang pisan ngirimkeun tulisan ka Cupumanik. Pamugi kamanah engkena (hehehe)….

  2. ping 06-07-2007 tabuh 6:02SALMA

    resep pisan maca ieu seratan, asa ngagulidagkeun sumanget kanggo ngarang, masihan motivasi, hatur nuhun…

  3. ping 28-12-2007 tabuh 5:31AAN KURNIASIH

    Alhamdulillah kumaca ieu seratan ngajantenkeun harepan anyar pikeun diri kuring anu geus lila hayang bisa ngarang hususna ngarang basa sunda.

  4. ping 22-01-2008 tabuh 9:14pihatur

    ass.hapunten anu kasuhun reh na simkuring parantos nyutat ieu seratan tapi teu di unggel keun saha nu nyeratna,seratan ieu katampi ku simkuring ti rerencangan ngalangkungan soft copy,saurna seratan anjeuna tapi alim di sebatkeun,ari simkuring langsung percanten we.mudah2an ngajantenkeun pelajaran kangge simkuring. sarebu kali hapunten sareng hatur nuhun parantos masihan wartos. atuh di antos piwejangna simkuring nuju di ajar neuleuman basa sunda. hatur nuhun.

Ngalebetkeun komentar